Nasional

Kasalahan Narjamahkeun Basa Indonésia kana Basa Sunda

×

Kasalahan Narjamahkeun Basa Indonésia kana Basa Sunda

Sebarkan artikel ini

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Narjamahkeun tina basa Indonésia kana basa Sunda mémang henteu gampang. Di antarana kudu apal kana adegan basana, boh adegan basa Indonésia boh adegan basa Sunda. Kasalahan anu mindeng kapanggih, di antarana:

merupakan ditarjamahkeun “mangrupakeun” atawa “ngarupakeun”, kuduna “mangrupa”

kebutuhan ditarjamahkeun “kabutuhan”, kuduna “kabutuh” atawa “pangabutuh”; membutuhkan = mikabutuh; dibutuhkan = dipikabutuh

kebenaran ditarjamahkeun “kabeneran”, kuduna “bebeneran”; kebetulan = kabeneran; membenarkan = ngabenerkeun, ngaenyakeun; membetulkan = menerkeun, ngoméan

melestarikan ditarjamahkeun “ngalestarikeun” atawa “ngalastarikeun” (lastari dina basa Sunda = paéh, ngalastarikeun = maéhan), kuduna “ngamumulé”

Baca Juga:  Robert Rene Alami Serangan Jantung, Dokter: Coach Sudah Merasa Lebih Baik

mempunyai ditarjamahkeun “ngabogaan”, anu leuwih merenah “boga”, “miboga”, atawa “mibanda” (gumantung maksud kalimahna)

kekayaan sok aya nu narjamahkeun “kakayaan”, anu merenah “pakaya”, “kaboga” “pangaboga”, “kabeungharan” (gumantung kana maksud kalimahna); kekayaan budaya = kabeungharan budaya

seorang lelaki ditarjamahkeun “saurang lalaki”, leuwih merenah “hiji lalaki”; dina dongéng-dongéng, upamana, ungkara ada seorang raja henteu ditarjamahkeun “aya saurang raja”, tapi “aya hiji raja”

keturunan sok ditarjamahkeun “katurunan”, leuwih merenah “turunan”, “rundayan”, “teureuh”, atawa “séké sélér” (gumantung maksud kalimahna); suku bangsa = sélér bangsa; suku Sunda = sélér Sunda

Baca Juga:  Lawan Thailand Jadi Penentu Langkah Timnas Indonesia di Piala AFF 2022

pemilihan umum sok ditarjamahkeun “pamilihan umum”, anu merenah mah “pilihan umum”; sabab kecap “pamilihan” dina basa Sunda ngandung harti “sésa milih”

preman sok aya anu narjamahkeun jadi “paréman”, padahal kecap “paréman” dina basa Sunda miboga harti “geus eureun tina pagawéanana” atawa “pangsiun”; anu matak sangkan teu salah harti, dipaké baé kecap “préman”

pengangguran sok aya anu narjamahkeun “pangangguran”, anu merenah mah “anu ngaligeuh” atawa “anu nganggur”, sabab kecap “pangangguran” dina basa Sunda ngandung harti “pagawéan anu tambuh” dina basa Indonesiana mah méh saharti jeung iseng-iseng

Baca Juga:  Akan Seperti Ini Peringatan Hari Kemerdekaan di Jabar

mengharapkan aya anu narjamahkeun “ngaharepkeun”, anu merenah mah “miharep”; diharapkan = “dipiharep”

Tina sawatara kasus di luhur, masalah tarjamahan basa Sunda, umumna kapangaruhan ku adegan kecap jeung kalimah basa Indonésia. Bisa jadi lantaran urang Sunda kiwari leuwih biasa mikir ngagunakeun basa Indonésia tibatan basa Sunda. Atawa leuwih maham kana adegan basa Indonésia tibatan kana adegan basa Sunda.(Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.

Tinggalkan Balasan