Bedog Galonggong “Balik Mipih” nu Awét tur Éstétis

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Nu matak disebut bedog Galonggong téh, lantaran dijieunna di Kampung Galonggong, Désa Cilangkap, Kacamatan Manonjaya Kabupaten Tasikmalaya, Jawa Barat.

Loba urang Galonggong anu pacabakanana panday purah nyieunan bedog, anu geus turun-tumurun ti saméméh nagara urang merdéka.

Mémang bedog Galonggong geus kakoncara ti jaman Walanda kénéh. Urang dinya geus dipercaya nyieunan pedang jeung balati komando ku gegedén Walanda harita.

Salian ti éta ogé loba jawara di tanah Jawa anu milih pakarang “made in” Manonjaya, lantaran unggul lamun dipaké tarung.

Ceuk ujaring carita, baheula mah di Alun-alun Manonjaya téh sok aya tarung ngajajal kakuatan bedog. Tétéla cenah, bedog Galonggong leuwih tohaga, lantaran teu gampang buntung atawa rogés.

Ari bedogna anu kawentar nya éta bedog “balik mipih”. Anu dijiieunna ku cara nyampurkeun sawatara logam. Luluguna mah beusi jeung waja.

Baca Juga:  Tiga Santriwati Korban Dugaan Pencabulan di Depok Diperiksa, Begini Kata Polisi

Prosésna henteu gampang, da kudu terus dibeuleum jeung diteupa ku sababara urang, nepi ka jadi awor tur kuat.

Teuas jeung hipuna waja bisa diukur tina kandungan karbonna. Salian ti éta ogé bisa ditingali tina warnana. Beuki hideung warnana, tangtu beuki teuas. Tapi éta ogé aya cageranana.

Keur pedang mah, upamana, bahan anu teuas teuing téh kurang hadé. Sabab ari pedang mah salian ti kudu seukeut jeung kuat téh, kudu leuleus deuih.

Bedog atawa pedang “balik mipih” mah henteu ngan saukur kuat jeung seukeut. Urat-uratna ogé katémbong éstétis deuih, akibat tina prosés lapisan waja anu diteupa. Jadi aya pamoran mun dina keris mah.

Kakuatan “balik mipih” mémang teu bisa dianggap énténg. Bedogna ogé bisa dipaké nyacag paku atawa logam-logam lianna.

Baca Juga:  Tim Sergap Mabesad Beri Pengarahan Soal Serapan Gabah

Ciri séjénna tina bedog Galonggong nya éta pérahna. Umumna dijieun tina tanduk munding bikang atawa tanduk sapi. Kitu deui jeung sarangkana.

Pérahna diukir dibentuk hulu galudra, naga, atawa tokoh-tokoh wayang. Sarangkana diukir rupa-rupa motif. Éta sababna bedog Galonggong mah, salian ti diarah gunana, sok dipaké papaés deuih.

Lantaran seukeut jeung awét, bedog Galonggong jadi panyileukan parajagal. Éta wé dipaké meuncit sapi lima téh, da teu réngrot-réngrot atuh. Jajauheun kana rarompal. Komo mun ukur dipaké meuncit domba atawa embé mah.

Soal harga, aya paribasa harga mah tara ngabobodo. Bedog “balik mipih” Galonggong ogé kitu. Hargana gumantung kana prosés nyieunna. Leuwih hésé prosésna, tangtu leuwih mahal hargana.

Sésémpéranana baé ogé, sésa tina prosés “balik mipih”, dijual antara Rp100 rébu nepi ka Rp400 rébu. Ari bedog “balik mipih” anu aslina mah, dijual antara sajuta pérak nepi ka lima juta pérak, Malah aya nu nepi ka leuwih ti tujuh juta pérak ogé.

Baca Juga:  Sidak PTM, Bupati Cianjur Kaget Ada Siswa SD Lupa Membaca

Sakali deui, soal harga mah kumaha prosés nyieunna, bahanna, jeung modélna. Kaasup jeung pamorna deuih.

Ngan aya hanjakalna. Kiwari panday anu nyieunan bedog “balik mipih” téh beuki ngurangan baé. Ditambah ku kurangna régenerasi, bedog Galonggong “balik mipih” kaancam musna.

Kiwari anu nyésa téh panday anu geus karolot. Kitu ogé kudu pipindahan tempatna, lantaran pikeun nyieun bedog “balik mipih” Galonggong kudu ku tilu-opat urang. Teu bisa ku sorangan.

Duh, hanjakal wé nya lamun bedog Galonggong ngan kari ngaran téh. Padahal geus nyambuangkeun wawangi ngaran Tasikmalaya ka mana-mana, malah nepi ka mancanagara. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah