Omongan nu Ngawuluku ka Munding

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Aya paribasa “miindung ka waktu, mibapa ka jaman” anu nuduhkeun yén kahirupan teu salawasna angger. Kudu baé aya robahna, saluyu jeung kaayaan jaman. Kaasup dina ngagarap sawah (magawé) éta téh.

Baheula mah ngawuluku atawa ngagaru téh sok ditarik ku munding. Mun teu kitu ditarik ku sapi.

Umumna di Priangan mah sok ngagunakeun munding baé. Aya anu hiji, aya nu sapasang mundingna téh.

Mun ngawuluku, éta munding téh kudu narik wuluku anu tungtungna maké lanjam (tina beusi). Mun ngagaru, tangtu baé maké garu, anu wangunna kawas sisir badag.

Baca Juga:  Heboh, Pasien ODGJ Ini Kabur Bawa Ambulance Dari Sumedang Ke Tasikmalaya

Ari anu ngawulukuna nuturkeun munding bari nyekel bubuntut wuluku. Sakapeung éta bubuntut téh sok ditumpakan, sangkan lanjamna leuwih jero nyungkal kana taneuhna.

Kituna téh bari teu weléh-weléh ngomong: kia, mider, arang, jeung sajabana. Éta téh paréntah keur munding. Tangtu wé henteu sakabéh munding ngarti kana omongan nu ngawuluku. Ngan munding anu geus dipalajar anu ngarti téh.

Dipalajar téh istilah anu dipaké pikeun ngalatih sasatoan saperti kuda sangkan bisa narik délman, beruk sangkan bisa ngala kalapa, jeung anjing sangkan bisa nyusud tapak jalma jahat.

Baca Juga:  Bima Arya Salut, Swadaya Pemuda dan Masyarakat Bogor Lahirkan Tempat Wisata

Baheula mah sok bari dihaleuangkeun anu ngawuluku maréntahna ka munding téh. Ngaleu angin-anginan, matak kelar kadéngéna.

Omongan anu ngawuluku ka munding téh aya maksudna.

Kiya , maksudna méré nyaho ka munding sangkan lempeng leumpangna.

Kalén, maréntah ka munding supaya ngiser saeutik leumpangna kana urut tadi, supaya wuluku asup (malikan deui) kana urut tadi.

Arang, hartina munding leumpangna anggang teuing ti urut tadi, nitah ngiser saeutik supaya deukeut kana urut tadi.

Mider, nitah munding supaya muter.

Luput, maksudna wuluku henteu keuna, nitah munding leumpangna rada tungkul.

Baca Juga:  Mbah Mijan Komentari RKUHP soal Pasal Kekuatan Gaib

Ayeuna mah geus carang anu ngawuluku téh, komo anu ditembangkeun. Di sawatara wewengkon anu kotakanana lalega tur rata, geus loba nu maké traktor.

Ari di sawah anu heureut tur loba undakanana, geus loba anu maké kuik. Traktor leungeun anu disusurung, mérekna Quick. Ku urang lembur mah disebut wé kuik.

Kuik ogé aya anu gedé aya anu leutik. Dipakéna gumantung kana kaayaan sawahna. Jadi, ayeuna mah di pilemburan ogé geus loba anu ngaganti ngawuluku ku nguik. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah