Pandawa jeung Kurawa Teureuh Barata ti Astina

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Anu resep kana lalakon wayang mah tangtu apal ka Pandawa jeung Kurawa. Malah teu saeutik anu apal kana ngaran tokoh-tokohna ogé.

Pandawa jeung Kurawa téh tokoh-tokoh dina carita Mahabarata. Duanana ogé teureuh Barata. Anu matak waktu perang di Kurusétra katelahna Baratayuda.

Baratayuda téh perang sadulur di antara teureuh (turunan) Barata. Perang marebutkeun kalungguhan di Karajaan Astina.

Pandawa sacara harpiah ngandung harti turunan Pandu. Nya éta Pandu Déwanata anu jadi Raja Astina.

Kurawa sacara harpiah ngandung harti turunan Kuru. Saenyana mah Pandawa ogé sarua turunan Kuru kénéh. Ngan dina carita wayang mah dipaké harti heureutna, dilarapkeun ka anak-anak Prabu Déstrarata.

Ari Déstrarata téh lanceuk Pandu, anak Prabu Wicitrawirya, raja di Karajaan Astina. Saenyana aya deui anak Prabu Wicitrawirya téh, adina Déstrarata nya éta Widura. Ngan éta mah jadi pangaping (penaséhat) di Astina.

Baca Juga:  Kerap Dicuri, Kotak Amal di Masjid Ini Dicor dan Pakai 3 Gembok

Waktu Prabu Wicitrawirya maot, anu jadi raja téh Pandu Déwanata, lain Déstrarata anakna nu cikal. Ari sababna, Déstrarata cacad (lolong) tikudrat, dianggap teu pantes jadi raja.

Pandu boga pamajikan dua nya éta Déwi Kunti Nalibrata jeung Déwi Madrim.

Ti Déwi Kunti boga anak tilu nya éta Yudistira, Bima, jeung Arjuna. Ari ti Déwi Madrim boga anak kembar nya éta Nakula jeung Sadéwa. Tah, anu lima éta anu katelah Pandawa téh, malah sakapeung sok disebut Pandawa Lilima.

Pandu maot mangsa anakna (Pandawa) laleutik kénéh, nya disuluran ku Déstrarata, bari ngadagoan Pandawa sawawa.

Baca Juga:  Termasuk Ridwan Kamil dan Ganjar Pranowo, Ini Daftar Gubernur yang Masa Jabatannya Berakhir pada Tahun 2023

Déstrarata kawin ka Déwi Gandari, boga anak saratus. Caritana mah waktu Déwi Gandari kakandungan, kungsi neunggeulan beuteungna, lantaran keuheul orokna henteu lahir baé. Sedengkeun Déwi Kunti jeung Déwi Madrim geus baroga anak, nya éta Pandawa téa.

Waktu kakandungan Déwi Gandari lahir, anu kaluar téh daging guluntungan. Nya ménta tulung ka Resi Abiyasa, luluhur Pandawa jeung Kurawa, anu katotol sakti mandraguna. Ku Abiyasa éta daging téh dipotong-potong jadi saratus, tuluy ditunda dina kendi.

Sataun ti harita, tina kendi téh tingpucunghul orok, lobana saratus urang. Méh kabéh lalaki, awéwéna ngan hiji nya éta Dursilawati. Ari anu panggedéna Duryudana alias Suyudana, anu engkéna jadi Raja Astina, nyuluran bapana.

Tina saratus urang Kurawa, henteu loba anu mindeng kacatur dina carita wayang mah. Ngan aya sasabara urang baé, di antarana: Duryudana (Suyudana), Dursasana, Dursilawati, Citraksa, Citrayuda, jeung Ugraséna.

Baca Juga:  Elektabilitasnya Anjlok, Airlangga Hartarto Butuh Simpati Masyarakat

Pandawa ngarasa boga hak jadi raja di Astina, da ari Déstrarata mah ukur nyuluran Pandu, bapana téa.

Duryudana sarua, ngarasa boga hak jadi raja di Astina deuih. Lantaran harita bapana nu jadi raja, jeung lanceuk Pandu.

Éta anu jadi bibit buit pacéngkadan téh, nepi ka mangsana kajadian perang sadulur di Kurusétra, anu katelah Baratayuda.

Sok aya anu nyebut “Perang Baratayuda”, saenyana mah kaleuleuwihi. Sabab “Baratayuda” téh ngandung harti “Perang Barata”. Jadi anu merenah mah teu kudu maké kecap “perang” deui saméméhna, cukup “Baratayuda” baé. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.