• Rabu, 8 Desember 2021

Ngaran Rupa-rupa Lalab Karesep Urang Sunda

- Kamis, 19 Maret 2020 | 06:15 WIB
Rupa-rupa lalab. (Foto: Jabatnews)
Rupa-rupa lalab. (Foto: Jabatnews)

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Umumna urang Sunda mah kawentar beuki lalab. Kawasna kurang ajib mun dahar teu jeung sambel katut lalab keur coélna téh. Rék atahan, rék diasakan heula lalabna mah, sarua baé.

Mémang henteu sakabéh lalab bisa didahar atahna. Upamana baé pucuk daun sampeu jeung pucuk daun gedang. Éta mah biasana sok diseupan heula. Béda jeung téspong atawa jongé, ngeunah dikeremus atahna.

Ari jéngkol jeung peuteuy mah, atahanana ngeunah, asakna ogé ngeunah. Jéngkol mah komo, disemur ogé loba nu beuki. Semur jéngkol atawa sepi jéngkol, matak ponyo kana dahar.

Lalab anu masih kénéh loba kiwari, salian ti nu disebutan di luhur téh nya éta engkol, bonténg, térong, leunca, sosin, jeung surawung. Kalan-kalan sok aya kangkung, téspong, saladah, jeung pucuk jambu médé.

Salian ti éta geus loba nu carang kapanggih. Padahal kawilang loba dangdaunan, beubeutian, jeung bungbuahan ngora anu bisa dilalab.

Aya sawatara lalab anu dianggap boga kasiat pikeun ubar. Tapi ayeuna mah urang tataan heula, di antarana baé.

Antanan, ngaran sarupaning tutuwuhan nu ngarambat di darat, biasana jadi di sawah atawa kebon, sok dipaké lalab.

Baluntas, ngaran tutuwuhan, sok dipelak dijieun pager pakarangan, pucukna sok dilalab, aya kasiatna di antaran pikeun ubar bau awak.

Bonténg, ngaran tutuwuhan nu ngareuy sabangsa samangka, waluh, lopang jsté., buahna dilalab atah atawa diolahkeun.

Cangkudu, ngaran tangkal jeung buahna, pucukna jeung pentilna ngeunah diseupan, buahna nu asak sok dipaké ubar atawa dirujak, kulit akarna ngandung zat warna konéng (soga).

Buncis, ngaran sabangsa kacang, siga kacang beureum nu héjo kénéh, tangkalna ngarambat.

Cantigi, ngaran tangkal leutik sabangsa marémé, jadina di gunung nepi ka puncakna, kaina tegar, pucukna sari haseum, sok dilalab.

Dulang sontak, nyalinyit, antanan leutik, ngaran sabangsa tutuwuhan (jukut) ngarambat nu sok dilalab atah aya ogé nu nyebut kurawet galeng.

Écéng, ngaran tutuwuhan sabangsa génjér nu sok jadi ku manéh di sawah nu caian, beunang dipaké lalab, aduna dipaké coél sambel muncang.

EngkoI, ngaran sayuran, nu diarah pangpangna daunna nu bodas kénéh, endogna.

Gadibug, bagini atawa sintrong, ngaran tutuwuhan nu sok jadi ku manéh sabangsa jotang, kabeuki kelenci, beunang dilalab.

Gandaria, jataké, ngaran tangkal jeung buahna, pucukna sok dipaké lalab coél sambel oncom, buahna nu ngora disambel, nu asak rupana konéng, rasana amis

Génjér, géndot, bang’éng, ngaran tutuwuhan nu sok jadi ku manéh di sawah nu caian, beunang didahar daunna nu ngora jeung kembangna, atawa diolahkeun.

Gedang, ngaran tangkal jeung buahna, pucukna sok dipaké lalab, atawa dijieun kaolahan sabangsa buntil.

Gunda, ngaran tutuwuhan nu sok jadi ku manéh di sawah atawa di ranca, daunna alus, beunang dilalab.

Kihapit, ngaran tang¬kal kai, pucukna sok dilalab.

Hiris, ngaran tutuwuhan sabangsa kacang tangkalna nepi ka kurang leuwih dua méter, kopokanana sok dipencok.

Hui, boléd, mantang, ngaran tutuwuhan nu lolobana ngareuy diarah beutina nu semu amis, kembangna siga kembang kangkung, daunna sok dilalab.

Jaat, ngaran tutuwuhan ngarambat sabangsa kacang panjang tapi gégébéngan, biasana kopokanana dilalab.

Jalantir, tutuwuhan sok jadi di sawah atawa kebon, daunna sok dilalab kawas sintrong, sari seungit.

Jambu médé atawa jambu monyét, sikina di luar siga hulu monyét, pucukna sok dilalab.

Jéngkol, ngaran tangkal jeung buahna, nu sok dipaké deungeun sangu atawa lalab, bau sarta ngandung racun nu bisa ngalantarankeun jéngkoleun (= nyeri kiih).

Jongé atawa jonghé, ngaran tutuwuhan nu sok dipaké lalab, jadina dina galengan sawah, jsté.

Jotang, ngaran tutuwuhan nu jadi ku manéh, sok dilalab, rasana rada haneut.

Kahitutan, kasimbukan atawa rajapéni, ngaran tutuwuh¬an ngarambat, daunna bau hitut, tapi sok dilalab dipaké tamba bunghak.

Kamalandingan atawa malanding, peuteuy sélong, ngaran tangkal jeung buahna sabangsa peuteuy tapi leutik, sok dipaké campuran kaolahan atawa dipaké lalab.

Kangkung, ngaran tangkal anu umumna jadi di cai, dahanna molongo, sok dijieun kaolahan atawa dijadikeun lalab.

Kapri, kacang polong nu ngora, sok dilalab, diangeun, jsté.

Kastuba, ngaran tutuwuhan nu sok dipaké pa¬ger hirup atawa tangkal hiasan, pucukna sok diseupan, daun-daun handapeun kembangna bareureum

Katuk, ngaran tutuwuhan nu daunna sok dipa¬ké lalab, diseupan jsté, buahanana handapeun gagang daun, baruleud barodas.

Konéng joho, sabangsa konéng nu sok dipaké lalab.

Kosambi, ngaran tangkal kai nu sok diareng, buahna ngandung minyak sok dipaké ngaminyakan sirah, kulitna (papaganana) dipaké ubar, pucukna dilalab.

Kunci, ngaran sarupaning konéng, borosna sok dilalab, beutina dipaké sambara angeun amis.

Leunca, ngaran tutuwuhan sabangsa takokak, tomat, jsté. buahna laleutik, buahna jeung daunna sok dipaké lalab.

Lobak, ngaran sarupa sayuran sabangsa bit, tapi beutina bodas, sarta panjang, sok dida¬har atah dipaké lalab atawa diasin.

Nangka, ngaran tangkal jeung buahna, nangka ngora disebut gori, sok dilalab atawa disayur, pentilna disebut tongtolang sok dilalab deuih.

Peuteuy, ngaran tangkal jeung buahna, nu sok dipaké deungeun sangu (diatah, dibeuleum, dikulub atawa diolahkeun), bau tapi padabeuki, sarta ngahudang napsu dahar.

Pohpohan, ngaran sarupa lalab. gagangna molongo, sarta bukuan, didaharna jeung pais atawa sambel oncom.

Kacang panjang, ngaran sabangsa kakacangan, buahna panjang sok dilalab atawa diasakan, daunna ogé sok dijadikeun lalab deuih.

Kacang polong, ércis, ngaran sarupa kacang, dipelakna kudu di hawa tiis, kopokanana sok dilalab jeung dipaké bahan kimlo, jsté.

Loa, ngaran tangkal jeung buahna, buahna laleutik semu haseum, sok dipaké lalab aduna jeung sambel oncom.

Putat, ngaran tangkal, pucukna sari kesed, sok dilalab, dipaké coél sambel (oncom).

Randamidang, ngaran sarupa tutuwuhan, pucukna sok dilalab, babari jadi tapi teu lila hirupna.

Rasamala, ngaran sarupa tangkal, kaina teuas (kai kelas hiji), sok dihaja dipelak ku Jawatan Kahutanan cara tangkal jati, pucukna sok dilalab.

Reundeu, ngaran sarupa tutuwuhan nu sok dilalab daunna, alus keur nu anyar ngajuru.

Roay, ngaran tutuwuhan ngarambat sabangsa kacang, loba rupana, sarta aya nu matak mabok; roay kurupuk, roay nu kepokanana rangu, cangkangna rada méréngkél. Sok dipaké lalab.

Salada atawa saladah, salada cai, ngaran tutuwuhan nu sok dilalab, hirupna dina cai déét sarta hérang; salada bokor, ngaran sarupa sayuran sabangsa pécay, dipelakna di darat di nu tiis hawana.

Sampeu, ngaran tatangkalan nu diarah beutina, pucukna sok diseupan dipaké lalab.

Solasih, ngaran sarup tutuwuhan nu rék siga surawung, tapi kembangna wungu:

Sosin atawa sawi, ngaran sarupa tutuwuhan sabangsa pécay, daunna sok dipaké lalab atawa kaolahan.

Surawung, ngaran tutuwuhan nu daunna sok dilalab, dipaké sambara laksa jsté, ngandung rasa haneut, sikina nu garing sok dikeueuman dipaké bukur sirop (cuing).

Takokak, ngaran sarupa térong leutik, biasana jadi sorangan, buahna nu raranggeuyan kawas leunca, sok dilalab, diatah atawa diseupan heula.

Térong, ngaran sarupa sayuran, loba rupana: aya nu rangu, nu peuheur, nu gedé nu leutik, nya kitu deui warnana rupa-rupa, ngan nu geus asak kabéh ogé konéng atawa koneng semu beureum; sok dipaké lalab atawa diolahkeun.

Téspong, ngaran tutuwuhan nu sok dilalab, dahanna copong, saperti kangkung

Tomat, tatangkalan nu buahna héjo, konéng semu beureum, atawa beureum; sok dipaké panyari kaolahan jeung lalab.

Waluh siem, léjét, waluh leutik, sok dipaké kaolahan deungeun sangu (dikulub jsté.) atawa dijieun lalab.

Wortel, ngaran tatangkalan saperti bit, diarah beutina sok dijadikeun kaolahan atawa lalab. (Red)


Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.





Editor: Administrator

Tags

Terkini

Asal-usul Kecap Ngaran Pakakas anu Aya di Imah

Selasa, 31 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Rayat Bogor: Sasakala Talaga Warna

Rabu, 25 Maret 2020 | 12:23 WIB

Miéling Dalang Rancagé Asép Sunandar Sunarya

Minggu, 22 Maret 2020 | 11:15 WIB

Asal-usul Cadas Pangéran di Sumedang

Minggu, 22 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Gajah Lumantung

Sabtu, 21 Maret 2020 | 11:15 WIB

Gaya Basa Rarahulan dina Carita Pantun

Sabtu, 21 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Deugdeug Pati Jaya Perang

Jumat, 20 Maret 2020 | 10:55 WIB

Basa Kirata anu Béda jeung Kecap Memet

Jumat, 20 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Badak Pamalang

Kamis, 19 Maret 2020 | 11:15 WIB

Ngaran Rupa-rupa Lalab Karesep Urang Sunda

Kamis, 19 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Budak Manyor di Kuta Tandingan

Rabu, 18 Maret 2020 | 11:15 WIB

Asal-usul Leuweung Siperlaw jeung Batu Tanceb

Rabu, 18 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun Nyai Sumur Bandung

Selasa, 17 Maret 2020 | 11:00 WIB

Ngaran Rupa-rupa Kasakit dina Basa Sunda

Selasa, 17 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Mundinglaya di Kusumah

Senin, 16 Maret 2020 | 11:00 WIB

Ngaran Rupa-rupa Lauk Cai dina Basa Sunda

Senin, 16 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Ciung Wanara

Minggu, 15 Maret 2020 | 10:05 WIB
X