Jalan Karéta Api jeung Statsion di Purwakarta

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Dina mangsana mah, jalan karéta api téh gedé pangaruhna kana kamajuan hiji kota. Jalan karéta api minangka infrastruktur anu kawilang penting. Kaasup di Purwakarta.

Ari jalan karéta api alias erél mimiti dijieun di wewengkon Purwakarta 29 Désémbér 1900. Réngsé sarta diresmikeun 27 Désémber 1902. Mangrupa pangwangunan tahap kahiji jalan karéta api Karawang – Bandung.

Diteruskeun kana pangwangunan jalan karéta api tahap kadua Purwakarta – Padalarang. Réngsé taun 1906. Anu ngawangunna Staat Spoorwegen (SS), perusahaan karéta api Hindia Walanda.

Rada lila pangwangunan tahap kadua mah, sabab kudu nyieun jalan karéta api ngaliwatan sawatara jurang jeung nyieun torowongan anu panjang deuih.

Anu pangpanjangna Jambatan Cisomang. Disebut-sebut jambatan karéta api pangpanjangna di Jawa Barat (Jabar) anu masih kénéh aktif.

Mémang masih kénéh éléh panjang ku Jambatan Cikacepit di jalur Banjar – Pangandaran, tapi kiwari geus teu aktif. Kakara aya béjana rék diaktifkeun deui, sabada réngsé réaktivasi jalur karéta api Cibatu – Garut jeung Rancaékék – Tanjungsari.

Kitu deui jeung torowongan Sasaksaat. Éta ogé disebut-sebut torowongan pangpanjangna di Jabar anu masih kénéh aktif. Sarua masih kénéh éléh panjang ku Torowongan Wilhelmina di jalur karéta api Banjar – Pangandaran.

Ku réngséna jalan karéta api Batavia – Bandung via Purwakarta, lalampahan jadi leuwih singget. Mun tadina leuwih ti genep jam maké jalur karéta api Bandung – Cianjur – Sukabumi – Bagor, jadi bisa ngan kurang ti tilu jam.

Baca Juga:  Keunggulan Kanopi Jendela Besi Hollow dari Bahan Lainnya

Éta di antarana anu ngalantarankeun karéta api Bandung – Jakarta via Cianjur kurang laku téh. Nepi ka ditutupna. Ngan kiwari keur diréaktivasi deui, anu bérésna kakara nepi ka Ciranjang. Tapi ari pagawéanana mah geus deukeut ka Tagog Apu.

Di Purwakarta aya tujuh statsion, nya éta Statsion Purwakarta nu aya di Kacamatan Purwakarta, Statsion Pléréd (Kacamatan Pléréd), Statsion Cibungur (Kacamatan Bungursari).

Terus deui aya Statsion Sukatani anu tadina Statsion Bendul (Kacamatan Sukatani), Statsion Cisomang (Kacamatan Darangdan), Statsion Sadang (Kacamatan Babakancikao), jeung Statsion Ciganéa (Kacamatan Jatiluhur).

Statsion Purwakarta diadegkeun mareng jeung pangwangunan jalur karéta api tahap kahiji. Kiwari kaasup ka statsion kelas dua, bagéan ti Daérah Operasi (Daop) 2 Bandung. Fasilitasna kaitung lengkep baheula mah.

Di dinya aya wangunan anu disebut dipo lokomotif. Ngan ayeuna mah geus tara dipaké. Baheula jaman karéta api uap, lokomotif gedé saperti DD 52 jeung CC 50 sok dirawatna téh di éta dipo.

Di belah wétan statsion aya “turntable” nya éta paranti muterkeun karéta nu langsir. Anu aya di Statsion Purwakarta kaasup anu gedé ukuranana, lantaran sok dipaké ogé pikeun langsir lokomotif anu rék dirawat di dipo téa.

Baca Juga:  Awas! Ini Bahayanya Jika Tidur Dengan Lampu Menyala, Salah Satunya Masalah Jantung

Hanjakalna kiwari mah éta “turntable” téh tara digunakeun. Malah kahalangan ku tumpukan gerbong anu geus teu kapaké. Lebar wé, éksisténsi sajarah karéta api di Statsion Purwakarta kahieuman bangké karéta.

Teu jauh ti dinya aya “water toren”, paranti nyaian mesin lokomotif, anu kawilang luhur. Katémbong ti kajauhan ogé éta mah. Sarua deuih ayeuna mah geus tara dipaké, da karéta uapna ogé geus euweuh, nu sok ngaliwat ka Purwakarta.

Hanjakal deui baé, najan masih kénéh weweg, aya sawatara bagéan anu geus dicoplokkeun. Tangtuna ogé ku jalma-jalma anu henteu ngahargaan kana sajarah.

Di kaléreun “water toren” ayana wangunan dipo téh. Kungsi ditambélarkeun, tapi kawasna ayeuna mah keur dibebenah deui.

Di pakarangan statsion beulah wétan baheula mah aya sepur bagug nya éta sepur anu geus teu dipaké deui. Ayeuna mah geus dibongkar. Di pakarangan statsion wé kiwari aya patung wayang, anu bisa jadi euweuh hubunganana jeung karéta api.

Sanajan kitu, ari wangunan statsionna mah teu loba robahna. Bisa disebutkeun rélatif angger, sabab kaasup wangunan cagar budaya.

Di Purwakarta ogé aya substatsion peti kemas nya éta Statsion Cibungur. Baheula mah ti dinya téh kungsi aya jalur karéta api ka Cikumpay, sok dipaké ku lori pikeun ngakutan hasil perkebunan ti Cikumpay.

Baca Juga:  Pemanggilan Pertama Absen, Mantan Wali Kota Depok Dipangggil Kembali Pekan Ini

Kira-kira awal taun 1960-an ti Purwakarta ogé aya jalan karéta api (erél) anu ka Jatiluhur. Nya éta dina mangsa lumangsungna proyék pangwangunan Bendungan Jatiluhur.

Tujuan awalna mah pikeun mawa turbin ti Purwakarta ka Jatiluhur. Lantaran upama maké mobil mah kabayang réncédna, nya nyieun baé jalan karéta api, pikeun karéta anu husus mawa turbin katut kabutuh pangwangunan lianna.

Turbin anu dipaké di Jatiluhur didatangkeun ti Itali. Dibawa kana kapal cai nepi ka Tanjung Priuk. Ti Tanjung Priuk dibawa deui ka Purwakarta kana karéta api, terus dibawa ka Jatiluhur.

Jalan karéta api anu ti Purwakarta ka Jatiluhur, kira-kira 11 km, percabanganana di lebah Dépo Pertamina (Rawaroko). Ti dinya asup ka Jalan Kemuning – Gang Beringin – Jalan Baru.

Ti Jalan Baru motong Jalan Taman Pahlawan, nanjak ka Jalan Cilalawak, meuntas Walungan Cikao, nepi wé ka Jatiluhur. Langsung ka lawang paranti turbinna.

Ceuk salasaurang kolot urang Rawaroko, sabada Bendungan Jatiluhur réngsé ogé, éta karéta api téh sok jalan kénéh. Dipaké ngakut nu ngadon piknik ka Jatiluhur. Ngan teu lila. Ujug-ujug euweuh wé. Ari erélna masih kénéh aya nepi ka taun 1970-an mah. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.