Logo Kabupatén/Kota di Jabar Loba anu Taméngna Teu Nyunda

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Logo téh gambar atawa skétsa anu jadi wawakil pausahaan, daérah, organisasi, lembaga, jsb. pikeun ngabédakeun jeung nu séjén.

Upama nilik ka dinya mah, jelas logo téh kudu bisa ngagambarkeun ciri mandiri sarta karakter anu digambarkeunana. Copélna mah kudu nyoko ka dinya.

Ngan lamun urang nengetan logo daérah kabupatén atawa kota di Jawa Barat (Jabar) loba anu henteu saluyu jeung budaya Sunda, pangpangna mah dina wengku (Ind. bingkai) dasarna.

Baca Juga:  Satgas Nasional Kabarkan Perkembangan Covid-19 di Indonesia, Ini Katanya

Apan pangeusi pituin Tatar Jabar téh urang Sunda, tangtu wengkuna ogé kudu napak kana tradisi jeung budaya Sunda.

Umumna logo kabupatén atawa kota di Jabar téh diwengku ku taméng (perisai). Tapi taméngna, wangun taméng Éropah, lain taméng Sunda.

Pék, geura bandingkeun jeung logo nagara-nagara di Éropah. Mun ngagunakeun taméng, pasti taméng segi lima saperti anu sok dipaké ku tentara Romawi atawa tentara Kristen dina Perang Salib.

Bisa jadi éta téh lantaran nurutan logo kota anu dijieun ku urang Walanda baheula. Taméng wangun segi lima katut rupaning variasina. Sabab teu ngabibisani, anu baheula mimiti nyieun logo kota di urang téh, nya urang Walanda.

Baca Juga:  Trem Baru Kota Bogor Bukan Sekedar Isapan Jempol Belaka

Kabiasaan di urang, kaasup gegedénna resep tuturut munding, bari sakapeung tara maluruh heula akar sajarahna.

Ari wangun taméng Sunda ceuk ahli sajarah Sunda, Saléh Danasasmita, aya tilu rupa, nya éta buleud, lonyod, jeung pasagi; bahanna aya anu tina logam (beusi), kai, jeung hoé.

Baca Juga:  Tak Tanggung-tanggung! Erick Thohir Janjikan Bonus Besar Jika Timnas Indonesia Bisa Kalahkan Jepang

Contona mah saperti taméng anu sok dipaké dina Ujungan, dijieunna tina anyaman hoé, ari wangunna pasagi burung.

Untungna téh logo Propinsi Jawa Barat mah dasarna taméng lonyod, taméng Sunda, lain taméng Éropah nurutan logo “made in” bangsa Walanda téa.

Nyunda logo Pemprov Jabar mah. Salian ti éta, sanajan aya di Tatar Sunda, lolobana mah anu teu nyunda. Pék baé tengetan! (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah