Kabiasaan Urang Kanékés Méré Ngaran ka Anakna

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Urang Kanékés leuwih populér disebut urang Baduy. Urang nyebut urang Kanékés waé nya, saluyu jeung anu dipikahayang ku maranéhna. Urang Kanékés téh sélér bangsa Sunda anu masih kénéh ngukuhan adat tatali paranti karuhunna. Méh dina sagala aspék hirup kumbuhna, kaasup dina méré ngaran ka anakna.

Tukang ngurus anu ngajuru di Kanékés disebutna ambu beurang atawa ambu girang, Nya manéhna anu ngurus orok jeung indungna salila tacan jagjag sabihari téh. Dina poé katujuh, orokna dingaranan. Ari ngaranna sok dimimitian ku engang munggaran ngaran kolotna. Mun anakna lalaki, engang munggaran ngaran bapana; atuh mun awéwé, engang munggaran indungna.

Baca Juga:  Masalah dan Tantangan di Kota Cimahi Semakin Berat, Ini Catatan dari Ridwan Kamil

Upamana baé bapana Nakiwin, indungna Sawiti. Mun anakna lalaki, bisa jadi ngaranna téh Naiwin, mun anakna awéwé bisa jadi ngaranna Sainah. Sabada dingaranan, budak téh digeulangan ku geulang kantéh, anu dijieunna tina benang kantéh. Budak lalaki geulangna dina leungeun katuhu, ari budak awéwé dina leungeun kénca. Maksudna pikeun panulak bala.

Upama éta budak téh budak cikal (panggedéna), leungit wé ngaran asli indung-bapana mah. Robah jadi Ayah Naiwin jeung Ambu Naiwin, atawa Ayah Sainah jeung Ambu Sainah. Sesebutan nurut ka anak cikal.

Baca Juga:  Binkomsos Prajurit TNI kepada Aparat Desa Cisaat

Di Kanékés ogé loba anu ngaranna Runtah, Cudih, atawa Pulung. Éta téh dumasar kana kapercayaan, mun budak ririwit (geringan, réwél, jsb.) kudu dipiceun kana wadah runtah. Dipiceun sakeudeung, tangtu wé dirawatan deui, sarta ngaranna diganti jadi Runtah (mun lalaki), atawa Cudih (mun awéwé); hartina mah runtah-runtah kénéh. Indung-bapana ogé robah sesebutanana jadi Ayah Runtah jeung Ambu Runtah; atawa Ayah Cudih jeung Ambu Cudih.

Salian ti dipiceun kana wadah runtah, budak anu ririwit téh sok diakukeun ka batur, disebutna budak pulung. Atuh budak téh ngaranna diganti jadi Pulung. Indung bapana robah deuih sesebutanana jadi Ayah Pulung jeung Ambu Pulung.

Baca Juga:  Kasus Covid-19 Warnai PTM Terbatas di Dua Sekolah di Kota Tasikmalaya

Naha kabiasaan urang Kanékés dina méré ngaran ka anakna téh, gambaran umumna urang Sunda baheula? Can kapaluruh. Anu jelas, méré ngaran ka anak di kalangan masarakat Sunda aya mangsana. Aya mangsana nurutan urang India, urang Arab, urang Walanda, jeung sajabana. (Red)

Rubrik Palataran diasuh oleh budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.