Carita Rayat Garut: Sasakala Gunung Guntur

Dipindo catur ku: Budi Rahayu Tamsyah

Di wewengkon Kabupatén Garut, aya gunung anu kawilang gedé, ngaranna Gunung Guntur. Baheulana mah éta gunung téh ngaranna Gunung Kutu. Teu jauh ti dinya, aya gunung leutik. Anu katelahna Gunung Putri. Éta téh aya sasakalana.

Baheula pisan di dinya téh aya hiji karajaan kawilang gedé, ngaranna Karajaan Timbanganten. Ari puseur dayeuhna di Korobokan, henteu jauh ti Gunung Kutu.

Anu jadi raja di Timbanganten nya éta Sunan Rangga Lawé. Kacida dipikaasihna ku rahayatna, lantaran kacida merhatikeunana kana kahirupan sakabéh rahayatna.

Sunan Rangga Lawé téh boga dulur awéwé hiji, nya éta Putri Maharaja Inten Déwata. Karesepna hayang mikampungan baé, diiring ku pangasuhna, lalaki anu umurna geus kolot pisan, ngaranna Batara Rambut Putih.

Kacaritakeun dina hiji mangsa, nagara katarajang halodo panjang, nepi ka rahayatna kakurangan cai. Tong boroning keur pepelakan, dalah keur pangabutuh sapopoé ogé, cai téh kacida héséna.

Pikeun ngungkulan éta masalah, taya deui jalanna anu kaerong ku Sang Raja, iwal ti kudu nyieun situ. Éta situ baris gedé mangpaatna. Lain baé keur sasadian cai dina mangsa tigerat, tapi bisa dipaké nyaian tempat-tempat anu angar lantaran kurang cai deuih.

Tuluy baé Sunan Rangga Lawé téh ngeprik paramantri jeung ponggawa lianna, sangkan néangan tempat pisitueun. Tempatna kudu anu hadé. Nya éta anu henteu bangga ngabendungna, sarta lamun geus jadi situ, caina bisa dipaké ku sakuliah nagara.

Nya meunang tempat anu dimaksud ku Sang Raja téh. Perenahna di hiji léngkob, anu aya di wewengkon Gunung Kutu. Ari anu bogana éta pisitueun téh nya éta Putri Maharaja Inten Déwata.

Baca Juga:  KBB Terapkan PPKM Level 3, Penyekatan Kendaraan Luar Daerah Tetap Dilakukan

Hanjakal teu diidinan ku Nyi Putri. Ari sababna, upama éta léngkob dibendung, lemburna bakal kakeueum. Mangkaning lebah dinya téh lembur kameumeutna.

Sang Raja néangan deui tempat séjén, angger teu manggih. Ménta ijin ka lanceukna, nepi ka aya tilu kalina, angger baé teu diijinan.

Ari kaayaan beuki werit baé. Loba rayat anu datang langsung, sangkan Sang Raja buru-buru nyieun situ. Sunan Rangga Lawé kacida bingungna, pangpangna mah mikiran nasib rayatna.

Nepi ka hiji waktu aya hiji mantri anu usul, mantri pangkolotna. Usulna sangkan Sang Raja leuwih merhatikeun kapentingan rayatna di batan kapentingan nu séjén. Sanajan éta téh lanceuk sorangan.

Ngadéngé omongan mantri kitu, Sunan Rangga Lawé ngahuleng, ngarasa yén éta omongan mantri téh aya benerna.

Harita kénéh maréntah patih sangkan ngumpulkeun sakabéh rayat sarta kudu mawa pakarang jeung pakakas sabogana-sabogana. Maksudna rék nambak léngkob téa keur pisitueun.

Bring atuh rayat arindit ka pisitueun. Jalma daratang maranggul pacung, ngajingjing linggis, katut parabot lianna keur ngali taneuh. Diluluguan ku Sang Raja, diiring ku paramantri katut ponggawa lianna.

Datang-datang, breng baé digarawé. Rayat saregut digawéna, lantaran ngarasa hasilna engké keur kapentingan maranéhna sorangan. Lain keur nu séjén.

Sanggeus aya kana puluh poéna, tambakan téh réngsé ngalingkung léngkob.

Teu sabaraha lilana deui ti harita, situ téh geus léb-léban pinuh, caina lébér ngamprah ka lembur-lembur. Sakumna rahayat saruka bungah.

Tapi kaayaan anu sarupa kitu téh, keur Putri Maharaja Inten Déwata mah matak ngenes kana haténa. Boga anggapan, yén adina geus metakeun kateuadilan, geus sawenang-wenang. Ngabendung léngkob cangkinganana, bari taya ijin ti nu bogana.

Baca Juga:  Bus Diduga Jadi Pemicu Kecelakaan Beruntung di Tol Cipularang

Ti dinya Nyi Putri indit ka gunung leutik anu deukeut ti Gunung Kutu. Sabada ngaso sakeudeung, terus nanjak ka Gunung Kutu jeung Batara Rambut Putih bari mawa cai sajolang jeung taneuh sakeupeul.

Sanepina ka puncak gunung, tuluy éta taneuh sakeupeul téh diawur-awur di luhur gunung jeung cai anu sajolang téa dibahékeun.

Sanggeus kitu mah, Nyi Putri turun deui ti luhur Gunung Kutu ka gunung leutik téa. Batara Rambut Putih ogé henteu tinggal.

Sapada harita aya kajadian anéh, panonpoé nu keur meujeuhna mentrang-mentring, ngadadak kawas anu leungit sinarna. Tanah Timbanganten jadi poék mongkléng.

Henteu lila kadéngé anu patingjelegur, datangna ti puncak Gunung Kutu. Seuneu muntab-muntab hurung mancur, silalatu tingbelewer ka ditu ka dieu.

Gunung Kutu bitu, muncratkeun batu panas dibarengan ku hujan lebu nu luar biasa.

Batu panas ninggang ka leuweung, ger leuweung kahuruan muntab-muntab. Ninggang ka pilemburan, loba imah anu ajur.

Loba jelama anu misan, patulayah sisi jalan. Malah di puseur dayeuh gur-ger kahuruan. Dayeuh Korobokan ruksakna liwat saking.

Jelema anu henteu katinggang, kalabur ka tempat anu leuwih aman. Kalaburna téh paburantak baé, aya nu ngétan, aya nu ngulon, anu ngalér, jeung anu ngidul.

Aya anu kabur ka Bandung, ka Sumedang jeung ka Karawang, anu ka Tasik ogé teu kurang-kurang. Malah dina geus pépésna deui ogé, loba pisan anu teu baralik deui ka Timbanganten. Tuluy baé ngalumbara di dinya, nepi ka turun tumurun ka anak-incu.

Sunan Rangga Lawé geus ngarasa, yén pangna nagarana katarajang balai anu sakitu poharana téh, tangtu pisan lantaran ti lanceukna, ti Putri Maharaja Inten Déwata.

Baca Juga:  82 Pjs Kades di Purwakarta Besok Dilantik

Tuluy baé indit ti Dayeuh Korobokan, rék nyungsi lanceukna, ngajugjug ka Gunung Kutu.

Sanggeus patepung, Sunan Rangga Lawé ngarawu suku Nyi Putri, pok ngomong bari ceurik lungas-lengis ménta dihampura.

Nya dihampura wé ku Putri Maharaja Inten Déwata téh. Tanda yén geus dihampura, seuneu nu keur hurung ngabéla-béla téh bet dadak sakala pes pareum.

Kitu deui sora nu patingbeledug jep répéh. Batu nu cara hujan datangna ti gunung, les leungit kabéh, musna teu sakara-kara.

Sunan Rangga Lawé ngajak lanceukna balik ka nagara, tapi ditolak.

Ceuk Putri Maharaja Inten Déwata, “Aceuk mo balik deui ka nagara. Deuk nurutkeun kahayang ati waé, jeung baring supagi upama ieu gunung jadi deui cara kieu petana,

sambat baé ngaran Aceuk jeung ngaran Aki Batara Rambut Putih, salamet mo aya kitu-kieu.”

Maharaja Inten Déwata, kitu deui Batara Rambut Putih, sanggeus ngomong kitu mah les musna. Leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana. Henteu kacaritakeun ka mana inditna, atawa di mana ayana.

Ti harita Gunung Kutu dilandi ngaranna, sawaréh aya nu nyebut Gunung Agung, sawaréh deui aya nu nyebut Gunung Guntur. Ari gunung anu leutik, urut Sunan Rangga Lawé tobat ka lanceukna téa, nelah nepi ka ayeuna Gunung Putri.

Situ anu dibendung ku Sunan Rangga Lawé katelah Situ Taman di Timbanganten. Dayeuh Korobokan jeung kampung-kampungna, anu kaurugan ku taneuh jeung ku batu, ayeuna katelah Tegalurug.

Ari nagara Timbanganten dipindahkeun ka Tarogong, Garut kiwari. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.