• Rabu, 1 Desember 2021

Ngaran Rupa-rupa Kasakit dina Basa Sunda

- Selasa, 17 Maret 2020 | 06:15 WIB
Kasakit akibat virus Corona nu matak riweuh. (Foto: Queretaro)
Kasakit akibat virus Corona nu matak riweuh. (Foto: Queretaro)

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Kiwari mah kasakit (panyakit) téh loba rupana. Ayeuna geus torojol deui kasakit anyar anu asalna tina virus, nya éta Corona. Atuh ramé jadi catur, matak ibur salelembur, éar sajajagat.

Katelahna virus Covid-19, anu mimiti kapanggih di Tiongkok. Terus sumebar ka mancanagara, kaasup ka Indonésia. Malah kiwari geus disebut-sebut dina kaayaan pandemi, anu dina basa Sunda mah disebut usum sasalad.

Disebut kasakit anyar, lantaran mémang anyar-anyar kapanggihna. Komo upama dibandingkeun jeung kasakit urang Sunda baheula mah. Kasakit anu nyerang ambekan (pernapasan), upamana, paling-paling ogé bengék atawa eungap.

Urang Sunda baheula mah percaya, yén kasakit téh asal-muasalna tina hawa kotor jeung kadaharan. Matak papagonna ogé patali jeung kaséhatan, nu utamana mah ukur dua: hirup kudu berséka jeung ulah tambarakan (barangdahar).

Sangkan ulah kawaranan teuing, di handap aya sawatara kasakit anu aya dina basa Sunda. Kasakit anu dipikawanoh ku urang Sunda baheula.

Di antarana baé:

Amandel, kasakit daging jadi dina elak-elakan atawa tikoro.

Ambéyen, kasakit dina bool, nongtot bool. Sok disebut ogé wasir atawa bawasir.

Babareuhan, kasakit (busung lapar), barareuh méh saluar awak; kasakit bareuh di hiji tempat dina awak (semu mucunghul kawas bisul ngan taya mataan).

Barusuh, kasakit dina sungut lantaran panas beuteung, sariawan.

Batuk, kasakit lantaran aya gangguan dina tikoro. Aya batuk gangsa, nya éta batuk lantaran aya gangguan dina bayah (TBC, jsb.). Aya batuk bangkong deuih, nya éta batuk kosong.

Balas bogo, kasakit kulit sabangsa hapur, warna bodas, semu karadak.

Bengang, kasakit kotor, lantaran resep rucah, jsb. Ayeuna mah disebut sipilis atawa rajasinga.

Bengék, asma, mengi, ampeg; kasakit hésé ngambekan pangpangna upama katiisan, bisa népa lamun pacorok wadah kadaharan.

Bisul, kasakit handapeun kulit, bareuh anu ngandung nanah sarta mataan. Ari bisul beunyeur nya éta bisul leutik, anu matana siga beunyeur.

Borok, raheut nu tuluy nambahan lantaran inféksi atawa radang anu pohara.

Botoleun, kasakit dina dampal suku, liangan.

Budug, kasakit kulit, barudus atawa carénang biasana ateul lantaran kuman.

Bunghak, kasakit lantaran loba hawa dina beuteung, hésé hitut.

Busung, kasakit kembung beuteung.

Cacar, sok disebut ogé kuris, kasakit kulit nu babari tépa; tapakna sok aya nu matak garok.

Cacingeun, kasakit (budak) dina beuteung lantaran cacing.

Cénang, sarupa bisul ngan leutik, aya nanahan biasana lantaran ateul nu digaro, tuluy inféksi.

Congé, kasakit di jero ceuli (budak), kaluar nanah.

Daging jadi, daging anu jadi teu samistina tur ngalantarankeun ayana kasakit.

Diséntri, kasakit di jero beuteung, kalahajat getihan.

Ganaseun, kasakit kulit, warnana semu beureum ngageblég (méh siga kulit ganas), karasa ateul, renyem; ganaseun sok aya ogé nyebut “sékat”.

Geregeseun, kasakit nyeri kiih, aya nu dilantarankeun ku ayana batu di jero rarangan, aya ogé nu henteu.

Gondok, kasakit dina beuheung, siga bareuh nepi ka ngagandoy (melendung), tumerapna sok nahun.

Gondongeun, kasakit bareuh dina beuheung bagian luhur, tumerapna henteu lila; gondongeun sok disebut ogé “kasakit anjing”.

Hapur, kasakit kulit totol-totol barodas, karasana ateul mun kakésangan, babari tépa. Aya hapur beusi nya éta hapur nu leuwih kandel, hésé leungitna. Aya deui hapur kembang deuih, nya éta hapur nu bodas katempona, bisa diubaran ku daun laja, jsb., leuwih ipis tibatan hapur beusi.

Hileudeun, kasakit lantaran inféksi dina ramo jeroeun kuku, ngandung nanah tur nyanyautan karasana.

Jangar, rieut, nyeri sirah jejeletétan.

Jarawat, éwateun. Ari jarawat batu nya éta jarawat anu galedé, ngagémplék.

Jéngkoleun, kasakit nyeri kiih nu dilantarankeun ku racun nu aya dina buah jéngkol; jéngkoleun biasana tumerap lamun ngadahar jéngkol rorosaan.

Jeungjeuriheun, kasakit nyeri kiih, cenah lantaran nginum cai nu can asak pisan.

Kakadalieun, kasakit barusuh dina juru-juru biwir.

Kaligata, kasakit ateul saluar awak, tampolana mah ngagareblég lantaran katiisan.

Kalikiben, kasakit dina beuteung lantaran geus dahar kagojlog-gojlog.

Keremieun, kasakit ateul bujur lantaran cacing keremi.

Késrék, kasakit kulit saperti éksim garing.

Kokoloteun, kasakit kulit dina beungeut (semu harideung) lantaran mindeng kapanasan atawa ku sabab teu cocog maké wedak; kokoloteun biasana tumerap ka awéwé.

Koléra, kasakit nyeri beuteung nu babari nular, bisa maténi; cirina utah-utahan jeung ngayer terus.

Kotokeun, kasakit panon, kurang awas nénjo, siga hayam teu awas upama geus peuting.

Kutil, kasakit sabangsa éwateun ngan leuwih gedé tur leuwih teuas, mun diantep sok ngalobaan saperti nu anakan.

Lamur, kasakit dina panon, kurang awas.

Leuncangeun, kasakit dina sela-sela ramo suku, marentis atawa bareulah, dilantarankeun ku kuman cai, karasana ateul.

Mejen, hésé ngising, kabebeng.

Méncrét, kasakit lantaran nyeri beuteung, ngising caian, biasana budak.

Méntér, kasakit di jero beuteung nu gedé bahayana sarta babari tépa lantaran cai atawa kadaharan; méntér sarua jeung tipes.

Mules, kasakit murilit dina jero beuteung, asa hayang ngising tapi teu daék rut.

Muriang, awak paranas-tiris, lantaran katerap panyakit malaria, influensa, jsté.

Murus, muncrut, kalahajat éncér sababaraha kali.

Nyeri huntu, huntu karasa nyeri alatan koropok, jsb.

Panas tiris, muriang, awak panas tapi karasana tiris.

Peujit koréseun, kasakit nyelengit beuteung lantaran telat barangdahar.

Peuteuyeun, kasakit nyeri kiih anu dilantarankeun ku racun nu aya dina buah peuteuy; peuteuyeun sok tumerap lamun ngadahar peuteuy rorosaan; peuteuyeun leuwih parna tibatan jéngkoleun.

Reunghaseun, kasakit kulit, kulit semu tarutung tur semu bareulah (kawas tangkal reunghas), reunghaseun sok tumerap lamun kulit kakeunaan ku geutah reunghas.

Rorombéheun, kasakit dina dampal suku pangpangna dina keuneung, kulitna bareulah.

Sakalor, kasakit sarap, nu boga kasakit sakalor teu karana puguh sababna sok ngadadak teu éling, tuluy ngagolépak kapaéhan sarta sungutna ngabudah.

Salatri, kasakit anu timbul lantaran kosong beuteung, karasa lieur, sebel, tur kaluar késang tiis.

Salésma, kasakit di jero irung, lantaran katiisan (mindeng beresin sarta léhoan).

Sariawan, kasakit nu ngalantarankeun barusuh atawa kaluar getih tina irung atawa gugusi.

Sisidueun, gangguan dina jero dada lantaran katiisan nu nimbulkeun ceklak-cekleuk, biasana tumerap ka budak.

Seueul, kasakit dina jero beuteung anu karasana pupurilitan. Ari seueul angen pupurilitanana palebah hulu angen.

Sumbilangeun, kasakit awéwé, nyeri pianakan waktu keur kotoran, nyerina méh sarua jeung dipatil sumbilang (lauk laut).

Tajam, méh sarua jeung diséntri, kasakit beuteung nu dilantarankeun ku baksil-baksil; nu tajam sok ngayer (murus), sarta kokotorna sok pacampur jeung getih atawa bubudur.

Tampek, kasakit kulit, ateul semu panas, tumerapna biasana ka budak.

Tujukuriling, kasakit lanjung (lieur anu pohara).

Turuwisen, kasakit sarupa cénang dina biwir panon.

Uuseupeun, kasakit dina tikoro, karasana nyeri neureuy, asa aya useupan. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.


Editor: Administrator

Tags

Terkini

Asal-usul Kecap Ngaran Pakakas anu Aya di Imah

Selasa, 31 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Rayat Bogor: Sasakala Talaga Warna

Rabu, 25 Maret 2020 | 12:23 WIB

Miéling Dalang Rancagé Asép Sunandar Sunarya

Minggu, 22 Maret 2020 | 11:15 WIB

Asal-usul Cadas Pangéran di Sumedang

Minggu, 22 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Gajah Lumantung

Sabtu, 21 Maret 2020 | 11:15 WIB

Gaya Basa Rarahulan dina Carita Pantun

Sabtu, 21 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Deugdeug Pati Jaya Perang

Jumat, 20 Maret 2020 | 10:55 WIB

Basa Kirata anu Béda jeung Kecap Memet

Jumat, 20 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Badak Pamalang

Kamis, 19 Maret 2020 | 11:15 WIB

Ngaran Rupa-rupa Lalab Karesep Urang Sunda

Kamis, 19 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Budak Manyor di Kuta Tandingan

Rabu, 18 Maret 2020 | 11:15 WIB

Asal-usul Leuweung Siperlaw jeung Batu Tanceb

Rabu, 18 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun Nyai Sumur Bandung

Selasa, 17 Maret 2020 | 11:00 WIB

Ngaran Rupa-rupa Kasakit dina Basa Sunda

Selasa, 17 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Mundinglaya di Kusumah

Senin, 16 Maret 2020 | 11:00 WIB

Ngaran Rupa-rupa Lauk Cai dina Basa Sunda

Senin, 16 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Ciung Wanara

Minggu, 15 Maret 2020 | 10:05 WIB
X