Gedong Merdéka, Asalna Tempat Hiburan Gegedén Walanda

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Asa piraku mun aya nu teu apal ka Gedong Merdéka téh. Salasahiji titinggal sajarah anu kakoncara di Kota Bandung. Diadegkeun saméméh nagara urang merdéka. Malah tadina mah ngaranna ogé Gedong Concordia.

Gedong Merdéka raket patalina jeung Konperénsi Asia Afrika, nya éta pajemuhan nagara-nagara Asia jeung Afrika taun 1955. Malah dingaranan Gedong Merdéka ogé harita, ku alpukahna Présidén Soekarno.

Kitu deui jeung jalan anu aya di hareupeunana, dingaranan Jalan Asia Afrika, anu tadina mah bagian tina Jalan Pangéran Sumedang (Pangéran Sumedangweg).

Gedong Merdéka mimiti diwangun taun 1895 ku Societeit Concordia nya éta pakumpulan pagawé urang Walanda di Bandung, anu matak ngaranna ogé Gedong Concordia. Tadina mah mangrupa wangunan basajan, teu bina ti warung kopi, tempat ngumpulna urang Walanda nu aya di sabudeureun Bandung.

Baca Juga:  Cara Memulai Bisnis Cuci Mobil Agar Sukses, Diantaranya Sediakan Coffee Shop

Kakara taun 1926 dirénovasi sagemblengna ku C.P. Wolff Schoemacher jeung Van Gallen Last; dua arsiték anu harita mah keur meujeuhna ngabandéra di Bandung. Duanana ogé Guru Besar di Technische Hoogeschoolte Bandoeng (TH Bandoeng), anu ayeuna jadi Institut Téknologi Bandung (ITB).

Éta gedong ngajanggélék jadi agréng, dipasieup ku gaya arsitéktur art deco. Lanténa marmer buatan Itali, rohangan tempat nginum jeung reureuhna dijieun tina kai petingan, pikeun nyaanganana tinggarantung lampu-lampu kristal méwah. Aya panggung paranti pintonan rupa-rupa kasenian katut hiburan lianna deuih. Éta gedong diwangun dina lahan anu legana 7.500 méter pasagi.

Gedong Concordia jadi tempat hiburan para gegedén Walanda, perwira, pangusaha kaasup pangusaha perkebunan anu aya di sabudeureun Bandung anu katelah “preangerplanters”.

Baca Juga:  Artis Lokal dan Mancanegara Tampil di International Jatiluhur Jazz Festival

Harita ogé Bandung geus kakoncara jadi tempat hiburan. Mindeng ngadatangkeun artis luar negri sagala atuh. Malah aktor Charlie Chaplin ogé, anu ku urang mah sok disarebut Si Caplin, kungsi datang ka Bandung.

Dina Jaman Jepang, éta gedong dipakê puseur kabudayaan sarta dingaranan Dai Toa Kaman. Sabada Inonésia merdéka, taun 1945, dipaké markas perjoangan pemuda. Sarta sanggeus aya pamaréntahan Indonésia, taun 1946, éta gedong dipaké tempat pertemuan. Sanajan kitu, sok dipaké pikeun pintonan kasenian, pésta, jeung sajabana.

Taun 1955 Gedong Concordia dipilih jadi tempat Konperénsi Asia-Afrika (KAA), lantaran harita mah di Bandung ngan éta-étana gedong anu kawilang pantes tur merenah téh. Katambah deuih perenahna henteu jauh ti hotél pikeun marondokna para pamilon KAA nya éta Hotél Savoy Homann.

Baca Juga:  Polisi Buka Layanan Penitipan Motor Gratis Bagi Warga Karawang yang Mudik, Begini Caranya

Gedong Merdéka ogé kungsi dijadikeun Gedong Konstituante. Sabada Dékrit Présiden 5 Juli 1959, Gedong Merdéka dijadikeun Gedong Badan Perencanaan Pembangunan Nasional (Bappenas) jeung Gedong Majelis Permusyawaratan Rakyat Sementara (MPRS) nepi ka taun 1966.

Taun 1980, Gedong Merdéka dijadikeun tempat pangéling-ngéling ka-25 KAA, sakaligus diresmikeun jadi Museum Konprénsi Asia-Afrika ku alpukahna Présidén Soeharto.

Gedong Merdéka kiwari jadi salasahiji ikon pariwisata di Kota Bandung. Di sabudeureun Gedong Merdéka, loba jalma nu ngaradon jalan-jalan, sukan-sukan jeung babaturan atawa kulawargana, patingcaletrék dipoto selfie anu latarna Gedong Merdéka. (Red)

Rubrik Palataran diasuh oleh budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.