• Rabu, 1 Desember 2021

Ngaran Rupa-rupa Lauk Cai dina Basa Sunda

- Senin, 16 Maret 2020 | 06:15 WIB
Lauk beunteur. (Hoto: Alam Endah)
Lauk beunteur. (Hoto: Alam Endah)

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Budak baheula mah atawa kolot ayeuna, hég kungsi ngalaman hirup di pilemburan, asa piraku mun teu ngalaman ngala lauk di walungan téh. Ngalana ogé diuseupan atawa disair, boh ku ayakan boh ku lambit.

Carang anu maké kecrik atawa heurap téh, sabab éta mah pagawéan kolot atawa jalma anu geus sawawa. Ngarungkupkeun kecrik atawa heurap, lain pagawéan énténg-énténg keur budak. Komo keur nu teu biasa mah.

Salian ti nguseup jeung negér téh, nyieun kokombongan deuih ngala lauk di walungan téh. Petana kawas nu marak, ngan ieu mah di sisi walungan anu déétna (babantar).

Ari lauk anu beunangna, nya lauk walungan atawa susukan baé, saperti paray, beunteur, jelér, jeung tampélé. Ayeuna mah loba anu geus euweuh lauk walungan téh.

Tong boroning di walungan kétang, di balong ogé geus carang lauk heubeul téh. Lolobana mah anu dipelakna téh lauk emas, lélé, atawa nila. Mujaér wé anu sok aya baé di balong téh, lauk anu gampang baranahanana.

Tamba kawaranan, di handap aya béréndélan ngaran lauk dina basa Sunda, boh lauk walungan boh lauk rawa, atawa anu sok dipelak di balong.

Bisa jadi aya sawatara lauk anu geus euweuh di kieuna, malah bisa jadi deuih loba anu apal ngaranna tapi teu nyaho rupana.

Ngaran lauk dina basa Sunda, di antarana:

Badar, ngaran anak kancra.

Balanak, ngaran sarupa lauk muara kira-kira sagedé indung suku.

Balida, ngaran lauk cai di walungan, situ atawa di laut, saperti di Walungan Musi jeung Bendungan Jatiluhur.

Baung, ngaran lauk sabangsa lélé, caung, atawa bébéong.

Bayong, ngaran anak boncél, sabangsa gabus.

Bawal, ngaran lauk sabangsa pépéték, ngan gedé.

Bébéong, sok disebut ogé caung, ngaran lauk walungan sabangsa lélé, tapi gedé, aya nu sagedé bitis, tonggongna jeung gigirna semu konéng, beuteungna bodas

Berenyit, sabangsa lauk nu kacida leutikna, sok disebut ogé uceng atawa lauk sarébu, bisa hirup di walungan, sawah, atawa balong.

Berod, sabangsa belut, tapi gepéng.

Betok, ngaran lauk ranca sabangsa sepat.

Beunteur, ngaran lauk leutik anu sok kapanggih di walungan atawa di sawah, kira-kira sagedé cinggir.

Boboso, ngaran lauk kawas bogo hirup dina cai tawar, cai satengah asin atawa di laut pisan.

Bogo, sabangsa lauk jarah siga gabus, tapi henteu gedé.

Cécéré, ngaran lauk cai laleutik sabangsa berenyit.

Gabus, sok disebut ogé deleg atawa boncél, ngaran lauk ranca atawa situ sabangsa bogo ngan gedé, sok ngahakanan lauk séjén, sungutna gedé paranti nyumputkeun anakna nu kakara megar, bisa pindah ngaliwatan darat nu baseuh.

Génggéhék, ngaran lauk jarah siga tawés leutik, buntutna konéng, alus didahar ku nu keur nyusuan budak.

Guramé, ngaran lauk gedé sabangsa sepat, sok nyieun sayang keur ngendogna, sarta sok dipelak di balong. Sok ngabintih.

Hampal, ngaran lauk walungan sabangsa kancra, sok ngahakan lauk séjén.

Impun, ngaran sabangsa lauk walungan panggedéna sagedé indung suku, sok nyepot dina batu ku cécépétna nu semu buleud handapeun gadona, di sawaréh tempat ngaranna sok pahili jeung berenyit.

Jambal, ngaran lauk walungan sabangsa baung atawa caung (bébéong).

Jelér, surawet, sabangsa uceng, ngaran lauk leutik anu awakna buleud panjang.

Jongjolong, aya ogé anu nyebut jungjulung atawa julung-julung, ngaran lauk leutik, awakna buleud panjang sungutna siga pamatuk; mun di laut aya jungjulung gedé.

Kancra, ngaran lauk walungan sabangsa lauk emas, lauk bedas sarta ngeunah pisan.

Karper, ngaran lauk sabangsa lauk emas, ngan rada pondok.

Kéhkél, ngaran lauk jarah siga Iélé, tapi leutik.

Keting, ngaran lauk rawa sabangsa lélé ngan gedé huluna, pamatilna aya peurahan.

Lalawak, ngaran lauk walungan sabangsa tawés.

Lauk emas, ngaran lauk sabangsa kancra, awakna gedé, biasa dipelak di balong.

Léat, mangut, ngaran sabangsa lauk walungan sungutna di handap, kabeukina lukut.

Lélé, ngaran lauk walungan sabangsa sénggal tapi hideung, sok matil, kuat lila hirup dina leutak; kiwari geus loba anu melak di balong.

Mujaér atawa jaér, ngaran lauk sabangsa betok, babari baranahan, anakna nu kakara megar sok diheungheum ku indungna.

Nila, ngaran lauk sabangsa mujaér, tapi leuwih gedé, asal ti Bangawan Nél, didatangkeun ka Indonésia ti Taiwan.

Nilem, ngaran lauk sabangsa lauk emas, dina sisitna aya totol beureum, ngeunah endogna.

Paray, ngaran lauk jarah sabangsa beunteur tapi semu gepéng, sisitna bodas kawas tawé.

Sénggal, ngaran lauk walungan sabangsa caung atawa bébéong tapi leutik.

Sepat, ngaran sarupa lauk cai nu gepéng kawas pépéték, biasa hirup di rawa atawa balong.

Tambakang, aya ogé nu nyebut tambakan atawa terbakang, ngaran sarupa lauk cai nu gepéng kawas sepat tapi rada gedé.

Tampélé, ngaran lauk jarah sabangsa betok leutik tapi lemes sisitna, kiwari leuwih populér disebut lauk cupang.

Tawés, ngaran lauk cai, awakna mébér, sisitna kawas pérak, babari mabok. Sok dipelak dina balong. (Red)


Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.





Editor: Administrator

Tags

Terkini

Asal-usul Kecap Ngaran Pakakas anu Aya di Imah

Selasa, 31 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Rayat Bogor: Sasakala Talaga Warna

Rabu, 25 Maret 2020 | 12:23 WIB

Miéling Dalang Rancagé Asép Sunandar Sunarya

Minggu, 22 Maret 2020 | 11:15 WIB

Asal-usul Cadas Pangéran di Sumedang

Minggu, 22 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Gajah Lumantung

Sabtu, 21 Maret 2020 | 11:15 WIB

Gaya Basa Rarahulan dina Carita Pantun

Sabtu, 21 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Deugdeug Pati Jaya Perang

Jumat, 20 Maret 2020 | 10:55 WIB

Basa Kirata anu Béda jeung Kecap Memet

Jumat, 20 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Badak Pamalang

Kamis, 19 Maret 2020 | 11:15 WIB

Ngaran Rupa-rupa Lalab Karesep Urang Sunda

Kamis, 19 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Budak Manyor di Kuta Tandingan

Rabu, 18 Maret 2020 | 11:15 WIB

Asal-usul Leuweung Siperlaw jeung Batu Tanceb

Rabu, 18 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun Nyai Sumur Bandung

Selasa, 17 Maret 2020 | 11:00 WIB

Ngaran Rupa-rupa Kasakit dina Basa Sunda

Selasa, 17 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Mundinglaya di Kusumah

Senin, 16 Maret 2020 | 11:00 WIB

Ngaran Rupa-rupa Lauk Cai dina Basa Sunda

Senin, 16 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Ciung Wanara

Minggu, 15 Maret 2020 | 10:05 WIB
X