Kasenian Sunda Nungtut Laleungitan

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Tatar Sunda téh beunghar, beunghar ku padumukna, beunghar ku sumber daya alamna, jeung beunghar ku seni budayana deuih. Méh unggal wewengkon di Tatar Sunda miboga seni budaya anu jadi ciri mandiri daérahna masing-masing. Dina kasenian upamana, Subang boga sisingaan, Sumedang boga kuda rénggong, Garut boga surak ibra, Ciamis boga bebegig, jeung sajabana.

Nurutkeun data ti Dinas Pariwisata dan Kebudayaan (Disparbud) Jawa Barat, aya kurang leuwih 355 jenis kasenian anu kungsi hirup di Jawa Barat. Ngan hanjakal henteu kabéh hirup mulus rahayu. Teu kurang ti 134 jenis kasenian Sunda anu ampir leungit. Malah aya 30-an jenis kasenian anu geus taya di kieuna. Ngan ukur aya dina carita jeung kapanggih raratanana dina catetan.

Baca Juga:  Polisi Bongkar Makam Mantan Istri Sule

Kasenian anu ampir leungit, di antarana baé wayang catur, pantun, pantun beton, beluk, banjet, goong rénténg, calung rénténg, parebut sééng, jeung wayang cepak. Ari kasenian anu geus bener-bener dianggap musna, di antarana honghong ti Sumedang, uyeg (Sukabumi), wayang ibuk (Cianjur), wayang priayi (Bandung), seni angguk jeung banganan (Ciamis).

Leungitna éta jenis-jenis kasenian téh, lantaran geus euweuh nu nanggap nepi ka taya régenerasi. Kadéséh ku kasenian wanda anyar, pangpangna mah kasenian deungeun anu kiwari keur meujeuhna mahabu. Malah sawatara kasenian anu kiwari masih dianggap hirup kénéh ogé, geus mimiti kaancam hirup-huripna. Hirup teu neut paeh teu hos.

Baca Juga:  Korban Pemerkosaan 14 Pemuda di Aceh Sering Menjerit Pada Malam Hari

Memang éta ogé aya ari tarékah mah. Di antarana ngahirupkeun deui sawatara kasenian anu geus paéh atawa rék paéh, saperti anu dilakukeun ku Disparbud Jabar. Henteu hésé-hésé teuing ari masih kénéh aya senimanana mah. Masih kénéh bisa diperedih sangkan ngahirupkeun deui kasenian anu kungsi ditabeuhna. Sabalikna, lamun senimanana geus areuweuh sarta taya régenerasi, tangtu lain pagawéan énténg-énténg. Di antarana, lantaran taya dokuméntasi,

Sanajan kitu, henteu ngabibisani aya kasenian anu tadina geus dianggap musna, ayeuna katémbong mimiti hirup deui. Mimiti loba anu nabeuhna deui. Contona baé karinding. Éta téh lantaran aya sawatara urang Sunda anu mikacinta sarta bari jeung prakna ngahirup-huripkeun deui karinding. Hartina, peran masarakat ogé gedé hartina pikeun ngahudang jeung ngahirup-huripkeun kasenian Sunda anu rék musna atawa anu geus dianggap leungit sama sakali.

Baca Juga:  Polisi Amankan Dua Pelaku Pembunuhan di Kota Bandung, Begini Kronologinya

Ayeuna mah, balik deui ka urang salaku urang Sunda. Naha rék diantep baé kasenian Sunda téh sina lus-les laleungitan? Lamun rék ditarékahan, kumaha atuh cara narékahanana? Jigana mah teu cukup ku disawalakeun, tapi bari kudu jeung prakna, saperti anu dilakonan ku seniman karinding. (Red)

Rubrik Palataran diasuh oleh budayawan, Kang Budi Rahayu Tamsyah.