• Rabu, 8 Desember 2021

Miéling Dalang Rancagé Asép Sunandar Sunarya

- Minggu, 22 Maret 2020 | 11:15 WIB
Asep Sunandar Sunarya. (Foro: Pikiran Rakyat)
Asep Sunandar Sunarya. (Foro: Pikiran Rakyat)

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Ayeuna téh bulan Maret 2020, teu karasa geus genep taun urang Sunda kaleungitan salasaurang seniman anu gedé jasana enggoning ngamekarkeun seni wayang golék. Enya, tepatna tanggal 31 Maret 2014, Asép Sunandar Sunarya dipundut ku Nu Kagungan.

Sakur nu mikaresep wayang golék mah, tangtu moal bireuk deui ka Asép Sunandar Sunarya téh. Dalang wayang golék anu kasohor. Lain wungkul di Tatar Sunda, tapi ogé di sakuliah Indonésia.

Inyana salasaurang dalang anu mindeng ngalanglang ka mancanagara. Tangtu baé di dituna téh ngadon ngadalang. Mintonkeun kasenian wayang golék, salasahiji kasenian Sunda anu luhur ajénna.

Asép Sunandar Sunarya kaasup dalang anu rancagé. Asép ngaropéa wayang, utamana mah ti golongan panakawan jeung buta, nepi ka siga nu enya-enya “hirup”.

Si Cépot lain baé bisa luak-lieuk, tapi ogé bisa unggeuk jeung sungutna engab deuih. Kitu deui jeung wayang buta. Apan aya anu bisa utah emih sagala. Dina midangkeunana deuih, henteu weléh matak ager-ageran anu lalajo.

Ketak Asép dina ngawayang téh nimbulkeun pro-kontra. Loba anu mikaresep, tapi henteu saeutik deuih anu ngiritik. Rupaning kiritik ditarima kalawan jembar, sarta dijadikeun pamecut pikeun ngaronjatkeun karancagéanana.

Hasilna, Asép beuki populér baé. Leuwihna ti éta, Asép ogé jadi dalang pinilih I Jawa Barat taun 1978 jeung 1982. Saterusna taun 1985, Asép jadi juara umum dalang tingkat Jawa Barat sarta dilélér Bokor Kancana.

Pangajén kana kamampuh Asép, lain baé datang ti masarakat Jawa Barat jeung Indonésia, tapi ogé ti mancanagara deuih. Inyana kungsi jadi dosén luar biasa di Institut International de la Marionnete di Charleville Perancis. Malah ti éta institut Asép meunang gelar profésor.

Asép Sunandar Sunarya lahir tanggal 3 Séptémber 1955 di Kampung Jelekong, Kacamatan Balééndah, Kabupatén Bandung. Putra katujuh ti 13 sadulur kulawarga Abah Sunarya, anu kaceluk dalang kahot di Tatar Sunda.

Ti leuleutik Asép miboga cita-cita hayang jadi dalang. Anu matak satamatna ti SMP, Asép mimiti diajar padalangan di RRI Bandung. Sanajan bapana kasebut dalang kahot, tapi Asép saterusna milih diajar ngadalang ka Tjétjép Supriadi, dalang kahot ti Karawang.

Sanajan Abah Asép tos ngantunkeun, tapi jasana natrat, hésé dipopohokeunana dina nguniangkeun deui seni padalangan anu geus méhméhan tumpur. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.

Editor: Administrator

Tags

Terkini

Asal-usul Kecap Ngaran Pakakas anu Aya di Imah

Selasa, 31 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Rayat Bogor: Sasakala Talaga Warna

Rabu, 25 Maret 2020 | 12:23 WIB

Miéling Dalang Rancagé Asép Sunandar Sunarya

Minggu, 22 Maret 2020 | 11:15 WIB

Asal-usul Cadas Pangéran di Sumedang

Minggu, 22 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Gajah Lumantung

Sabtu, 21 Maret 2020 | 11:15 WIB

Gaya Basa Rarahulan dina Carita Pantun

Sabtu, 21 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Deugdeug Pati Jaya Perang

Jumat, 20 Maret 2020 | 10:55 WIB

Basa Kirata anu Béda jeung Kecap Memet

Jumat, 20 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Badak Pamalang

Kamis, 19 Maret 2020 | 11:15 WIB

Ngaran Rupa-rupa Lalab Karesep Urang Sunda

Kamis, 19 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Budak Manyor di Kuta Tandingan

Rabu, 18 Maret 2020 | 11:15 WIB

Asal-usul Leuweung Siperlaw jeung Batu Tanceb

Rabu, 18 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun Nyai Sumur Bandung

Selasa, 17 Maret 2020 | 11:00 WIB

Ngaran Rupa-rupa Kasakit dina Basa Sunda

Selasa, 17 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Mundinglaya di Kusumah

Senin, 16 Maret 2020 | 11:00 WIB

Ngaran Rupa-rupa Lauk Cai dina Basa Sunda

Senin, 16 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Ciung Wanara

Minggu, 15 Maret 2020 | 10:05 WIB
X