• Rabu, 1 Desember 2021

Asal-usul Leuweung Siperlaw jeung Batu Tanceb

- Rabu, 18 Maret 2020 | 06:15 WIB
Pasir Nagara Cina kiwari. (Foto: Kompas.com)
Pasir Nagara Cina kiwari. (Foto: Kompas.com)

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Di Kacamatan Kiarapedes, Kabupatén Purwakarta, aya leuweung anu ngaranna Leuweung Siperlaw. Ku masarakat di dinya mah kadang-kadang disebut Ciperlaw atawa Ciperlawu.

Leuweung Siperlaw manjang ti Désa Cibeber, Sumbersari, nepi ka Kiarapedes. Ngaranna bisa disebutkeun anéh kadéngéna. Éta téh aya asal-usulna, anu raket patalina jeung kajadian karaman Cina Makao di Purwakarta.

Kajadianana tanggal 10 Méi 1832 M, mareng jeung ditumpesna karaman Cina Makao di tanjakan Pasirpanjang, anu kiwari nelah ngaranna jadi Rancadarah.

Ngadéngé Cina Makao baruntak di Purwakarta, anu lumangsung dua poé (tanggal 8-9 Méi 1832), Cina Makao anu aya di Pasir Nagara Cina Wanayasa, tarurun ka Purwakarta. Maksudna mah rék mantuan baturna di Purwakarta.

Ngaleut ngeungkeuy ti Wanayasa, mapay jalan kontrak entéh di belah kalér. Harita mémang di Wanayasa geus aya kontrak entéh anu manjang ti Pamundayan di Pondoksalam nepi ka Parakanceuri di Kiarapedes.

Ari anu melak entéhna urang Cina Makao, lantaran harita mah bangsa urang can barisaeun melak jeung ngurus tangkal entéh. Kawantu tangkal anu kawilang anyar sarta binihna ogé meunang mawa ti Cina deuih.

Urang Cina Makao anu digarawéna, dipatuhkeun di hiji pasir di tutugan Gunung Burangrang, anu nelah baé Pasir Nagara Cina. Sok disebut ogé Garacina ku urang Wanayasa mah.

Aleutan Cina Makao anu rék ngarurug ka Purwakarta téh mapay jalan kontrak. Lebah Cibeber (ayeuna), papanggih jeung Kawasa Kontrak urang Belanda, ngaranna Sheper Leau.

Cina Makao téh ngarempug Sheper Leau sarta ditimpugan ku batu nepi ka maotna. Maranéhna kareuheuleun ka éta Kawasa Kontrak, lantaran bengis jeung sok motongan gajih pagawé.

Mayit Sheper Leau digotong tuluy dipiceun ka leuweung anu aya di kaléreunana. Urut miceunna dicirian ku batu gedé.

Ti dinya pasukan kuli kontrak Cina Makao téh neruskeun deui lalampahanana. Ngan teu kebat nepi ka Purwakarta, lantaran dipegat ku tentara KNIL lebah tanjakan Rancadarah (kiwari).

Ti harita leuweungna disebut baé Leuweung Sheper Leau, anu diunikeun ku létah bangsa urang mah jadi Siperlaw. Nya katelah baé nepi ka kiwari Leuweung Siperlaw atawa Ciperlaw.

Ari batu tancebna, aya kénéh ayeuna ogé. Perenahna di kaléreun Lapang Cibeber. Teu jauh ti lapang mah, ngan barala. Kabawah ka Désa Sumbersari, Kacamatan Kiarapedes.

Jadi bukti sajarah kungsi aya karaman Cina Makao di Purwakarta téh lain ngan saukur Rancadarah jeung Legok Sigay. Tapi ogé Leuweung Siperlaw jeung Batu Tanceb. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.


Editor: Administrator

Tags

Terkini

Asal-usul Kecap Ngaran Pakakas anu Aya di Imah

Selasa, 31 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Rayat Bogor: Sasakala Talaga Warna

Rabu, 25 Maret 2020 | 12:23 WIB

Miéling Dalang Rancagé Asép Sunandar Sunarya

Minggu, 22 Maret 2020 | 11:15 WIB

Asal-usul Cadas Pangéran di Sumedang

Minggu, 22 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Gajah Lumantung

Sabtu, 21 Maret 2020 | 11:15 WIB

Gaya Basa Rarahulan dina Carita Pantun

Sabtu, 21 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Deugdeug Pati Jaya Perang

Jumat, 20 Maret 2020 | 10:55 WIB

Basa Kirata anu Béda jeung Kecap Memet

Jumat, 20 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Badak Pamalang

Kamis, 19 Maret 2020 | 11:15 WIB

Ngaran Rupa-rupa Lalab Karesep Urang Sunda

Kamis, 19 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Budak Manyor di Kuta Tandingan

Rabu, 18 Maret 2020 | 11:15 WIB

Asal-usul Leuweung Siperlaw jeung Batu Tanceb

Rabu, 18 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun Nyai Sumur Bandung

Selasa, 17 Maret 2020 | 11:00 WIB

Ngaran Rupa-rupa Kasakit dina Basa Sunda

Selasa, 17 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Mundinglaya di Kusumah

Senin, 16 Maret 2020 | 11:00 WIB

Ngaran Rupa-rupa Lauk Cai dina Basa Sunda

Senin, 16 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Ciung Wanara

Minggu, 15 Maret 2020 | 10:05 WIB
X