• Rabu, 1 Desember 2021

Miéling Oto Iskandar di Nata “Si Jalak Harupat” ti Bojongsoang

- Sabtu, 28 Maret 2020 | 06:15 WIB
Makam Oto Iskandar di Nata di Pasir Pahlawan (Foto: Ayo Bandung)
Makam Oto Iskandar di Nata di Pasir Pahlawan (Foto: Ayo Bandung)

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah


Bulan Maret téh bulan anu istiméwa pikeun urang Sunda mah. Ari sababna, nya dina bulan Maret lahirna salasaurang pahlawan nasional ti Tatar Sunda téh.

Jenenganana R. Oto Iskandar di Nata, dibabarkeun kaping 31 Maret 1897 di Désa Bojongsoang, Kabupatén Bandung.

Anjeunna toh pati jiwa raga merjoangkeun kamerdékaan bangsa jeung nagara Indonésia sangkan leupas tina penjajahan Walanda.

Kalawan jiwa teuneung-ludeung, Pa Oto nandeskeun dina sidang Déwan Rayat (Volksraad), yén Pamaréntah Kolonial Walanda ukur boga dua pilihan: naha rék masrahkeun kamerdékaan ka bangsa Indonésia atawa hayang ngadagoan diusir.

Ku lantaran éta, Pa Oto dilandi “Si Jalak Harupat”. Anu dimaksud jalak harupat téh nya éta hayam adu wedalan Ciparagé anu salawasna tandang di pakalangan, tur tara kungsi éléh atah-atah.

Pa Oto ogé kapan kitu, henteu gimir, henteu galideur dina nanjeurkeun bebeneran.

Ti nuju alitna kénéh Pa Oto kagungan cita-cita palay janten guru. Éta cita-cita téh ahirna mah tinekanan. Sabada lulus ti sakola guru, anjeunna ditugaskeun di wewengkon Banjarnegara, Jawa Tengah.

Ti dinya teras dialihkeun ka Bandung. Sanaos kitu, ari perhatosanana kana nasib bangsana anu dijajah mah, teras tumuwuh kalawan subur. Éta anu ngalan-tarankeun anjeunna bagerak dina widang pulitik téh.

Kalungguhan anu kantos dicangking ku Pa Oto, di antawisna baé, janten Pupuhu Pangurus Puseur Paguyuban Pasundan, taun 1929. Ari anu janten sékertarisna téh nya éta Bapa Ir. Juanda Kartawijaya, anu engkéna janten tokoh penting di Indonésia.

Dina jaman kapangurusan Pa Oto sareng Pa Juanda, Paguyuban Pasundan téh kalintang majuna. Pangpangna mah dina widang pulitik, atikan, sareng ékonomi. Malah kagungan surat kabar basa Sunda anu ageung komarana di Tatar Sunda harita nya éta Sipatahunan.

Nya Pa Oto pisan anu dina mangsa awal proklamasi ngawitan ngedalkeun pekik “Merdéka” téh, minangka pekik perjoangan bangsa Indonésia.

Sabada Indonésia merdéka, Pa Oto kénging kapercantenan nyangking kalungguhan Menteri Negara dina kabinet anu munggaran.

Hanjakal pisan, dina sasih Oktober 1948, Pa Oto aya anu nyulik. Anjeunna dipergasa dugi ka tilar dunyana ku sawatara jalma anu teu boga rasa tanggung jawab.

Jasadna kapendak di Basisir Mauk, Tangerang. Anu saterasna makamna dialihkeun ka Pasir Pahlawan di jajalaneun ka Lémbang, Bandung.

Kiwari Pa Oto tos teu aya dikieuna. Sanaos kitu, ari sumanget sareng cita-citana mah tetep ngagedur dina jiwa bangsa Indonésia.

Ku kituna, pikeun ngajénan kana jasa-jasana, unggal kaping 31 Maret sok dipiéling mangrupi dintenan dibabarkeunana anjeunna. Diteraskeun kana jarah ka makam anjeunna di Pasir Pahlawan téa.

Lalandihan Pa Oto, Si Jalak Harupat, kiwari diabadikeun jadi ngaran stadion di Kabupatén Bandung. Kiwari masih kénéh dipaké kandang ku tim méngbal kareueus umumna warga Jawa Barat, Persib Bandung. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.



Editor: Administrator

Tags

Terkini

Asal-usul Kecap Ngaran Pakakas anu Aya di Imah

Selasa, 31 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Rayat Bogor: Sasakala Talaga Warna

Rabu, 25 Maret 2020 | 12:23 WIB

Miéling Dalang Rancagé Asép Sunandar Sunarya

Minggu, 22 Maret 2020 | 11:15 WIB

Asal-usul Cadas Pangéran di Sumedang

Minggu, 22 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Gajah Lumantung

Sabtu, 21 Maret 2020 | 11:15 WIB

Gaya Basa Rarahulan dina Carita Pantun

Sabtu, 21 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Deugdeug Pati Jaya Perang

Jumat, 20 Maret 2020 | 10:55 WIB

Basa Kirata anu Béda jeung Kecap Memet

Jumat, 20 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Badak Pamalang

Kamis, 19 Maret 2020 | 11:15 WIB

Ngaran Rupa-rupa Lalab Karesep Urang Sunda

Kamis, 19 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Budak Manyor di Kuta Tandingan

Rabu, 18 Maret 2020 | 11:15 WIB

Asal-usul Leuweung Siperlaw jeung Batu Tanceb

Rabu, 18 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun Nyai Sumur Bandung

Selasa, 17 Maret 2020 | 11:00 WIB

Ngaran Rupa-rupa Kasakit dina Basa Sunda

Selasa, 17 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Mundinglaya di Kusumah

Senin, 16 Maret 2020 | 11:00 WIB

Ngaran Rupa-rupa Lauk Cai dina Basa Sunda

Senin, 16 Maret 2020 | 06:15 WIB

Carita Pantun: Ciung Wanara

Minggu, 15 Maret 2020 | 10:05 WIB
X