Penulis: Budi Rahayu Tamsyah
Narjamahkeun tina basa Indonésia kana basa Sunda mémang henteu gampang. Di antarana kudu apal kana adegan basana, boh adegan basa Indonésia boh adegan basa Sunda. Kasalahan anu mindeng kapanggih, di antarana:
– merupakan ditarjamahkeun “mangrupakeun” atawa “ngarupakeun”, kuduna “mangrupa”
– kebutuhan ditarjamahkeun “kabutuhan”, kuduna “kabutuh” atawa “pangabutuh”; membutuhkan = mikabutuh; dibutuhkan = dipikabutuh
– kebenaran ditarjamahkeun “kabeneran”, kuduna “bebeneran”; kebetulan = kabeneran; membenarkan = ngabenerkeun, ngaenyakeun; membetulkan = menerkeun, ngoméan
– melestarikan ditarjamahkeun “ngalestarikeun” atawa “ngalastarikeun” (lastari dina basa Sunda = paéh, ngalastarikeun = maéhan), kuduna “ngamumulé”
– mempunyai ditarjamahkeun “ngabogaan”, anu leuwih merenah “boga”, “miboga”, atawa “mibanda” (gumantung maksud kalimahna)
– kekayaan sok aya nu narjamahkeun “kakayaan”, anu merenah “pakaya”, “kaboga” “pangaboga”, “kabeungharan” (gumantung kana maksud kalimahna); kekayaan budaya = kabeungharan budaya
– seorang lelaki ditarjamahkeun “saurang lalaki”, leuwih merenah “hiji lalaki”; dina dongéng-dongéng, upamana, ungkara ada seorang raja henteu ditarjamahkeun “aya saurang raja”, tapi “aya hiji raja”
– keturunan sok ditarjamahkeun “katurunan”, leuwih merenah “turunan”, “rundayan”, “teureuh”, atawa “séké sélér” (gumantung maksud kalimahna); suku bangsa = sélér bangsa; suku Sunda = sélér Sunda
– pemilihan umum sok ditarjamahkeun “pamilihan umum”, anu merenah mah “pilihan umum”; sabab kecap “pamilihan” dina basa Sunda ngandung harti “sésa milih”
– preman sok aya anu narjamahkeun jadi “paréman”, padahal kecap “paréman” dina basa Sunda miboga harti “geus eureun tina pagawéanana” atawa “pangsiun”; anu matak sangkan teu salah harti, dipaké baé kecap “préman”
– pengangguran sok aya anu narjamahkeun “pangangguran”, anu merenah mah “anu ngaligeuh” atawa “anu nganggur”, sabab kecap “pangangguran” dina basa Sunda ngandung harti “pagawéan anu tambuh” dina basa Indonesiana mah méh saharti jeung iseng-iseng
– mengharapkan aya anu narjamahkeun “ngaharepkeun”, anu merenah mah “miharep”; diharapkan = “dipiharep”
Tina sawatara kasus di luhur, masalah tarjamahan basa Sunda, umumna kapangaruhan ku adegan kecap jeung kalimah basa Indonésia. Bisa jadi lantaran urang Sunda kiwari leuwih biasa mikir ngagunakeun basa Indonésia tibatan basa Sunda. Atawa leuwih maham kana adegan basa Indonésia tibatan kana adegan basa Sunda.(Red)
Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.