Pantrangan Kolot Baheula di Pasundan

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Di sakuliah Indonésia aya kapercayaan, yén upama nyebut hiji kecap matak aya cangcalana, nepi ka kudu diganti ku kecap séjén anu taya matakna.

Paninggaran, palika, jeung juru tani réa pantrangna. Dina keur usum sasalad diaringetkeun pisan pantrang téh.

Naon sababna nu matak aya kecap-kecap anu dipantrang? Tayohna tina disangka, yén upama nyebut kecap pantrangan téa, sarua jeung ngahudang napsu dedemit. Atawa kecap pantrangan téa, sorana ngaharib-harib kana ngaran sato atawa barang anu sangar atawa kana ngaran karuhun.

Di Pasundan réa pisan kecap pantrangan téh. Di handap ieu disebut sawatarana ti nu ilahar di Cirebon Kidul, Priangan jeung Karawang. Bisa jadi kiwari mah geus tara dipaké éta pantrangan téh.

Pantrangan di nu Orokan

Kecap kuntianak atawa kunti sok diganti ku “nu di cai”. Nu nganjang ka nu keur bulan alaeun, teu meunang nyebut “hésé” kudu “babari”, maksudna supaya gampang ngajuru.

Baca Juga:  Baru Beli Narkoba, Dua Pria Asal Pematangsiantar Ditangkap

Lamun aya sarung butut, kudu disebut “sarung alus”, supaya orokna alus (Soréang). Ari nu hudang ngajuru kudu disebut “nu keur senang” (Karawang, Ciwidéy). Mun orok gering jeung ceurik baé ti peuting, ulah disebut ku “jurig” kudu disebut ku “nu ti peuting” (Sagalahérang).

Pantrangan di nu Gering

Upama aya nu gering atawa aya kajadian nu matak nyeri, sok aya kecap-kecap nu diganti ku nu séjén.

Di sakuliah Pasundan mun aya nu kaléob atawa anu kasundut, kecap “panas” kudu diganti tu “tiis”. Budak labuh sok disebut “bangkong”, sabab bangkong mun labuh tara nyerieun.

Sawaréh sok ditanya “Mana bangkongna?”, supaya nu labuh téa kabangbalérkeun. Anu ragrag sok disebut “monyét” atawa “careuh”, nya éta sato-sato nu lamun ragrag sanajan luhur, sok gancang hudang jeung tuluy lumpat.

Baca Juga:  Ini Jadwal Vaksinasi Tahap Kedua di Cianjur, Siapa Yang Akan Disuntik Pertama?

Nu gering panas lantaran mandi di tempat sanget, ku dukun sok disebut “kabadi ku nu di cai”. Nu muriang teu meunang disebut “panas” kudu “haneut” (Darmaraja). Anu kuris biasa disebut “bagong”, jeung teu meunang nyebut “kuris” atawa “cacar”, kudu “kasakit alus” atawa “kasakit bagong”. Ari keur meujeuhna tingperentis disebut “midang” atawa “beunghar”. Lamun carang disebut “beuneur” atawa “malarat”.

Di Soréang kasakit tampek sok disebut “kasakit bagong” atawa “kasakit malarat”.

Pantrangan di Dapur

Upama ngeletik keur ngagolak, teu meunang gandéng jeung nyebut ngaran minyakna, kudu “caah” (Bandung, Sumedang, Cianjur).

Dina waktu gogoréngan, supaya teu hambur minyak, henteu meunang nyebut minyak, kudu “cai” (Soréang) atawa “getihna” (Banjaran). Kitu deui kecap galéndo kudu disebut “wadukna”.

Batok nu dipatuhkeun gawéna aya ngaranna, saperti paranti nyiuk béas sok disebut “entik” atawa “undem” atawa “beruk”. Aseupan di Cilawu jeung Garut Kidul, disebut “lépé”.

Baca Juga:  Bentrok Dua Ormas di Sukabumi, 4 Korban Dilarikan ke RSUD

Gayung di Cimahi disebut “siwur”, ari di Panjalu jeung Kuningan disebut “canting”. Songsong di Cimahi disebut “paniup seuneu”, ari di Padahérang disebut “ruas bungbas”.

Lodong di Ciségel disebut “ruas”, ari di Cililin “wadah cai”. Mun di dinya aya sémah rék nyebut lodong, gancang baé dina lebah lod … ku pribumi dituluykeun “lod tandé”; di Subang disebut “katung”, di Panjalu “kélé”, di Cilawu kucluk (niron sorana).

Di Cililin mun nyebut “ruhay” sok aya maung, jadi kudu “hurung” baé. Urang Panjalu kana uyah sok nyebut “nu bodas”. Urang Cianjur mun meuncit hayam kana burih sok nyebut “kakandel”. Mun keur nipung ulah nyebut léngkét jeung cepel jeung ulah seuri deuih. (Red)

Rubrik Palataran diasuh oleh budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.