• Rabu, 1 Desember 2021

Carita Pantun Nyai Sumur Bandung

- Selasa, 17 Maret 2020 | 11:00 WIB
Juru pantun Mang Ayi ti Subang keur magelaran. (Foto: Didi Priadji)
Juru pantun Mang Ayi ti Subang keur magelaran. (Foto: Didi Priadji)

Dipindo catur ku: Budi Rahayu Tamsyah

Kacaturkeun di Nagara Kuta Waringin, nagara anu subur tur mamur. Anu jadi rajana Munding Keling Puspa Mantri, ménak teureuh Pajajaran. Panakawanana: Kuda Aing Léngsér, Munding Waringin, Kuda Waringan, jeung Kalang Sutra Tandur Wayang.

Raja boga pawarang 42 urang, tapi anu kacaritakeun mah ngan duaan. Nya éta Gurit Haji Wira Mantri jeung Nimbang Waringin.

Dina hiji poé di Kuta Waringin ngayakeun pésta anu kacida raména. Tatabeuhanana kadéngé ku Nyai Sumur Bandung di Nagara Bitung Wulung. Tuluy baé atuh ngahudangkeun lanceukna, Rangga Wayang, anu keur tatapa.

Nyai Sumur Bandung nanyakeun sora tatabeuhan anu kadéngé ku manéhna. Sabada nempo dampal lengeun Rangga Wayang, kanyahoan baé yén di Nagara Kuta Waringin keur aya pésta rongkah.

Sanggeus kitu Sumur Bandung ditanya ku Rangga Wayang, daék henteuna boga salaki ka Ratu Kuta Waringin. Tadina mah Sumur Bandung téh nampik, tapi lantaran terus didesek, ahirna mah daékeun ogé nurut kana kahayang lanceukna.

Tapi aya saratna, engké inditna ka Nagara Kuta Waringin kudu tumpak banténg lilin warna jingga, anu kalintingna rampé béntang, tandukna salaka domas, jeung buntutna banyu emas.

Rangga Wayang teu bisa nyumponan paménta Sumur Bandung. Terus baé ménta tulung ka Langen Sari Jaya Mantri Mas Wira Jayamanggala, lanceuk Sumur Bandung. Langen Sari nyanggupan pikeun nedunan paménta Sumur Bandung.

Dina waktu anu geus ditangtukeun, Sumur Bandung indit babarengan jeung Rangga Wayang ka Nagara Kuta Waringin. Sumur Bandung tumpak banténg lilin. Saméméh indit, sakabéh pakayana ku Sumur Bandung diasupkeun kana Cupu Jimat, terus dipihapékeun ka bujangna, Nyai Ogem.

Sanepina ka Nagara Kuta Waringin, Rangga Wayang nepungan Kalang Sutra. Tapi kahayangna teu ditarima kitu baé ku Kalang Sutra, lantaran putusanana gumantung ka nu jadi ratuna.

Ratu bisa narima maksud jeung kahayang Rangga Wayang, tapi Nimbang Waringin nolak. Sikep jeung ucapanana matak pikanyerieun haté sémah. Manéhna ambek-ambekan, jejebris bari ngareuhak hareupeun sémah.

Teu lila ti harita, Rangga Wayang mapagkeun Sumur Bandung di tapes wates dayeuh. Sumur Bandung ngarobah wujudna jadi nini-nini. Terus baé indit nepungan Nimbang Waringin. Nasibna teu béda ti Rangga Wayang, dihina bébéakan jeung diciduhan ku Nimbang Waringin.

Lantaran ngarasa dihina, Sumur Bandung ngalawan. Der baé atuh perang tanding jeung Nimbang Waringin. Lila ti lila, Nimbang Waringin kasoran, teu kuateun ngalawan Sumur Bandung. Nya ménta tulung ka pamajikan ratu séjénna, anu 41 urang.

Di alun-alun diayakeun tatandingan ngadu kageulisan antara Sumur Bandung jeung Nimbang Waringin katut sakabéh pamajikan ratu lianna. Kabéh éléh ku Sumur Bandung.

Saterusna tanding paalus-alus buuk, kaparigelan ngulinkeun keris, ngadu munding, jeung sajabana. Kabéh ogé anu meunang téh Sumur Bandung.

Ku lantaran éléh baé, Nimbang Waringin ngarontok Sumur Bandung. Der perang tanding. Nimbang Waringin kawalahan, terus baé ménta bantuan ka maruna. Antukna Sumur Bandung dirempug ku 42 urang.

Kakara Sumur Bandung kadéséh. Lantaran jumlah musuhna teu saimbang, Sumur Bandung ménta bantuan ka Langen Sari. Sakabéh musuh Sumur Bandung bisa diungkulan ku Langen Sari.

Nempo Langen Sari pipilueun, Kalang Sutra ogé teu cicingeun. Manéhna turun ka pakalangan mantuan Nimbang Waringin.

Kacaturkeun perang tanding antara Sumur Bandung jeung Nimbang Waringin téh lumangsung lila, tapi can baé aya nu éléh. Masing-masing ngetrukkeun kasakténna, taya sudana.

Ceuk ingetan Sumur Bandung, perang tanding téh moal bérés-bérés. Anu matak inyana rék ménta bantuan ka Sunan Ibu di Sorgaloka, sangkan bisa ngéléhkeun musuhna.

Biur atuh Sumur Bandung ngapung indit ka Sorgaloka. Dituturkeun ku Nimbang Waringin. Tapi di satengahing lalampahan, kakuatan Nimbang Waringin diserep ku Sumur Bandung nepi ka teu boga daya upaya pikeun neruskeun lalampahanana.

Sanggeus kitu mah Nimbang Waringin téh ngarasa taak. Ngaku arék taluk baé ka Sumur Bandung sarta rék réla masrahkeun salakina.

Sanepina ka Sorgaloka, Sunan Ibu méré pibakaleun anak sagedé kacang héjo. Éta bahan téh diteureuy ku Sumur Bandung.

Samulangna ti Sorgaloka, Sumur Bandung jeung Nimbang Waringin nepungan dulur-dulurna nya éta Langen Sari jeung Kalang Sutra, anu keur perang tanding di tengah laut. Sabada ditepungan mah, perang tandingna eureun.

Saterusna atuh Langen Sari, Kalang Sutra katut Sumur Bandung jeung Nimbang Waringin baralik ka Kuta Waringin.

Sumur Bandung jadi kawinna jeung Ratu Munding Keling, dipéstakeun kawilang rongkah.

Kocapkeun aya hiji nagara, ngaranna Nagara Pucuk Pajajaran. Ari rajana Radén Jaga Ripuh, boga adi awéwé anu ngaran Sekar Pakuan.

Barang ngadéngé béja yén Sumur Bandung geus kawin jeung Ratu Kuta Waringin, Jaga Ripuh kacida marudahna. Ari sababna, inyana kungsi masrahkeun duit panglamar ka Rangga Wayang.

Timbul niatna pikeun maling Sumur Bandung. Tapi buru-buru katohyan ku Rangga Wayang jeung Sumur Bandung sorangan.

Rangga Wayang malih warni mindah rupa, janggélék jadi Sumur Bandung. Tuluy baé leumpang ngadeukeutan Jaga Ripuh di kebon kembang.

Kanyahoan ku Jaga Ripuh, Sumur Bandung mamalihan geuwat dtangkep sarta dibawa kabur ka Nagara Rucuk Pakuan. Terus masrahkeun Sumur Bandung mamalihan ka Sekar Pakuan, ngadagoan mangsana dikawin.

Sainditna Jaga Ripuh, Sumur Bandung mamalihan mulangkeun deui wujud aslina, janggélék baé jadi Rangga Wayang. Nénjo kajadian kitu, Sekar Pakuan meredih sangkan dirina tong dianggap sapongkol jeung lanceukna.

Pameredih Sekar Pakuan dicumponan ku Rangga Wayang. Ti dinya Rangga Wayang nangkep Jaga Ripuh. Laju dibawa ka Kuta Waringin, sakalian jeung Sekar Pakuan.

Sekar Pakuan dipasrahkeun ka ratu pikeun jadi selir, ari Jaga Ripuh jadi patalukanana. Saterusna mah Kuta Waringin jadi nagri anu aman, santosa, subur jeung mamur.

Sumber carita: carita pantun anu dikumpulkeun ku C.M. Pleyte. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.

Editor: Administrator

Tags

Terkini

Asal-usul Kecap Ngaran Pakakas anu Aya di Imah

Selasa, 31 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Rayat Bogor: Sasakala Talaga Warna

Rabu, 25 Maret 2020 | 12:23 WIB

Miéling Dalang Rancagé Asép Sunandar Sunarya

Minggu, 22 Maret 2020 | 11:15 WIB

Asal-usul Cadas Pangéran di Sumedang

Minggu, 22 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Gajah Lumantung

Sabtu, 21 Maret 2020 | 11:15 WIB

Gaya Basa Rarahulan dina Carita Pantun

Sabtu, 21 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Deugdeug Pati Jaya Perang

Jumat, 20 Maret 2020 | 10:55 WIB

Basa Kirata anu Béda jeung Kecap Memet

Jumat, 20 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Badak Pamalang

Kamis, 19 Maret 2020 | 11:15 WIB

Ngaran Rupa-rupa Lalab Karesep Urang Sunda

Kamis, 19 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Budak Manyor di Kuta Tandingan

Rabu, 18 Maret 2020 | 11:15 WIB

Asal-usul Leuweung Siperlaw jeung Batu Tanceb

Rabu, 18 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun Nyai Sumur Bandung

Selasa, 17 Maret 2020 | 11:00 WIB

Ngaran Rupa-rupa Kasakit dina Basa Sunda

Selasa, 17 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Mundinglaya di Kusumah

Senin, 16 Maret 2020 | 11:00 WIB

Ngaran Rupa-rupa Lauk Cai dina Basa Sunda

Senin, 16 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Ciung Wanara

Minggu, 15 Maret 2020 | 10:05 WIB
X