Jaat Lalab anu Luhur Ajén Gizina

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Jaat téh tutuwuhan anu sok dipaké lalab. Ngaran séjénna jaat nya éta “kecipir” atawa “kacang belimbing”.

Lain di nagara urang baé jaat loba dipelak téh. Di nagara deungeun ogé aya, upamana di Australia bagian kulon, di kebon-kebon pasisian kota téh ngabadeg tangkal jaat.

Bangsa deungeun resep melak jaat téh ku lantaran jaat ngandung kadar protein jeung gizi anu luhur. Lian ti dilalab, jaat sok dioséng-oséng: oséng-oséng jaat.

Baca Juga:  Tak Puas 6 Tahun, Kepala Desa Ngotot Ingin Masa Jabatan 9 Tahun

Di Pulo Jawa pangpangna mah di Pasundan geus lumrah jaat dilalab. Langka anu ngadahar sikina, komo beutina mah langka pisan.

Padahal ceuk ahli tatanén jeung ahli gizi, siki jeung beutina ngandung ajén gizi anu luhur, satata jeung kacang kadelé, boh kadar protéinna, boh kadar lemakna. Siki jaat gé bisa dijieun témpé, ngeunahna teu éléh ku témpé nu dijieun tina kadelé.

Baca Juga:  Seorang Ibu Melahirkan di Jalan Tol Cipali, Begini Ceritanya

Di Papua, beuti jaat sok dipaké kadaharan sapopoé. Lamun digoréng cenah rasana leuwih ngeunah. Daunna bisa dipaké ubar bisul.

Jaat kaasup kulawarga kacang-kacangan, tangkalna ngarambat. Melak jaat teu kudu méakkeun lahan lega, da bisa dipelak paselang jeung tangkal séjén. Dipelakna di dataran anu handap, hartina lamun deukeut ka laut, jaat mah moal burung jadi.

Siki jaat rupa-rupa warnana, aya gandola, bodas, aya ogé nu hideung. Tapi umumna mah siki jaat téh coklat. Wangun beutina panjang, buleud. Biasana diala méméh beutina gedé, mun diantep lila teuing beutina sok kalah ka garing, jeung ngaleutikan deuih.

Baca Juga:  Arus Lalu Lintas Tol Jakarta-Cikampek Alami Penurunan

Jaat ngora nu biasa dipaké lalab, hadé lamun diala umur 80 – 100 poé atawa 20 poé saméméh kembangna ligar. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah