Ngawangun Kampung Sunda, Mimitina tina Cai

JABARNEWS | PURWAKARTA – Aya hawar-hawar sawatara daérah (kabupaten/kota) rék nyieun Kampung Sunda. Salasahiji tujuanana pikeun tempat déstinasi wisata, di sagigireun pikeun ngamumulé jeung mekarkeun budaya Sunda katut ajén-inajén kasundaanana. Alus wé. Ngan kahadé ulah siga nu enggeus-enggeus. Umumna anu nyieun Kampung Sunda téh ngan fokus kana wangunanana: imah panggung, suhunanana julang ngapak, jeung sajabana. Soal wangunan jeung sabudeureunana mah atuh ngan sabagian tina konsép Kampung Sunda.

Upama urang niténan pakampungan heubeul di Tatar Sunda, umumna diwangun ku tilu bagian: beungeut lembur, tengah lembur, jeung birit lembur; anu masing-masing miboga fungsi pikeun kasaimbangan alam katut pangeusi lemburna. Ari cara nangtukeunana, dimimitian ku néangan cai atawa urat cai. Lebah dieu mah teu béda ti ngawangun imah jaman baheula. Apan mimitina sok néangan heula pisumureun. Carana aya anu ngagorolongkeun nyiru, moé daun isuk-isuk, atawa nyeueung saab di tanah anu rék diadegan imah téa. Tah, di tempat anu loba saabna, di dinya dijieun sumur, da pasti lebah dinya téh déét caina. Ayeuna mah geus tara aya anu kitu téh, komo di kota-kota gedé. Salian ti lahanna geus heureut téh, urusan cai cukup ngandelkeun cai lédeng ti PAM.

Baca Juga:  Anggaran Pilkada dan Pemilu 2024 di Kota Banjar Dipangkas, KPU Usulkan Segini

Tah, ngababakan atawa nyieun kampung anyar ogé kitu. Cai anu munggaran ditéangan téh. Sukur-sukur lamun aya walungan, lembur bisa dijieun di sisi walungan. Dina euweuhna, nya kapaksa nyieun saluran caina (susukan) anu sakirana bisa nyumponan kabutuh sapangeusi lembur. Geus kitu mah kakara nangtukeun tengah lembur jeung beungeut lembur. Anu matak ka ngaran-ngaraning lembur kolot mah, anu dijieunna karep sorangan, tara kabéjakeun hésé cai.

Baca Juga:  Tenggak Miras Oplosan, 1 Remaja Tewas 2 Kritis

Ari birit lembur, geus jelas nya éta tempat anu brasna ka leuweung, minangka tapel watesna nya éta rarambu leuweung. Lebah birit lembur aya kebon, sawah, jeung tempat urang lembur néangan pangupa jiwa lianna, salian ti moro. Da ari moro mah angger wé kudu ka leuweung.

Ari pikeun tengah lembur, néangan tempat anu sakirana bisa kajojo ti unggal madhab pangeusi lembur bari henteu nyapirakeun faktor kaamananana. Di tengah lembur biasana aya imah kokolot lembur, balé tempat kumpulna urang lembur, kaasup aya tanah ngablak samodél alun-alun.

Ti dinya kakara nangtukeun beungeut lemburna, anu biasana sok dipasangan lawang kori atawa ditandaan boh ku batu, boh ku tatangkalan saperti kiara atawa caringin. Pasaratan beungeut lembur di antarana babari kapanggih atawa kanyahoanana ku nu rék ka lembur, boh urang lemburna sorangan boh jalma anyar pinanggih. Mun ceuk basa ayeuna mah meureun babari aksésna. Pasaratan lianna, lamun urang nangtung lebah beungeut lembur bisa awas boh ka nu datang, boh ka jero lembur. Cohagna mah tempat anu strategis. Di antarana pikeun nalingakeun kaamanan di jero jeung di sabudeureun lembur.

Baca Juga:  Puluhan Remaja di Cirebon Terlibat Tawuran, Pakai Senjata Tajam!

Kawasna taya salahna upama Kampung Sunda anu rék diwangun téh ngeunteung kana cara-cara kolot baheula urang nyieun lembur. Tangtu diluyukeun jeung kapentinganana nya éta tempat wisata. Konsépna di nu ngaranna Kampung Sunda téh jelas babagianana: aya beungeut lembur, tengah lembur, jeung birit lembur. (Red)

Rubrik Palataran ini diasuh oleh Budayawan, Kang Budi Rahayu Tamsyah