Karajinan keur nu Resep Nguseup

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Nguseup téh ayeuna geus jadi kalangenan (hobi). Loba jalma anu resep nguseup, ti sawatara kalangan deuih. Henteu mandang pangkat jeung kalungguhan.

Ari nguseupna, bisa di mana baé. Bisa di émpang, di laut, atawa di walungan. Malah teu saeutik anu ngahaja nguseup ka bendungan ogé, saperti ka Bendungan Jatiluhur jeung Jatigedé.

Pikeun nyumponan kabutuh tukang useup téa, aya wé anu sok nyieunan pakakas nguseup, kayaning jeujeur, useup, lambit, korang, kukumbul, jeung sajabana. Teu kapalang, sakalian jeung eupanna deuih.

Di Jawa Barat (Jabar) ogé loba anu sok nyieunan kabutuh tukang nguseup téh. Anu kawilang loba, malah bisa disebutkeun séntrana, aya di Sukabumi. Di antarana baé di wewengkon Cikolé, Nyomplong, Warudoyong, jeung Cisaat. Parat nepi ka Parungkuda.

Baca Juga:  Petugas Lapas Purwakarta Dites Urine

Pokona soal jeujeur di Sukabumi mah loba piliheun. Jeujeur rupa-rupa jenis jeung ukuran, ti nu mahal nepi ka nu murah. Umumna jeujeur anu bahanna tina fiber jeung campuran logam lianna.

Lain jeujeur baé anu dijualna téh. Useup, kenur, golongan kenur, kukumbul, jeung mamarit ogé aya. Eupanna ogé aya, ti mimiti eupan colék nepi ka eupan imitasi. Rék nguseup di mana baé ogé aya di dinya mah.

Baca Juga:  Innalillahi, Hendak Sembelih Kurban Tukang Jagal Meninggal Dunia

Produksi karajinan pakakas nguseup ti Sukabumi geus sumebar ka mana-mana. Lain baé di Indonésia, tapi di mancanagara deuih.

Salian ti di Sukabumi, di Ciamis deuih anu aya pabrik jeujeur téh. Ngan can loba cara di Sukabumi. Mangrupa “home industry, perenahna di Citapén, Kelurahan Kertasari, Kabupatén Ciamis.

Produksina jeujeur fiber, anu geus sumebar ka sakuliah Indonésia. Jadi lain di Ciamis wungkul dijualna téh.

Di jajalaneun ka Kawali mah béda deui. Perenahna di Karangsari, Barégbég, masih di Kabupatén Ciamis. Di dinya mah aya sawatara pangrajin anu nyieunan golongan senar, kukumbul, jeung lambit.

Baca Juga:  Ngeri! Yana Mulyana Nyatakan Perang Terhadap Rentenir di Kota Bandung

Sarua ieu ogé produksina jeung ngambah ka mana-mana. Sanajan anu matuhna mah di toko anu aya di hareupeun imahna masing-masing baé.

Ari korang mah loba anu nyieunna, pangpangna mah di sentra anyaman awi. Ngan sawatara taun ka tukang mah, korang anu dianggap alus buatanana téh meunang pangrajin anyaman ti Ciater, Subang. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah