Ngahiras, Tradisi Gotong Royong Urang Subang

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Ngahiras téh sacara harpiah mah ngandung harti “ngajak atawa nitah gawé”. Tapi di Subang mah ngahiras téh geus jadi tradisi, bari teu kudu diajak deuih. Éstu kahayangna sorangan baé.

Di kalangan masarakat padésaan di Kabupatén Subang, tradisi ngahiras téh masih kénéh aya. Upamana baé dina tani, hajat, atawa ngadegkeun imah.

Dina tani kayaning ngahiras macul, ngahiras tandur, jeung ngahiras panén. Kitu deui mun aya nu hajat, boh nyunatan atawa ngawinkeun. Salian ti éta, mun aya nu rék ngadegkeun, ngaruag, atawa ngarakrak imah jeung wangunan deuih, sok aya anu ngahiras téh.

Baca Juga:  Pasien Positif Covid-19 di Karawang Rata-rata Usia 40-59 Tahun

Miindung ka waktu mibapa ka jaman, tangtu wé ngahiras bihari mah aya bédana jeung ngahiras kiwari.

Baheula mah ngahiras téh éstu teu mandang kana buruhan. Upamana baé ngahiras macul. Nempo tatangga keur ngolah sawah, anu salsé langsung mawa pacul. Kecruk baé macul. Lobaan deuih, matak babari anggeus.

Ti dinya pindah deui ngahiras di sawah nu séjén. Témpo sawahna sorangan kudu dipacul, tangtu loba anu ngahiras, mantuan nepi ka réngséna. Ku cara kitu, tara kabéjakeun aya sawah di lemburna anu kabolér teu kagarap.

Kawajiban anu boga sawah, mémang geus kitu ilaharna, nyadiakeun dahareun jeung ngopina. Tara ieuh ménta buruh anu ngahiras téh. Éstu sukaréla baé.

Baca Juga:  Banyak Anggota DPD serta DPR Terpilih Belum Serahkan LHKPN

Kitu deui lamun aya anu rék ngadegkeun imah, ngarakrak atawa ngaruag imah. Teu sirikna kabéh tatangga milu ngahiras. Samampuhna, sacabakna-sacabakna, sabisana, sakadugana. Ku lantaran baheula mah umumna imah panggung, ku lobana anu ngahiras téh, tara lila nyieun imah téh.

Ari nu keur kuriak, teu béda ti ngolah sawah wé, ukur nyadiakeun dahar jeung lalawuhna. Kopi jeung ddud wé nu tara luput téh. Awéwé biasana mah milu ngahiras urusan dapur, saperti masak jeung sajabana.

Geus puguh ari di nu hajat mah, loba anu daék milu ngahiras téh.

Baca Juga:  Puluhan Anak Punk Digaruk Satpol PP Kabupaten Sumedang

Ngan kiwari sok aya bédana. Anu ngahiras téh sakapeung sok dikeupeulan duit. Ngan gedéna henteu tangtu, gumantung kana kamampuhna baé, sabab saméméhna ogé taya perjangjian nanaon. Ngan tukang wé anu sok dibédakeun téh. Éta mah sok dibayar bari tara ieuh ngahargakeun.

Ngahiras di Subang dina seuhseuhanana mah adat cahara urang Subang nerapkeun gotong royong, sabilulungan dina hirup kumbuh.

Mudah-mudahan baé éta tradisi ngahiras téh ulah nepi ka laas. Tradisi anu kacida hadena..(Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.