Ngangkut Matrial ti Cikao ka Bandung Ngaliwat ka Wanayasa

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Baheula mah, ceuk Haryoto Kunto dina bukuna “Wajah Bandoeng Tempo Doeloe” (1984), nepi ka abad ka-19, jalan ti Alun-alun Bandung anu aya di sisi Walungan Cikapundung téh, disebutna Jalan Wanayasa.

Bisa jadi anu ayeuna disebut Jalan Cikapundung, Jalan Braga, parat nepi ka Merdika Lio. Ari sababna, éta jalan téh sok dipaké ku nu rék lumampah ka Batawi ngaliwatan Wanayasa.

Ti Bandung teu langsung ka Jalancagak, da jalan anu ngaliwatan ka Ciater jeung Tangkubanparahu mah, kaasup jalan anyar. Jalan satapak anu digedéan sabada di Ciater aya perkebunan entéh pertengahan taun 1930-an.

Ari rute anu baheula: Alun-alun Bandung – Merdeka Lio – Kampung Balubur – Coblong – Dago – Buniwangi – Maribaya. Ti dinya méngkol ka Cibodas – Cupunagara, anu brasna ka Cisalak.

Ti Cisalak kakara turun ka jalan heubeul “Highway Pajajaran” anu nepungkeun Sumedang jeung Wanayasa. Ka katuhu ka Sumedang ngaliwatan Tanjungsiang; ka kénca ka Wanayasa ngaliwatan Jalancagak jeung Sagalahérang. Anu brasna ka Palabuan Cikao.

Palabuan Cikao kawilang gedé jasana dina mangsa ahir abad ka-19 nepi ka awal abad ka-20 mah.

Harita aya wacana rék mindahkeun puseur dayeuh Hindia Walanda ti Batavia (Jakarta ayeuna) ka Bandung. Harita deuih Pamaréntah Hindia Walanda mimiti ngadeg-ngadegkeun gedong tohaga keur kapentingan pamaréntahanana téh.

Di antarana baé Gedong Gouvernements Bedrijven anu sok disingget GB, kiwari katelah ku cirina nya éta Gedong Saté. Terus deui Gedong Sirap (ITB), Gedong Papak (Balékota Bandung), jeung sawatara gedong militer di Cikudapateuh.

Matrial bangunanana dibawa ti Batavia kana kapal cai, diturunkeun di Palabuan Cikao. Harita mah Walungan Citarum téh kawilang gedé, bisa asup kapal cai sagala atuh.

Ayeuna mah tong boroning kapal cai, parahu leutik gé hésé, lantaran kapegat ku Bendungan Parisdo di Walahar, Klari (Karawang). Éta bendungan, anu kiwari katelah Bendungan Walahar, mimiti diwangun taun 1918 sarta diresmikeun taun 1925.

Tah, matrial anu diturunkeun di Palabuan Cikao téa diangkut ka Bandung maké padati anu ditarik ku munding. Ari jalanna, nya mapay jalan heubeul.

Rutena: Cikao – Wanayasa – Jalancagak – Cisalak. Ti Cisalak méngkol ka kénca, nonggoh ngaliwatan Cupunagara – Cibodas – Maribaya – Buniwangi – Dago – Coblong. Ti dinya mah kakara dianteurkeun ka tempat anu dituju.

Harita Cikao geus katelah ngaranna jadi Cikaobandung, lantaran diasupkeun ka Kabupatén Bandung. Beuki surup kana ngaranna ku lobana urang Bandung anu ngadon mondok moék di dinya, purah ngakutan matrial bangunan ka Bandung.

Nya sabada Palabuan Cikaobandung narikolot mah, ngakutan matrial téh kana karéta api baé, da geus aya karéta api. Langsung ka Setatsion Bandung. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.