Lalakon Désa Karédok di Sumedang

JABARNEWS | SUMEDANG – Désa Karédok téh aya di Kacamatan Jatigedé, Kabupatén Sumedang. Perenahna di sisi Walungan Cimanuk, kira-kira dua kilométer kaléreun Bendungan Jatigedé. Désa anu kaitung loba lalakonna. Di dinya aya “Upacara Ngarot”, upacara adat Sunda anu mayeng dilaksanakeun unggal bulan Oktober.

Kangaran-ngaraning urang Sunda, tangtu moal bireuk deui kana karédok mah, kadaharan tradisional anu loba rupana. Aya karédok leunca, karédok kacang panjang, jeung karédok térong buleud. Naha karédok bet dipaké ngaran tempat? Kieu lalakonna téh:

Baheula dina mangsa Pangéran Aria Suria Atmaja jadi Bupati Sumedang (1883 – 1919 M), ieu désa téh ukur lembur leutik anu katelahna Kampung Dobol. Perenahna henteu jauh ti Walungan Cimanuk.

Kacaturkeun, dina hiji mangsa Pangéran Aria Suria Atmaja ngahaja nganteur kalangenanana kana ngalintar. Tempat anu ditujuna, nya éta Leuwi Kiara. Kalawan henteu disangka-sangka, Pangéran Aria Suria Atmaja, satutasna hanjat ti walungan bet ngadadak nyimpang heula ka Kampung Dobol.

Baca Juga:  Kasus Covid-19 di Majalengka Capai 236 Orang, Kebanyakan Tak Dirawat di Rumah Sakit

Urang dinya ngarasa bagja kasumpingan Kangjeng Dalem. Ngan, sabalikna salian ti rasa bagja téh, aya rasa kahanjelu anu liwat saking, duméh kaisinan henteu bisa ngabagéakeun tamu agung, da henteu sasadiaan ti anggalna téa. Padahal, harita katingalna, Pangéran Aria Suria Atmaja bangun anu ngarasa capé kacida. Da maksudna datang ka lembur téh rék ngareureuhkeun kacapé. Warga Kampung Dobol ngarasa bingung naon anu kudu disuguhkeun.

Henteu disangka-sangka bet aya salah saurang warga anu ngasongkeun karédok kanggo nyuguhan Kangjeng Dalem. “Hapunten baé Gusti Dalem, mugi kersa ngama’lum, da di lembur teu aya katuangan anu saé,” ceuk warga anu harita ngasongkeun karédok térong katut sanguna.

“Éh, nuhun atuh kami diasongan. Sigana nikmat, da geus lila teu dahar karédok,” walon Kangjeng Dalem. Maksudna mah sangkan warga anu nyuguhanana ngarasa ngeunaheun haténa. Tapi sanggeus diicip-icip, tétéla Kangjeng Dalem kawas anu ponyo, ngan sageprakan karédok téh ledis. “Tuh, ceuk kami gé, énya baé nimat. Mirasa pisan nepi ka pérén,” ceuk Kangjeng Dalem.

Baca Juga:  Seorang Petani Tewas Tertimbun Longsor saat Bekerja di Sawah Desa Pondokbungur Purwakarta

Sadatangna ka Pendopo Sumedang. Pangalaman nuang karédok di Kampung Dobol téh dicaritakeun ka para kapetengan di pendopo, nepi ka sesepuh kapetengan gé kataji, uruy ku dongéng Kangjeng Dalem.

“Atuh lamun kitu mah, kami ogé hayang apal karédok Kampung Dobol téh. Keun kami isuk pagéto mah urang ngahaja, bari sakalian ngalintar di Leuwi Kiara. Da béjana laukna loba pisan,” ceuk Sesepuh Sumedang.

Sakumaha anu geus dirarancang, dina hiji poé Sesepuh Sumedang kalawan diiring ku sababaraha urang kapetenganana ngahaja ngadatangan deui Kampung Dobol. Puguh aya béja ti anggalna yén ka Kampung Dobol bakal kaanjangan deui ménak ti Sumedang, warga mah geus tatan-tatan sasadiaan, nyiapkeun karédok. Atuh barang datang Sesepuh Sumedang ka dinya, karédok geus disampakkeun.

Baca Juga:  Saat Harga Telur Naik, Peternak Ayam Petelur di Purwakarta Malah Merugi, Ini Penyebabnya

“Leuh, enya baé. Nimat pisan ieu karédok téh. Paingan Kangjeng Dalem mani pok deui, pok deui nyaritakeun karédok ti lembur ieu. Malah nepi ka nyebutna ogé, sugan mah Kampung Karédok wé,” ceuk Sesepuh Sumedang, anu kakara ngasaan karédok kalawan mirasa pisan di hareupeun tokoh masarakat Kampung Dobol.

Sigana éta omongan téh terus eunteup dina haté warga Kampung Dobol nepi ka ngaran Kampung Dobol ogé dirobah tur nelah Kampung Karédok. Tina kampung jadi désa, anu kiwari jadi Désa Karédok. (Red)

Rubrik Palataran ini diasuh oleh Budayawan, Kang Budi Rahayu Tamsyah