Toponimi Jawa Barat: Ngaran Tempat tina Tangkal Awi (2)

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Awi téh kaasup tutuwuhan anu loba gunana keur urang Sunda (baheula) mah. Dangdanan imah, loba anu dijieunna tina awi.

Geura baé: tihangna tina awi, dingdingna ku bilik tina awi, usuk jeung eréngna tina awi, lanténa ogé palupuh sarua tina awi. Malah pagerna ogé loba nu tina awi deuih.

Nyieun ambén tina awi, nyieun parabot dapur nu mangrupa anyaman bahanna tina awi. Aya boboko, aseupan, hihid, ayakan, tolombong, dingkul, said, téténong, kekeb, tingkem, pipiti, jeung sajabana.

Acan anu mangrupa awi guluntungan saperti lodong, kélé, jeung songsong.

Wadah lauk dijieun tina awi saperti buleng jeung korang; kurung hayang ogé, ranggap, bahanna tina awi. Kitu deui jeung kurung hayam (paranjé) atawa kurung manuk.

Keur hiburanana, loba waditra anu dijieunna tina awi, kayaning angklung, celempung, karinding, jeung calung. Malah kohkol ronda ogé dijieunna tina awi.

Baca Juga:  Hingga Agustus, Tingkat Perceraian PNS Bandung Tinggi. Apa Sebabnya?

Yu, urang teruskeun nataan ngaran désa/kelurahan di Jawa Barat anu asalna tina tangkal awi.

Buluh, ngaran séjén tina awi; dipaké ngaran Cibuluh di Kac. Kalipucang (Kab. Pangandaran), Kac. Ujungjaya (Kab. Sumedang), Kac. Tanjungsiang (Kab. Subang), Kac. Bogor Utara (Kota Bogor)

Bunar, sabangsa awi leutik, tapi di daérah Baduy mah sabangsa gombong; dipaké ngaran Bunar di Kacamatan Cigudeg (Kab. Bogor).

Cibunar di Kac. Parungpanjang (Kab. Bogor), Kac. Tarogongkidul (Kab. Garut), Kac. Cibatu (Kab. Garut), Kac. Malangbong (Kab. Garut), Kac. Rancakalong (Kab. Sumedang). Jeung Cibunarjaya di Kac. Ciambar (Kab. Sukabumi),

Cangkorah, disebut ogé cangkoré, ngaran sarupa awi; dipaké ngaran Cangkorah di Kac. Batujajar (Kab. Bandung Barat).

Gombong, sabangsa awi gedé sok dipaké kuluwung, pancuran, jsté; dipaké ngaran désa/kelurahan Gombong di Kac. Ciawi (Kab. Tasikmalaya), Cigombong di Kac. Cigombong (Kab. Bogor), Pasirgombong di Kac. Cikarang Utara (Kab. Bekasi).

Baca Juga:  Petani di Kabupaten Bandung Keluhkan Kelangkaan Pupuk Bersubsidi

Haur, sabangsa awi nu tara dipaké dangdanan imah, rajeun dijieun rancatan, suluh atawa areng; jaba ti haur biasa aya haur cucuk, haur konéng, haur gereng, jsté.; dipaké ngaran Cihaur di Kac. Simpenan (Kab. Sukabumi), Kac. Cibeber (Kab. Cianjur), Kac. Manonjaya (Kab. Tasikmalaya), Kac. Ciawigebang (Kab. Kuningan), jeung Kac. Maja (Kab. Majalengka).

Ari Haurkuning dipaké ngaran désa di Kac.Nusahérang (Kab. Kuningan) jeung Kac. Paséh (Kab. Sumedang).

Haurgeulis di Kac. Bantarujeg (Kab. Majalengka), jeung Kac. Haurgeulis (Kab. Indramayu.

Cihaurkuning aya di Kac. Malangbong (Kab. Garut) jeung Kac. Cisompét (Kab. Garut); Cihaurbeuti di Kac. Cihaurbeuti (Kab. Ciamis), jeung Kelurahan Cihaurgeulis di Kac. Cibeunying Kalér (Kota Bandung).

Baca Juga:  Ini Daftar Calon Ketua Umum PSSI, Siapa yang Paling Jago?

Haurwangi di Kac. Haurwangi (Kab. Cianjur), Haurpugur di Kac. Rancaékék (Kab. Bandung), Haurséah di Kac. Argapura (Kab. Majalengka), Haurkolot di Kac, Haurgeulis (Kab. Indramayu), Kandanghaur di Kac. Kandanghaur (Kab. Indramayu), jeung Karanghaur di Kac. Pebayuran (Kab. Bekasi).

Kirisik atatawa kersik, jenis awi leutik; dipaké ngaran Désa Kirisik di Kac. Jatinunggal (Kab. Sumedang).

Caléngka atawa léngka, salasahiji jenis awi;dipaké ngaran Cicaléngka di Kac. Cicaléngka (Kab. Bandung).

Tamiang, ngaran sarupa awi leutik, ruasanana lalantas, sok dipake nyieun suling, sumpit, jsté.; dipaké ngaran Citamiang di Kac. Kadudampit (Kab. Sukabumi), Kac. Purabaya (Kab. Sukabumi), Kac. Maniis (Kab. Purwakarta), Kel. Citamiang (Kota Sukabumi).

Di Indramayu mah Temiyang di Kac. Kroya, sarta aya Pasir Tamiang di Kac, Cihaurbeuti (Kab. Ciamis).

Réngsé (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.