Mikawanoh Pakeman Basa: Cacandran

JABARNEWS | BANDUNG – Urang mindeng ngadéngé ungkara basa anu unina:

1. Bandung heurin ku tangtung.

2. Sukapura ngadaun ngora.

Ungkara basa anu kitu téh disebutna cacandran. Sakumaha umumna pakeman basa, cacandran ogé geus puguh éntép seureuhna sarta teu bisa dirobah ku hal-hal anu baris ngarobah harti.

Cacandran téh gelarna mangsa bihari, raket patalina jeung sajarah anu kaalaman ku hiji daérah. Jadi caritaan, sumebar tur jadi kacapangan. Eusina nataan atawa nerangkeun kaayaan hiji daérah dina hiji mangsa. Sok aya anu nganggap mangrupa tujuman kana hal-hal anu bakal kasorang. Padahal saenyana mah henteu kitu, ngan pédah kabeneran aya sasaruanana jeung mangsa kiwari baé.

Baca Juga:  Tanah Bergerak di Cibadak Akibatkan Belasan Rumah Warga Rusak

Upamana cacandran “Bandung heurin ku tangtung”. Éta cacandran téh muncul sabada puseur dayeuh Kabupatén Bandung dipindahkeun ti Karapyak (Dayeuhkolot) ka sisi Walungan Cikapundung, ngadeukeutan Jalan Raya Pos, taun 1810. Padumuk Bandung beuki gegek, anu ngagelarkeun cacandran “Bandung heurin ku tangtung”. Nepi ka puseur dayeuh Karesidénan Priangan ogé anu tadina di Cianjur, dipindahkeun ka Bandung (1864). Kabeneran kiwari kabuktian, pangeusi Bandung beuki gegek baé, leuwih-leuwih ti daérah lianna di Tatar Sunda.

Baca Juga:  Kinerja BKPSDM Kota Bandung, DPRD : Kenapa Banyak Jabatan Kosong di OPD?

Cacandran “Sukapura ngadaun ngora” raket patalina jeung Radén Tumenggung Wiradadaha VIII. Taun 1811 éta Bupati Sukapura téh dicopot tina kalungguhanana ku Pamaréntah Hindia Walanda. Diganti ku Radén Tumenggung Surialaga, teureuh Sumedang. Tapi taun 1814 RT Wiradadaha VIII diangkat deui jadi bupati, anu ngagelarkeun cacandran “Sukapura ngadaun ngora”; anu ngandung harti “hirup deui, pucukan deui” anu tadina rék “muguran, ngarangrangan”.

Kota atawa wewengkon anu umurna kawilang kolot jeung kahot anu sok aya cacandranna téh. Upamana baé:

Baca Juga:  Ambu Anne Bupati Purwakarta Modis Dengan Jaket Racing, Ternyata Ini Produsennya

1. Cianjur katalanjuran.

2. Sumedang ngarangrangan.

3. Pangandaran andar-andaran.

4. Galunggung ngadeg tumenggung.

5. Wanayasa macangkrama.

6. Banagara sor ka tengah.

Salian ti cacandran, aya deui lalandihan anu jelas béda jeung cacandran, upamana baé:

1. Bandung Kota Kembang

2. Garut Kota Intan

3. Tasik Kota Resik

4. Bogor Kota Hujan

5. Cirebon Kota Udang

6. Ciamis Kota Manis (Red)

Rubrik Palataran ini diasuh oleh Budayawan, Kang Budi Rahayu Tamsyah.