Carita Rayat Bandung: Sasakala Cigondéwah

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Cigondéwah téh ngaran lembur anu perenahna di Kacamatan Bandung Kulon, Kota Bandung. Kiwari mah di dinya téh aya tempat balanja pakéan jeung kaén anu kawilang pepek tur kajojo.

Ceuk ujaring carita, ngaran éta tempat téh aya sasakalana. Kieu cenah:

Baheula, baheulaning baheula, di dinya téh aya karajaan. Ngaranna Karajaan Sindangsari.

Ari anu jadi rajanya nyaéta Bagénda Singa Mandala. Kagungan putra hiji, jenenganana Putri Mayang Sawitri. Putri anu geulis kawanti-wanti, éndah kabina-bina. Nincak rumaja putri, atuh beuki moronyoy baé kageulisanana téh.

Kageulisan Nyi Putri geus jadi sabiwir hiji, jadi catur sapangeusi lembur, antukna sumebar ka mana-mana. Laju kaémpér-émpér ka nagara-nagara séjén anu aya di sabudeureun Karajaan Sindangsari.

Rajaputra jeung raja ti sawatara datatang ka Karajaan Sindangsari. Maksudna taya lian pikeun ngalamar Nyi Putri. Tapi, hiji ogé lamaranana téh taya anu ditarima. Pangpangna mah ku Nyi Putri, da ari Sang Bagénda mah, masrahkeun kumaha Nyi Putri baé.

Sang Bagénda ngaraos hariwang, bisi lobana lamaran anu ditolak ku Nyi Putri téh, aya matakna.

Tuluy baé Nyi Putri disaur, dilelekan, naon sababna pangna taya panglamar anu ditarima. Padahal anu ngalamr téh lain jalma joré-joré. Pangkat raja jeung rajaputra, paling copél pangkatna perdana mentri.

Baca Juga:  Lebaran H+2 Exit Tol Cileunyi Bandung Macet Sepanjang 2 Km

“Punten baé Ama, abdi téh sanés nampik pangasih, nolak katresna, nanging kumaha atuh? Teu acan aya anu cop sareng ati sanubari. Upami parantos aya mah, tinangtos abdi ogé sasanggem ka Ama,” walon Nyi Putri.

“Euh, teu nanaon ari kitu mah. Sugan Ama téh hidep mah embung rumah tangga,” saur Sang Bagénda.

“Henteu kitu Ama, kalah kumaha baé ogé, hiji waktos mah abdi kedah ngawangun rumah tangga. Mung ayeuna mah, punten baé Ama, sanggem abdi ogé, teu acan aya anu surup sareng lelembutan.”

Ngadéngé jawaban Nyi Putri kitu, Sang Bagénda rada longsong ogé haténa. Pokna téh, “Teu nanaon atuh ari kitu mah. Ngan Ama mah sok sieun aya matakna wé. Sanajan kitu, lantaran hidep anu bakal ngalakonan rumah tanggana, Ama mah masrahkeun kumaha hidep baé. Moal rék maksa. Komo deui ieu, urusan haté mah teu bisa dibobodo.”

Kahariwang Bagénda Raja Mandala téh kabuktian.

Di antara raja anu ditolak lamaranana ku Putri Mayang Sawitri téh, aya saurang anu ngarasa nyeri haté. Nyaéta Raja Jaya di Laga ti Karajaan Margaasih. Kaceluk raja anu gagah tur rongkah, tukang perang jeung naluk-nalukkeun musuh.

Baca Juga:  Wah! Syahrul Yasin Limpo Hilang Kontak Usai Perjalanan Dinas Luar Negeri, KPK Tegaskan Hal Ini

Raja Jaya di Laga katut wadya baladna ngajorag ka Karajaan Sindangsari. Celuk-celuk nangtang perang ka Bagénda Singa Mandala.

“Hé, Singa Mandala, lantaran lamaran kula ditolak ku andika, sarua jeung nangtang perang ka kula. Ayeuna kula jeung pasukan tentara kula ti Karajaan Margaasih, baris ngarurug ka nagara andika. Dagoan kua andika!”

Bagénda Singa Mandala henteu bisa nolak kana panangtang Raja Jaya di Laga. Sanajan jero-jerona mah, ngarasa gimir ogé, sabab pasukan tentara Karajaan Margaasih lain lawan anu énténg.

Malah bisa jadi henteu sabanding jeung kakuatan tentara karajaanana. Tapi, komara jeung wibawa karajaan katut rajana kudu dijaga.

“Heug téh teuing, panangtang andika ku kula ditarima. Kula mah kajeun ajur jadi lebu, tibatan mundur satunjang béas!” ceuk Bagénda Singa Mandala.

Harita kénéh Sang Bagénda ngeprik wadya baladna. Kabéh kumpul di alun-alun, sayaga nadah panarajang pasukan Karajaan Margaasih.

Kabéh tentara Karajaan Sindangsari mawa gondéwa jeung jamparingna. Taya nu mawa tumbak, pedang, atawa pakarang lianna.

Ari sababna, éta hiji-hijina pakarang pusaka anu aya di éta karajaan. Katambah aya pangwawadi ti Sang Bagénda, sangkan sakabéh tentarana ngan dimeunangkeun mawa pakarang gondéwa jeung jamparing. Ulah mawa pakarang nu séjén.

Dina poé anu geus ditangtukeun, wanci meleték srangéngé pasukan Karajaan Sindangsari ngabring ka pangperangan. Teu lila pasukan Karajaan Margaasih ogé daratang.

Baca Juga:  Doni Monardo Dianugerahi Doktor Honoris Causa oleh IPB

Wanci haneut moyan, der baé perang téh dimimitian. Pasukan Margaasih diteregteg ku panah, loba anu perlaya méméh adu hareupeun jeung musuhna. Dina perang jarak jauh, Pasukan Sindangsari unggul.

Tapi lila-lila, pasukan Margaasih terus ngangseg, nepi ka adu hareupeun jeung musuhna. Der baé perang campuh. Dina perang campuh, pasukan Sindangsari kadéséh. Pasukan Margaasih leuwih loba jumlahna sarta leuwih lengkep pakarangna, aya nu mawa pedang, tumbak, gobang, jeung gada.

Pasukan Sindangsari terus kadéséh. Loba prajuritna anu perlaya. Malah Bagénda Singa Mandala ogé kasambut di pangperangan.

Ngadéngé béja ramana perlaya di médan perang, Nyi Putri Mayang Sawitri nyabut patrem anu diselapkeun dina gelungna, laju ditubleskeun kana jajantungna. Putri Mayang Sawitri nuturkeun ramana ka alam kalanggengan.

Perang lekasan, Raja Jaya di Laga jeung pasukanana mulang deui ka karajaanana. Di urut pangperangan, ngabayak mayit prajurit Karajaan Sindangsari. Kitu deui pakarangna anu mangrupa gondéwa téa.

Gondéwa di mana-mana. Nya ti harita éta téh disebut baé Cigondéwa, anu robah jadi Cigondéwah. Tug tepi ka kiwari. (Red)

Rubrik Palataran diasuhu ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah