Lalakon Batu Cinta jeung Pulo Asmara di Situ Paténggang

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Bandung Kidul mémang miboga alam anu éndah tur matak tibelat. Pantes mun padangajugjug téh. Di Ciwidéy upamana, aya tempat wisata anu geus kawentar kajanapria, kaceluk ka awun-awun, nya éta Situ Paténggang. Aya ogé anu nyebut Situ Paténgan. Éta téh aya dongéngna.

Kocapkeun Ki Santang, hiji jajaka gandang alona Prabu Siliwangi, Maharaja Karajaan Sunda. Ki Santang mikacinta putri gunung anu geulis, Déwi Rengganis. Tétéla, Déwi Rengganis ogé sarua cintana.

Hiji mangsa Ki Santang jeung Déwi Rengganis téh kudu papisah, lantaran kapaksa ku kaayaan. Ki Santang kudu mancén tugas ti nagara. Duanana ngarasa sedih.

Lila ti lila, lantaran katarik ku duriat anu teu daék pegat, nya duanana patéangan-téangan. Ahirna papanggih di hiji batu, maheutkeun jangji pasini di dinya. Tapi, saméméhna Déwi Rengganis aya kahayang. Hayang paparahuan di situ.

Baca Juga:  Heboh LGBT Di Sumedang, Ini Kata Bupati Dan Kapolres

Ki Santang anu mémang sakti, nénjrag lemah. Harita kénéh ngaburial cai tina jero taneuh, anu ahirna jadi situ. Tuluy baé nyieun parahu. Duanana sukan-sukan paparahuan di situ. Ti dinya situna dingaranan Paténggang atawa Paténgan, anu asalna tina kecap patéangan-téangan.

Ari batu tempat papanggihna, dingaranan Batu Cinta. Parahu urut lalayaranana jadi pulo, anu kiwari katelah Pulo Asmara. Tah, walungan anu jadi sumber cai pikeun Situ Paténggang disebutna Walungan Cirengganis.

Rék percaya rék henteu éta mah. Anu jelas, dongéng sasakala jadi papaés éndahna alam di sabudeureun Situ Paténggang. Legana wewengkon wisata di dinya, anu ngawengku situ jeung leuweung, teu kurang ti 150 héktar. Di situna loba rupa-rupa lauk kayaning lauk emas, mujaér, nila, nilem, lélé, paray, jeung beunteur.

Baca Juga:  Jadwal dan Lokasi SIM Keliling Purwakarta Hari Ini Senin 15 Agustus 2022

Di sabudeureun situ, hirup rupa-rupa manuk saperti belekok, tikukur, jeung manuk kacamata. Malah di leuweungna mah masih kénéh aya surili, sato anu kawilang langka. Kitu deui jeung kakaianana. Kai anu kasebut has Tatar Sunda saperti puspa, pasa, jeung saninten, masih kénéh rajeg.

Lalampahan ngajugjug Situ Paténggang, kawilang gampang. Asal geus nepi ka Soréang, ti dinya mah terus baé ngidul. Mapay jalan nu geus diaspal leucir. Najan nanjak jeung pungkal-péngkol, tapi baris kaubaran ku éndahna téténjoan di sapanjang jalan. Leuweung paselang jeung mayakpakna kebon entéh.

Baca Juga:  Ngarak Beras Perelek Di Purwakarta Tercatat Dalam MURI

Salian ti éta ogé, urang baris manggihan sababaraha gunduk kebon strobéri. Urang bisa meuli strobéri bari metik sorangan tina tangkalna anu dipelak dina kantong-kantong pelastik.

Di wewengkon wisata Situ Paténggang unggal taun sok diayakeun sukuran ku masarakat di dinya. Ritual budaya anu mangrupa wujud kacinta jeung kanyaah masarakat ka bali geusanna ngajadi. Kagiatanana anu dilakukeun, di antarana baé melak tatangkalan di Pulo Asmara jeung melak binih lauk di sabudeureun Situ Paténggang. (Red)

Rubrik Palataran diasuh oleh budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.