• Rabu, 1 Desember 2021

Carita Pantun: Budak Manyor di Kuta Tandingan

- Rabu, 18 Maret 2020 | 11:15 WIB
Salasahiji guha di Kuta Tandingan, sesa nagara heubeul anu aya di Karawang (Foto: Jabarnews)
Salasahiji guha di Kuta Tandingan, sesa nagara heubeul anu aya di Karawang (Foto: Jabarnews)

Dipindo catur ku: Budi Rahayu Tamsyah

Sunan Ambu, ratu di Kahiyangan, geus puputra dalapan urang. Sanajan kitu, hiji mangsa Sunan Ambu metik sagagang kembang jaksi, sarta dicipta jadi dua budak sapasang, awéwé jeung lalaki.

Éta budak téh duanana ogé goréng patut. Nu lalaki dadana nonjol, ari nu awéwé tarangna bencenong gedé. Nu lalaki dingaranan Budak Manyor, ari nu awéwé dingaranan Si Genjru, saluyu jeung rupana.

Hiji mangsa Sunan Ambu nitah éta dua budak sangkan turun ka dunya (Buana Panca Tengah). Salila di dunya ngan ukur meunang ngadahar cabé jeung bawang saloba-lobana. Di dunya éta budak téh dipihapékeun ka Nini jeung Aki Panyumpit.

Kocapkeun di Nagara Kuta Haralang, anu jadi rajana Radén Gajah Malang. Boga adi awéwé anu kecida geulisna nya éta Aci Haralang. Harita Aci Haralang téh keur gering, teu daék dahar jeung nginum.

Tétéla Nyi Putri téh boga kahayang. Nya éta hayang dahar daging lutung 20, daging monyét 20, jeung daging jaralang 40. Lamun kahayangna teu katedunan, kasakitna moal cageur sarta barangdaharna moal balik deui sabihari.

Prabu Gajah Malang ngeprik sakabéh pamatang anu aya di nagarana pikeun nohonan kahayang adina, tapi saurang gé taya nu sanggupeun. Sang Prabu unget ka Aki Panyumpit.

Terus baé nitah Aki Panyumpit pikeun ngala lutung, monyét, jeung haralang, anu lobana teu meunang kurang ti nu dipikahayang ku Aci Haralang. Mun teu meunang, Si Aki baris meunang hukuman ditugel jangga.

Aki Panyumpit indit ka leuweung dibarengan ku Nini Panyumpit. Budak Manyor jeung Si Genjru nyaho kasusah indung-bapa kukutna. Daék mantuan, tapi aya saratna. Ménta sahiji tina lutung, monyét, jeung jaralang anu beunang. Ku Aki Panyumpit disaluyuan.

Badak Manyor nitah Aki jeung Nini Panyumpit pareureum. Budak Manyor jeung Si Genjru sidakep neneda ka Sunan Ambu. Barang Aki jeung Nini Panyumpit beunta, bréh baé lutung, monyét, jeung jaralang tinggurayang dina tangkal di sabudeureunana.

Teu lila pameredih rajana katedunan. Tapi waktu Budak Manyor ménta buruhna, sahiji tina rupaning sato anu katangkep, teu ditedunan. Sabab bakal nyontang kana jumlah sasatoan anu rék disetorkeun ka karajaan.

Budak Manyor anu sakti, ngemat tilu sato anu jadi buruhna téa. Waktu pesenan raja téh dibilang di hareupeun raja, kabéhanana kurang hiji. Aki Panyumpit boga sangkaan, éta sato téh dicokot ku Budak Manyor.

Raja manggil Budak Manyor, nanyakeun sato nu kurangna téa. Tapi Budak Manyor nolak. Raja téh ambek, antukna éta dua budak téh dihukum.

Si Genjru kudu nutu paré unggal poé bari sukuna dibangkol ku ranté. Ari Budak Manyor meunang rupa-rupa hukuman anu kawilang beurat. Anu ahirna mah diruang kérépés, dikubur hirup-hirup.

Kocapkeun di nagara séjén, nya éta di Nagara Kuta Tandingan. Anu jadi rajana Radén Dipati Layung Kumendung. Boga adi anu kacida geulisna, nya éta Agan Sumur Agung.

Kageulisan Agan Sumur Agung geus jadi sabiwir hiji sarta sumebar ka mana-mana. Nepi ka loba anu datang rék ngalamar Agan Sumur Agung.

Nyi Putri dilamar ku Heulang Sangara raja ti Kuta Salaka, Radén Geger Maléla raja ti Kuta Pandak, Radén Gajah Nyambung raja ti Dayeung Manggung anu ngalamar keur anakna, Radén Kuda Pamekas.

Kabéh nu ngalamar euweuh nu ditarima ku Agan Sumur Agung, sabab aya saratna, nya éta pisalakieunana kudu sanggup tatapa tujuh taun di handapeun tangkal Kiara Jingkrang Dopang Malang.

Iwal ti Radén Kuda Pamekas, kabéh nu ngalamar taya nu sanggupeun nyumponan éta paménta. Lamaran Radén Kuda Pamekas ditampa. Nu séjén kapaksa ngéléhan, bari dina haténa mah ngunek-ngunek, rék nyerang dina waktuna kawin Agan Sumur Agung.

Kocapkeun Pangéran Banyak Widé Ciung Manara Aria Rangga Sunten Prebu Ratu Galih, nu jeneng raja di Pajajaran. Putra raja nu kadua, Radén Sungging Gilang Mantri, séké sénggéh Ranggalawé Aria Mangku Nagara, geus ngadéngé kageulisan Agan Sumur Agung.

Waktu Radén Sungging ménta ijin rék ngalamar Agan Sumur Agung, dicaram ku Sang Raja, sabab Agan Sumur Agung geus tunangan jeung Radén Kuda Pamekas. Tapi Radén Sungging neugtreug sarta teu nurut kana omongan kolot.

Ngadéngé béja yén Radén Sungging ngalolos, Sang Prabu ngarasa hanjelu. Pok baé kedal ucap, yén anu teu nurut ka kolot mah sarta nuturkeun kahayang sorangan, baris ngalaman kasusah.

Ucapan Sang Prabu téh kabuktian. Radén Sungging sasab di leuweung. Anjog ka sisi walungan, tuluy nyieun parahuna. Ger hujan gedé, parahuna palid kabawa arus ka tengah laut. Radén Sungging teu daya teu upaya, tuluy kapiuhan.

Sunan Ambu ti Kahiyangan nyahoeun kana nasib anu tumiba ka Putra Pajajaran. Laju maréntah ka Budak Mayor sangkan nulungan Radén Sungging.

Ti kuburanana, Budak Manyor nurus bumi, terus ka tengah laut, rék nulungan Radén Sungging. Radén Sungging diséréd ka sisi laut sarta diubaran nepi ka sadar tina kapiuhanana.

Radén Sungging kagét barang nempo anu nulunganana, sabab lian ti goréng patut téh, pikasieuneun deuih. Budak Manyor nerangkeun, yén dirina téh déwata kamanusan anu kapapancénan nulungan jeung babakti ka Putra Pajajaran.

Ngadéngé kitu mah Radén Sungging ngarasa longsong tur bungah. Harita kénéh Budak Manyor dipénta bantuanana pikeun meunangkeun Agan Sumur Agung.

Budak Manyor maling Agan Sumur Agung sarta dibawa ka leuweung tempat Radén Sungging ngadagoan. Agan Sumur Agung jejeritan. Barang nempo aya satria anu kasép, beuki tarik jejeritanana téh.

Budak Manyor masrahkeun Agan Sumur Agung ka Radén Sungging. Sangkana mah Radén Sungging wé anu nulunganana téh.

Ibur di Kuta Tandingan, lantaran kaleungitan Agan Sumur Agung. Rajana, Layung Kumendung, nyieun saémbara, sing saha anu meunangkeun Agan Sumur Agung éta baris jadi pijodoeunana.

Kapaksa lamaran Kuda Pamekas dicuparkeun, sabab taya jalan séjén pikeun nyalametkeun adina. Iwal ti ngayakeun saémbara kawas kitu.

Waktu Radén Sungging jeung Agan Sumur Agung datang ka Kuta Tandingan, dipapagkeun jeung dibagéakeun pisan. Radén Sungging langsung ditetepkeun jadi pinunjul saémbara.

Radén Sungging dikawinkeun jeung Agan Sumur Agung. Leuwihna ti éta, sabab kanyahoan teureuh Raja Pajajaran, harita kénéh ogé dijenengkeun jadi Raja Anom di Kuta Tandingan.


Pésta rongkah di Kuta Tandingan kaémpér-émpér ka karajaan anu aya di sabudeureunana saperti Kuta Salaka jeung Kuta Pandak. Raja-rajana katut Kuda Pamekas daratang ngajak perang ka Kuta Tandingan.

Tapi kabéh ogé taya nu manggapulia, diéléhkeun ku Layung Kumendung jeung Budak Manyor. Ahirna kabéh taluk sarta niat ngabdi ka Kuta Tandingan.

Budak Manyor inget ka adina, Si Genjru. Terus baé ménta ijin ka Radén Sungging pikeun mapagkeun adina di Kuta Haralang.

Saméméh balik deui ka Kuta Tandingan, Budak Manyor ngajak adina nepungan Sunan Ambu di Kahiyangan.

Di Kahiyangan Budak Manyor jeung Si Genjru dilokat ku Sunan Ambu. Janggélék baé jadi satria anu kasép jeung putri anu geulis. Budak Manyor diganti ngaranna jadi Radén Sutra Kalang Panggung Aria Mangku Nagara, ari Si Genjru jadi Nyimas Aci Wangi Mayang Sunda Purba Ratna.

Ti Kahiyangan turun deui ka Buana Panca Tengah. Anjog ka Kuta Tandingan, terus éta satria jeung putri téh nerangkeun dirina, yén maranéhna téh anu tadina Budak Manyor jeung Si Genjru.

Aci Wangi dikawin ku Radén Sungging, jadi praméswari maturan Agan Sumur Agung. Ari Sutra Kalang Panggung kawin jeung Aci Haralang ti Kuta Haralang, anu rajana geus taluk.

Sumber carita: Ki Atjéng Tamadipura ti Situraja, Sumedang. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.

Editor: Administrator

Tags

Terkini

Asal-usul Kecap Ngaran Pakakas anu Aya di Imah

Selasa, 31 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Rayat Bogor: Sasakala Talaga Warna

Rabu, 25 Maret 2020 | 12:23 WIB

Miéling Dalang Rancagé Asép Sunandar Sunarya

Minggu, 22 Maret 2020 | 11:15 WIB

Asal-usul Cadas Pangéran di Sumedang

Minggu, 22 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Gajah Lumantung

Sabtu, 21 Maret 2020 | 11:15 WIB

Gaya Basa Rarahulan dina Carita Pantun

Sabtu, 21 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Deugdeug Pati Jaya Perang

Jumat, 20 Maret 2020 | 10:55 WIB

Basa Kirata anu Béda jeung Kecap Memet

Jumat, 20 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Badak Pamalang

Kamis, 19 Maret 2020 | 11:15 WIB

Ngaran Rupa-rupa Lalab Karesep Urang Sunda

Kamis, 19 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Budak Manyor di Kuta Tandingan

Rabu, 18 Maret 2020 | 11:15 WIB

Asal-usul Leuweung Siperlaw jeung Batu Tanceb

Rabu, 18 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun Nyai Sumur Bandung

Selasa, 17 Maret 2020 | 11:00 WIB

Ngaran Rupa-rupa Kasakit dina Basa Sunda

Selasa, 17 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Mundinglaya di Kusumah

Senin, 16 Maret 2020 | 11:00 WIB

Ngaran Rupa-rupa Lauk Cai dina Basa Sunda

Senin, 16 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Ciung Wanara

Minggu, 15 Maret 2020 | 10:05 WIB
X