Penulis: Budi Rahayu Tamsyah
Dina Undang-Undang Désa (UU No. 6/2014) kepala désa (kadés) jeung lurah téh béda. Kadés mah anu mingpin désa sarta dipilih ku rayat dina pilkadés; ari lurah anu mingpin kelurahan sarta ditunjuk ku bupati/walikota sarta meunang gajih bulanan deuih, da kaasup aparat sipil negara (ASN).
Tapi di masarakat mah henteu kitu, masih kénéh loba anu nyaruakeun kadés jeung lurah. Ka Kadés Cikeris di Bojong (Purwakarta), upamana, jarang anu nyebut Pa Kadés téh, umumna mah nyebut Pa Lurah baé: Pa Lurah Cikeris. Malah sakapeung aya anu nyebut Pa Kuwu.
Upama nyebut kuwu ka lurah di wewengkon Kawali, Ciamis, jeung sabudeureunana bisa jadi matak lieur. Sabab di dinya mah sebutan lurah téh sarua jeung kepala dusun (kadus) di Purwakarta. Kitu deui di wewengkon Cirebon jeung Indramayu, kadés téh disebut kuwu. Malah kantor désana ogé disebut kantor kuwu baé.
Jadi tahapanana kieu: Di sahandapeun kuwu (kadés) aya lurah anu ngabawah sababaraha Ketua Rukun Warga (RW). Di sahandapeun RW aya Ketua Rukun Tetangga (RT), sarua lebah dinyana mah. Kabayang riweuhna lamun seug Désa Kawali robah statusna jadi kelurahan.
Umumna di wewengkon Priangan Kulon jeung Kalér, kadus téh disebutna tua kampung atawa punduh. Tapi di wewengkon Banjar ka kidul, kadus téh disebut golongan. Ceuk aktivis literasi Jabar, Ésép Muhammad Zaini, di sawatara wewengkon Cianjur mah disebutna téh mandor.
Nurutkeun UU Désa nu ayeuna kadus téh kaasup aparat désa anu teu kudu dipilih langsung ku rahayat, tapi cukup ku dités baé. Béda jeung Ketua RW atawa Ketua RT anu dipilih langsung ku warga. (Red)
Rubrik Palataran diasuh oleh budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.