• Rabu, 8 Desember 2021

Carita Pantun: Badak Pamalang

- Kamis, 19 Maret 2020 | 11:15 WIB
Juru pantun anu geus langka. (Foto: Net)
Juru pantun anu geus langka. (Foto: Net)

Dipindo catur ku: Budi Rahayu Tamsyah

Badak Pamalang téh putra Perebu Munding Malati ti Putri Geulis Aci Malati. Ari Perebu Munding Malati téh kapilanceuk Kasép Munding Sanggawati, Perebu Anom Pajajaran, anu mangkat ngalalana mangsa Badak Pamalang kakara sabulan aya dina jero kandungan.

Waktu Badak Pamalang lahir, geus némbongkeun hal-hal anu matak ahéng. Kahiji, lahir teu dibarengan ku getih jeung cacai lianna. Kadua, kacida mulusna tur kasép. Katilu, teu ngabogaan puseur.

Aya leuwih nu ahéng. Umur tilu poé orok téh geus jejeritan ménta ngaran ka indungna. Ku indungna dingaranan Perebu Kilang Kidang, terus Perebu Geulang Rarang. Angger ceurik. Kitu deui basa ku paraji dibéré ngaran Perebu Sanggawaruling.

Bakating ku keuheul jeung ambek, éta orok anu can dingaranan téh dicokot ku bapana, tuluy ditalapung kacida jauhna. Budak kumalayang di angkasa, nya ragrag sarta nyangsang dina régang kembang campaka warna.

Ti kahiyangan, nya éta ti Gedong Sanghiyang Nunggal, ninina turun nyokot éta orok. Tuluy ditimang bari ngawih. Ari lagu anu dikawihkeunana rupa-rupa pituah. Di antarana ngeunaan wilangan taun, windu, bulan, jeung poé.

Poé anu tujuh téh kudu gumulung, manunggal kana diri si jabang bayi. Salian ti éta, ninina ogé miharep sangkan incuna jadi jalma nu gedé wawanén, jadi lalaki langit lalanang jagat, sarta méré ngaran Badak Pamalang.

Ngadéngé éta ngaran ti ninina, orok anu tadina teu eureun-eureun ceurik téh, langsung répéh. Tuluy baé saré tibra dina régang kembang campaka warna.

Kacaturkeun aya heulang raksasa anu burindil keur néangan hakaneun ka dinya. Éta heulang téh piaraan Demang Patih Naga Bali, ménak ti Nagri Nusa Bali.

Heulang néangan hakaneun ka dinya, lantaran sakabéh sasatoan anu aya di Nusa Bali geus pérén dihakanan ku manéhna jeung anakna. Datangna ka dinya téh rék néangan hakaneun, sasatoan atawa jalma, sabab ku dununganana dimeunangkeun ngahakan jelema, asal ulah urang Nagri Nusa Bali.

Badak Pamalang nu masih kénéh orok kapanggih ku éta heulang. Tuluy dirawu dibawa ka Nusa Bali, sarta dibikeun ka anakna. Badak Pamalang dihakan, diteureuy buleud. Tapi Badak Pamalang henteu paéh. Nya cicing dina beuteung anak heulang salila salapan bulan.

Hiji mangsa Badak Pamalang kaluar tina beuteung anak heulang ngaliwatan bujurna. Bool anak heulang bedah nepi ka paéhna. Badak Pamalang ogé maéhan heulang indungna.

Lantaran sayang heulang téh aya dina dahan caringin anu ngaroyom ka kebon kembang, Badak Pamalang turun ka éta kebon kembang. Manéhna ulin sakadaék di dinya, nepi ka kebon kembang téh raruksak.

Ari anu boga éta kebon kembang téh Putri Lénggang Kancana, adina Demang Patih Naga Bali. Badak Pamalang kapanggih ku Nyi Putri. Lain diambek, tapi kalah ka dipikaresep. Badak Pamalang dikukut sarta diurus ku éta putri.

Sanajan disumput-sumput ogé teu burung kanyahoan Badak Pamalang ku Demang Patih Naga Bali téh. Badak Pamalang kudu dipaténi, lantaran dianggap urang asing anu bakal ngaruksak Nusa Bali.

Badak Pamalang dibantingkeun kana patok waja anu tohaga. Lain ancur, éta budak téh kalah seuseurian asa dioconan. Hayang dibantingkeun deui anu leuwih tarik.

Demang Patih Naga Bali mawa palu beusi, terus dipaké neunggeul Badak Pamalang. Éta budak kalah asa pencétan. Malah ménta dipindo deui, ménta dipencétan anu leuwih tarik.

Nénjo kitu mah, Demang Patih Naga Bali téh ngarasa sieun, terus baé kabur.

Ti dinya Badak Pamalang néangan indung kukutna, nya éta Putri Lénggang Kancana. Lantaran ngarasa sedih, indung kukutna maéhan manéh ku cara luncat kana curug.

Kapanggih ku Badak Pamalang, dibantuan ku “mustika anjing” ciciptanna, Putri Lénggang Kancana dihirupan deui. Terus baé baralik ka Kaputrén Lénggang Kancana.

Badak Pamalang dibéré batur uling, hayam jago anu sakti ngaranna Kentri Haji Malang Déwa. Éta hayam téh bisa ngomong. Nya ti manéhna Badak Pamalang nyaho, yén di Nusa Bali loba ménak asing anu dipanjara. Badak Pamalang ménta dianteur ku hayam ka éta panjara.

Badak Pamalang ngancurkeun éta panjara. Gok baé papanggih jeung Kasép Munding Sanggawati, Prabu Anom Pajajaran, jeung praméswarina Lénggang Pakuan sarta para pangiringna. Nya éta Ua Purwa Kalih, Ua Kidang Pananjung, jeung Jaksa Gelap Nyawang.

Sabada pancakaki, nyaho baé Badak Pamalang, yén anu dipanjara di dinya téh barayana kénéh.

Kasép Munding Sanggawati ngalalana nepi ka Nusa Bali, lantaran pikeun persiapan jadi raja anu sampurna. Ari di Nusa Bali kalah dipanjara ku Demang Patih Naga Bali, anu teu ngahormat ka sémah. Cohagna mah geus ngalanggar pituah kolot.

Saterusna atuh Badak Pamalang merangan Demang Patih Naga Bali katut para ponggawana anu katotol gagah tur sakti, saperti Munding Rarangin jeung Gajah Rarangin. Tapi kabéhanana ogé éléh ku kasaktén Badak Pamalang.

Ahirna mah Kasép Munding Sanggawati jadi raja di Nusa Bali sarta kawin jeung putri-putri anu gareulis baraya urut musuhna.

Sumber carita: Juru pantun Ki Samid ti Cisolok, Sukabumi. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.



Editor: Administrator

Tags

Terkini

Asal-usul Kecap Ngaran Pakakas anu Aya di Imah

Selasa, 31 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Rayat Bogor: Sasakala Talaga Warna

Rabu, 25 Maret 2020 | 12:23 WIB

Miéling Dalang Rancagé Asép Sunandar Sunarya

Minggu, 22 Maret 2020 | 11:15 WIB

Asal-usul Cadas Pangéran di Sumedang

Minggu, 22 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Gajah Lumantung

Sabtu, 21 Maret 2020 | 11:15 WIB

Gaya Basa Rarahulan dina Carita Pantun

Sabtu, 21 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Deugdeug Pati Jaya Perang

Jumat, 20 Maret 2020 | 10:55 WIB

Basa Kirata anu Béda jeung Kecap Memet

Jumat, 20 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Badak Pamalang

Kamis, 19 Maret 2020 | 11:15 WIB

Ngaran Rupa-rupa Lalab Karesep Urang Sunda

Kamis, 19 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Budak Manyor di Kuta Tandingan

Rabu, 18 Maret 2020 | 11:15 WIB

Asal-usul Leuweung Siperlaw jeung Batu Tanceb

Rabu, 18 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun Nyai Sumur Bandung

Selasa, 17 Maret 2020 | 11:00 WIB

Ngaran Rupa-rupa Kasakit dina Basa Sunda

Selasa, 17 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Mundinglaya di Kusumah

Senin, 16 Maret 2020 | 11:00 WIB

Ngaran Rupa-rupa Lauk Cai dina Basa Sunda

Senin, 16 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Ciung Wanara

Minggu, 15 Maret 2020 | 10:05 WIB
X