Carita Rayat Purwakarta: Jonggrang Kalapitung

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Ceuk ujaring carita, baheula mah anu disebut Jatiluhur ayeuna téh leuweung geledegan. Rembet ku kakayon, caranéom, jeung geueumeun. Leuweung sanget pikasieunan.

Ari anu ngageugeuh di éta leuweung katut gunung-gunung di sabudeureunana, hiji lelembut titisan siluman jaman Sangkuriang, ngaranna Jonggrang Kalapitung.

Awakna jangkung badag tanding gunung. Kulitna hideung lestreng tanding areng. Éstu pikagilaeun jeung pikasieuneun pisan. Mun ngomong, sorana handaruan tanding gugur. Hésé ngabédakeunana, keur leuleuy atawa keur ambek.

Hiji mangsa Jonggrang Kalapitung aya kahayang, nya éta hayang nguseup di Walungan Citarum, lantaran hayang ngadahar beuleum lauk. Tapi manéhna henteu bogaeun parabotna.

Tuluy baé Jonggrang Kalapitung ménta bantuan ka urang lembur di sisi Walungan Citarum, anu katelah Lembur Cisarua.

Datang ka birit lembur, Jonggrang Kalapitung ngumpulkeun sakabéh rahayat di dinya. Ménta dipangnyieunkeun jeujeur, tali katut useupna. Sakalian jeung eupanna.

Urang lembur nedunan kahayang Jonggrang Kalapitung, sabab teu wani nolak. Jonggrang Kalapitung téa, katotol gedé ambek. Mun sakalina ambek, lembur bisa-bisa ancur diburak-barik manéhna.

Sabalikna lamun kahayangna ditedunan, éta siluman téh sok alus pamulang tarimana. Geus kitu mah urang lembur téh baralik.

Isukna, der baé urang lembur téh digarawé, luyu jeung pancénna masing-masing. Kokolot lembur cuh-cih metakeun nu garawé.

Nyieun useup tina urut jangkar kapal cai. Jeujeurna tina awi gombong saleunjeur anu geus kolot, lantas, jeung paranjang bukuna. Tali useupna tina lulub, tuluy digintir jadi tambang dadung gedé, saperti paranti nyangcang munding.

Baca Juga:  Mobil Pengangkut Illegal Loging di Sumedang Diringkus Polisi

Urang lembur digarawéna kaitung lila, aya kana puluh poéna.

Gancangna carita, éta jeujeur téh geus jadi, rék dipasrahkeun ka Jonggrang Kalapitung. Useupna digotong maké jajampanaan. Kitu deui jeung tali useupna. Ari jeujeurna dipanggul ku opatan. Aya anu manggul eupanna deuih, nya éta hulu munding pelén.

Ari srog ka birit lembur, kasampak anu ngéngkén useup téh keur saré, kérékna mani nyegrék tangka gagauran.

Saréna luhureun batu cadas anu lémpar tur nyusun, saperti bangku jeung korsi, di sisi Citarum. Nepi ka ayeuna tempat saréna téh masih kénéh aya, anu ku urang dinya mah disebut batu korsi.

Sabulan ti harita Jonggrang Kalapitung nyaring. Mimitina manéhna kagét nénjo loba jelema di sabudeureunana. Tapi sanggeus diterangkeun ku kokolot lembur, kakara ingeteun kana kahayangna.

Jonggrang Kalapitung nyokot jeujeur. Useup anu sagédé jangkar téh dicokot, tuluy dipasang dina tungtung dadung. Hulu munding dicomot, tuluy dilelepkeun kana useup.

Lung baé dialungkeun ka Walungan Citarum, lebah leuwi anu pangjerona. Talina diulur nepi ka manteng.

Jonggrang Kalapitung nguseupna bari dilalajoan ku sakabéh pangeusi lembur. Nangtungna ngajégang. Sukuna nu sabeulah nincak gunung, ari nu sabeulah deui napak kana tangkal bungur anu kacida gedéna di sisi walungan.

Salila sabulan manéhna ngajega kitu; nepi ka gunung anu ditincakna jadi bongkok sarta tangkal bungurna ampir paéh, anu ku urang dinya mah disebut “sarang”.

Anu matak nepi ka ayeuna, gunungna nelah baé Gunung Bongkok di Tegalwaru. Ari urut tangkal bungurna jadi pilemburan, anu nelah Lembur Bungursarang, bawahan Désa Cisarua, Jatiluhur.

Baca Juga:  HMI Purwakarta Punya Ketua Umum Baru, Namanya Didin

Dina poé kaopat puluh useupna oyag-oyagan. Jonggrang Kalapitung atoh kacida. Urang lembur anu lalajo ogé milu atoh. Tuluy ngarogrog di sisi walungan. Harayang nyaho lauk anu nyanggutna. Moal salah deui, tangtu lauk badag.

Gancang baé atuh ku Jonggrang Kalapitung téh jeujeurna dicentok sataker tanaga. Ku lantaran tarik teuing nyentokna, useup téh ngacleng jauh pisan ka tukangeunana. Ngaliwatan leuweung jati anu kaina galedé, ngaliwatan sababaraha pasir di sabudeureunana.

Dibetot bari dicentok-centok, hésé. Éta useup téh ngait kana leuweung awi haur, anu aya di léngkob dua pasir tukangeunana. Ku Jonggrang Kalapitung dibetot sataker tanaga, nepi ka sakabéh haur di dinya kapangkas.

Tapakna, kabéh haur jadi papak, lir anu beunang ngararata. Nu matak nepi ka ayeuna di dinya mah tara aya haur anu jangkung sosoranganan. Upama kabeneran aya ogé, sok peunggas, jadi papak jeung nu séjénna.

Nepi ka kiwari éta leuweung téh katelah ngaranna Leuweung Haurpapak. Hartina leuweung haur anu jangkungna papak.

Jonggrang Kalapitung panasaran, lauk naon anu nyanggut téh? Barang ku manéhna diilikan, horéng simanahoréng ukur lauk jelér. Asup kana lebah ceuli hulu munding anu geus jadi tangkorék.

Lantaran keuheul, éta jelér téh dibalangkeun, nya ragrag di Lembur Cilélé, Désa Cisarua, Kacamatan Jatiluhur. Tah, tempat ragragna jelér téh jadi émpang, anu nepi ka kiwari ku urang Cisarua disarebutna téh Kubang.

Jonggrang Kalapitung terus ambek-ambekan. Sorana handaruan ka madhab papat, patingbeledag lir gelap salésér.

Baca Juga:  Kantor Bupati Subang Dikepung Honorer K2

Ningali Jonggrang Kalapitung ambek-ambekan, urang lembur paburisat lalumpatan. Terus mubus ka leuweung-leuweung, sabab sieun kabarérang dipaké meupeus keuyang ku Jonggrang Kalapitung.

Ku lantaran teu meunang baé lauk gedé, lila-lila Jonggrang Kalapitung téh lapar. Beuteungna kukurubukan, sorana tarik teu béda ti sora tambur. Laju ngageroan urang lembur ménta dahar.

Tapi geus euweuh saurang-saurang acan, lantaran urang lembur geus kalabur, sarieuneun nénjo Jonggrang Kalapitung, waktu tadi keur ambek-ambekan téa.

Jonggrang Kalapitung beuki ambek baé. Keur kitu manéhna nénjo tangkal jéngkol. Kabeneran deuih buahna meuhpeuy leubeut.

Henteu talangké, jéngkol téh dipupu, tuluy dikeremus sacanggeum-sacanggeum. Kabéh tangkal jéngkol anu aya di dinya, dipupu tangka béak jeung pentil-pentilna. Kakara eureun sanggeus taya nu nyésa.

Jonggrang Kalapitung diuk dina batu korsi. Na atuh barang rék kiih bet ngarasa nyeri. Horéng simanahoréng manéhna téh jéngkoleun. Manéhna gulang-guling bari gagauran, nahan kanyeri anu pohara.

Bakating ku ambek, tuluy baé ngucapkeun supata, “Héy, tangkal jéngkol atah warah! Sia geus ngalantarankeun aing nyeri kiih! Ayeuna ku aing rék ditumpurkeun! Nepi ka iraha baé ogé, di daérah ieu tangkal jéngkol moal bisa jadi!”.

Ceuk ujaring carita, sanggeus kajadian kitu mah, Jonggrang Kalapitung téh ngaleungit, leungit tanpa lebih ilang tanpa karana. Ngan nepi ka kiwari di wewengkon Cisarua, teu kungsi aya tangkal jéngkol nu bisa jadi. Kitu cenah sasakalana téh. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.