Kampung Opak jeung Kolontong di Kabupatén Bandung

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Opak téh kadaharan has urang Sunda. Opak aya méh di unggal wewengkon di Tatar Sunda. Loba anu bisa nyieun opak mah. Ngan henteu loba anu ngajadikeun nyieun opak jadi pakasaban sapopoé. Komo lamun leuwih ti saurang mah dina sakampungna. Upamana baé saperti anu aya di Kampung Sukamanah, Désa Bojongkunci, Kacamatan Pameungpeuk, Kabupatén Bandung. Teu kurang ti 30 umpi di éta kampung, pacabakan sapopoéna téh nyieunan opak.

Salian ti di Pameungpeuk, di Rancaékék deuih anu aya “kampung opak” téh. Disebut “kampung opak” sotéh, pédah loba masarakatna anu pacabakan sapopoéna nyieunan opak. Nya éta di Désa Linggar jeung Sukamulya. Masih kénéh di wewengkon Kabupatén Bandung. Malah bisa jadi di kacamatan séjén ogé aya.

Baca Juga:  Warga Kaget Temukan Seorang Kakek Meninggal Dunia dalam Rumah di Tasikmalaya

Salian ti opak téh nyieunan kolontong deuih. Ari sababna mah, lantaran opak jeung kolontong téh bahanna sarua, nya éta tina béas ketan. Béas ketanna meunang meuli ti pasar-pasar, biasana mah asalna ti Ciséwu Garut. Béas ketan anu hadé keur nyieun opak jeung kolontong nya éta jenis ketan galimpo, benter, jeung anis. Ngan nya éta, ayeuna mah béas ketanna ogé geus mimiti langka. Dina ayana, hargana jadi mahal.

Cara nyieun opak jeung kolontongna ogé masih kénéh ngagunakeun cara-cara heubeul. Kitu deui jeung pakakas anu digunakeunana, masih kénéh “manual”.

Baca Juga:  Tandatangani Nota Kebijakan Umum Anggaran 2022, Ridwan Kamil Paparkan 11 Program Prioritas Jabar

Mimitina béas ketan téh dikeueum sapoé-sapeuting. Geus kitu diseupan nepi ka asak. Sanggeus asak, dijait terus ditutuan nepi ka lembut. Ditutuanana ogé ku halu wé dina lisung atawa jubleg. Kakara wé “dicitak” ku cara diléak-léak. Lamun nyieun opak, ukuranana kira-kira sapuluh sénti, nyieun kolontong mah kira-kira 30 – 50 sénti. Geus kitu mah tuluy baé dipoékeun. Mun keur hadé poéna mah, sapoé ogé garing. Tapi lamun keur usum ngijih, biasana sok digarang dina tungku.

Sanggeus garing, opak bisa langsung diasakan. Ari kolontong mah, méméh dipasak téh kudu dipasian heula. Carana ngasakan opak atawa kolontong, disangray atawa digoréng henteu maké minyak, boh minyak goréng boh minyak kalapa. Minangka gaganti minyakna téh nya éta keusik. Jadi si opak atawa kolontong téh disangray dina katél anu dikeusikan.

Baca Juga:  Petani di Garut Diminta Ikut AUTP

Opak jeung kolontong ti Kabupatén Bandung dijualna lain di daérah sorangan baé, tapi ogé dijual ka luar daérah deuih, saperti ka Jakarta, Bogor, jeung Banten. Geus puguh ari ka daérah tatangga mah saperti ka Garut, Cianjur, Sumedang, Subang, jeung Tasikmalaya. (Red)

Rubrik Palataran diasuh oleh budayawan, Kang Budi Rahayu Tamsyah