Kalangenan Urang Sunda: Rupa-rupa Kolécér

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Kolécér téh kalangenan urang Sunda, utamana mah di pilemburan. Sanajan geus carang, tapi masih kénéh aya anu sok nanggerkeun kolecér téh saperti di Bogor, Sukabumi, Purwakarta, Subang, Sumedang, jeung Majaléngka.

Ceuk sakaol, kolécér téh raket patalina jeung kahirupan patani di sawah. Selang-selang tina digawé di sawah, terus nyieun kolécér. Ditanjeurkeun dina galengan, diarah sorana mun pareng katebak angin.

Tangtu wé nanjeurkeun kolécér mah kudu dina mangsa gedé angin. Biasana dina usum angin barat, usum dangdangrat, usum pancaroba rék pindahna usum ngijih ka usum katiga. Usum kolécér bisa parat nepi ka usum katiga.

Tempatna ogé henteu samanéa deuih. Di unggal daérah pasti aya tempat anu kasebut alus anginna keur muihna kolécér. Di Sumedang, upamana, aya sawatara tempat anu katelah Pasir Kolécér.

Kolécér dipikaresep, lain baé ku barudak, tapi ku kolot deuih. Malah anu geus ngabaju mah, aki-aki ogé loba anu resep kana kolécér téh. Da éta wé mun mireungeuh kolécér anu nyegukna tarik, tangka ngalenggak-ngalenggah baé atuh. Bungah, teu béda ti jalma anu resep kana manuk titiran.

Baca Juga:  Pola Makan Calon Ibu Penyebab Terbesar Stunting di Kota Bandung

Kolécér budak béda jeung kolécér kolot. Kolécér budak mah umumna dijieun tina awi. Sok dibawa lumpat sangkan muih. Malah barudak ayeuna mah teu saeutik anu kokolécéran bari tumpak motor.

Ari kolécér kolot, leuwih panjang. Panjangna antara sameter nepi ka opat méter. Bahanna tina kai saperti tisuk, kitanah, randu, jeung baragalan. Malah sok aya anu nyieun kolécér ku kai jati ogé.

Di tengah-tengah kolécérna maké solobong, biasana tina palet dahan awi. Engké diasupkeun kana pupurus anu dijieunna tina awi deui. Tungtungna sok dirarangkénan ku kararas atawa baralak, minangka bubuntutna.

Éta kolécér anu meunang ngadangdanan téh ditanjeurkeun dina tihang awi haur saleunjeur anu jangkungna antara genep nepi ka dalapan méter. Tihangna aya anu ditancebkeun dina taneuh, aya ogé anu dipasang dina luhur tatangkalan anu gedé.

Baca Juga:  Miris, Petugas Damkar Kota Bekasi Beli APD Pake Uang Sendiri

Tadi disebutkeun, salian muihna kolécér ogé diala sorana. Sora ngawikwik kaluar tina paaduna solobong palet awi jeung puhu pupurusna. Ari sora nyeguk atawa ber-beran, kaluar tina sora kolécér anu katebak angin.

Alus jeung goréngna kolécér gumantung kana muihna jeung sorana. Kolécér anu hadé nya éta anu muihna lelet sarta sorana tarik. Nyegukna nepi ka ngajelegur, ceuk nu bohong téa mah.

Dumasar kana muih jeung sorana, kolécér téh aya tilu rupa. Nya éta kolécér seguk, kolécér golang, jeung kolécér lelet.

Kolécér seguk nya éta kolécér anu sorana tarik mun katebak angin. Beuki tarik anginna, beuki tarik muihna, sarta ditungtungan ku sora nyeguk anu tarik.

Ahéngna kolécér seguk, mun geus nyeguk téh sok terus eureun sakeudeung. Tuluy ngamimitian muih deui saperti tadi, nepi ka nyegukna.

Ari kolécér seguk anu dianggap hadé nya éta dina palebah eureunna sanggeus nyeguk, posisina malang. Matak aya nu nyebut kolécér sedut palang. Geus nyedut atawa nyeguk terus malang. Leuwih simétris malangna, leuwih saimbang, éta dianggap leuwih alus.

Baca Juga:  Soal Dugaan Permainan Harga Ayam, Disperindag Jabar Sebut Ini

Kolécér golang méh sarua jeung kolécér seguk. Sarua dina puncakna muih sok ditungtungan ku seguk. Ngan bédana ari kolécér golang mah, geus nyeguk téh terus muih deui harita kénéh. Terus golang. Matak kana kolécér golang téh sok aya ogé anu nyebut kolécér seguk golang.

Ari kolécér lelet, biasana ukuranana leuwih leutik ti kolécér seguk atawa kolécér golang. Kolécér lelet mah terus baé muih, anu beuki lila beuki lelet. Malah sanajan keur leutik angin ogé kolécér lelet mah tara eureun muih.

Sorana ngawikwik, beuki lelet beki tarik. Sakapeung diémbohan ku sora ngageber ber-beran tina kolécérna nu katebak angin.

Tukang nyieun kolécér anu geus tapis, apal kana lilinggeran kolécér seguk, kolécér golang, jeung kolécér lelet. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.