Kaulinan Barudak: Pérépét Jéngkol atawa Parékét Jéngkol?

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah.

Salasahiji kaulinan barudak Sunda téh nya éta “pérépét jéngkol”. Basa kuring keur ngumpulkeun kaulinan barudak Sunda. tuluy dibandingkeun jeung kaulinan barudak anu aya di wewengkon séjén. Loba anu saruana, ngan pédah béda ngaranna. Upamana baé “gatrik”, di wewengkon Batawi disebut “tok lélé”; “jajangkungan” di urang, disebut “égrang” di Jawa. Kitu deui “oray-orayan” jeung “galah sodor”. Éta di antarana.

Ari “pérépét jéngkol” mah, euweuh sasaruanana. Copélna can kapanggih anu sarua di daérah séjén. Di daérah séjén mah euweuh kaulinan barudak anu sawatara urang patukang-tukang bari sukuna paselup patumpang-tumpang; tuluy acreug-acreugan bari kakawihan. Bisa disebutkeun “pérépét jéngkol” téh kaulinan barudak has Sunda. Anu matak lebar mun “pérépét jéngkol” nepi ka leungit téh.

Baca Juga:  Abah Soleh Jadi Calhaj Tertua Dari Purwakarta

Ngan aya kahananana (kendalana – Ind.) upama éta kaulinan diwanohkeun ka barudak. Kakawihanana cawokah. Ampun paralun, lain rék cawokah komo jorang, ngan ieu mah niat ngalelempeng baé. Anu sumebar kiwari, unina kieu:

PÉRÉPÉT JÉNGKOL

Pérépét jéngkol jajahéan,

kadempét kontol jéjérétéan.



Lamun seug diwanohkeun ka barudak, hég diajarkeun di sakola; meureun teu matak geunjleung mah.

Tapi, ké lanan. Nurutkeun Godi Suwarna, panyajak Sunda kakoncara urang Ciamis; aslina mah cenah henteu kitu éta téh. Euweuh anu cawokah, da taya nu nyabit-nyabit “ikan tongkol”. Aslina mah “jempol”. Ngan biasa wé ku barudak lalaki digaranti jadi éta.

Baca Juga:  Wah! 10 Hertare Lahan Kebon Jati di Cipatujah Terbakar

Kabayangna téh bari tingcirihil saleuseurian. Barudak Sunda téa atuh, kana cawokah téh bareuki. Éta wé geura mun balik sakola maling kapur, sajajalan dipaké gagambaran, gambarna téh angger: dua gunung di tengah-tengahna aya panonpoé, anu konotasina cawokah.

Jadi meureun aslina mah kieu kakawihanana téh.

PÉRÉPÉT JÉNGKOL

Pérépét jéngkol jajahéan,

kadempét jempol jéjérétéan.



Éta ogé saenyana mah geus robah. Kapanggih dina Kamus Umum Basa Sunda wedalan LBSS, aslina mah cenah “parékét jéngkol”. Geura urang cutat kateranganana:

parékét, 1. kbl. kana jéngkol: saparékét, sagagang; parékét jéngkol, ng. kaulinan barudak, sawatara urang patukang-tukang, tuluy salasahiji sukuna sina patumpang-tumpang; sok aya nu salah nyebut jadi “pérépét jéngkol”; 2. ng. bangun tanduk domba nu siga jéngkol saparékét (ngaringkel).

Baca Juga:  Pemda KBB Beri Diskon hingga Penghapusan Denda untuk Pajak PBB-P2, Simak Ini

Jadi meureun kakawihan anu awalna mah kieu:

PARÉKÉT JÉNGKOL

Parékét jéngkol jajahéan,

kadempét jempol jéjérétéan.



Beuki ngayakinkeun baé, yén kaulinan barudak “pérépét jéngkol” atawa “parékét jéngkol” téh, pituin kaulinan barudak Sunda. Yu, urang ramékeun deui; tapi kakawihanana tong nu aya “ikan tongkol” nya; da éta mah KW. Nu aslina wé “jempol”.

Ku logika ogé kaharti, parékét jéngkol; suku paselup bari acreug-acreugan, anu pantes kadempétna nya anu aya di dinya, nya éta jempol, da jeung “ikan tongkol” mah jararauh. (Red)

Rubrik Palataran diasuh oleh budayawan, Kang Budi Rahayu Tamsyah.