Congklak Hadé pikeun Kamekaran Uteuk Barudak

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Kaulinan mah teu kudu nu méwah jeung mahal. Asal aya, bisa dipaké kaulinan jeung teu ngabahayakeun. Salasahiji kaulinan anu kawilang aman téh nya éta congklak atawa congkak, basa Malayuna dakon.

Congklak biasana husus pikeun budak awéwé, tapi budak lalaki gé sok aya nu maén. Tempatna bisa di téras atawa di jéro imah. Pamaénna duaan-duaan.

Kaulinan congklak alatna maké papan nu geus dilogakan, tiap baris logakna aya tujuh, di tungtung pada tungtung aya logak nu rada gedé, nu disebut indung.

Baca Juga:  Ridwan Kamil Amankan BEM SI, Minta Bantu Selesaikan Masalah Ini di Jabar

Ayeuna mah geus aya paranti congklak anu dijieunna tina pelastik, lengkep jeung kekewukanana. Malah mun euweuh-euweuh teuing mah, bisa nyieun logak dina taneuh di buruan.

Unggal logak dieusian ku kewuk atawa siki asem, bisa ogé batu laleutik, anu jumlahna tujuh-tujuh tiap logakna. Jadi jumlah kewuk téh kabéhanana aya 49 dina sabaris.

Cara maénkeunana piligenti, tepi ka kewuk atawa siki asem téh béak dikurilingkeun, asup kana logak indung. Tah, lamun geus béak atawa jumlahna kurang ti 49, pasti aya logak nu teu kaeusian. Logak nu teu kaeusian téh disebutna pécong.

Baca Juga:  Kapolres Purwakarta Pantau Langsung Latihan Tim Taktis

Lamun anu maén téh eureun dina logakna sorangan anu kosong di hareupeun logak batur anu eusian, disebutna némbak; sarta eusi logak nu batur téa dicokot diasupkeun kana logak indung anu manéhna.

Tuluy wé kitu jeung kitu, kewuk dikurilingkeun nepi ka lawan logakna pécong kabéh, teu bisa jalan.

Baca Juga:  Bupati Bekasi Sebut Meikarta Dorong Roda Perekonomian Daerah

Sawatara ahli nyebutkeun, yén congklak téh hadé keur kamekaran uteuk barudak. Anu matak disarankeun jadi kaulinan anu diajarkeun di sakola dasar. Jelas leuwih alus upama dibandingkeun jeung ngucel hapé mah nya.

Ceuk panalungtikan, budak anu loba teuing ngucel hapé temahna bisa-bisa kawas anu jantungeun, tampolana mah kawas anu tinggar kalongeun. (Red)

Rubrik Palataran diasuh oleh budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah