Leuweung dina Konsép Budaya Sunda

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Urang mindeng ngadéngé ungkara “Leuweung dibukbak, urang balangsak”. Ungkara anu awalna aya dina buku pangajaran basa Sunda di sakola. Tuluy dipaké ku para aktivis lingkungan.

Henteu salah éta téh. Sabab lamun dijujut ka puhu, lobana bencana alam saperti caah, urug, jeung tigerat ku cai téh, dina seuhseuhanana mah lantaran leuweung-leuweung dibukbak.

Éta leuweung téh aya anu dijadikeun wangunan, lahan tatanén boh ku rayat boh ku perusahaan, nepikeun ka loba gunung gundul pasir bulistir. Dina ayana ogé, teu manjing pikeun jadi panahan érosi jeung neundeun cai.

Upama nilik ka dinya mah, asa maju kénéh karuhun Sunda baheula, anu terus dijadikeun konsép budaya ngeunaan leuweung.

Leuweung ceuk konsép budaya Sunda, aya tilu rupa nya éta leuweung tutupan, leuweung titipan, jeung leuweung garapan.

Leuweung tutupan nya éta leuweung anu teu beunang diganggu pisan. Tong boroning dituar kaina, malah diala pangpungna ogé teu meunang. Sagala rupana dipasrahkeun kana kahayang alam.

Baca Juga:  Yuk Kongkow Di Cafe #wkwk, Masih Didiskon Loh

Leuweung tutupan sok disebut ogé leuweung larangan, sabab loba pisan laranganana. Dilarang nuar kai, nutuhan dahanna, malah nyokot pangpungna ogé teu meunang.

Leuweung tutupan atawa leuweung larangan sok dikaramatkeun. Matak sok disebut ogé leuweung karamat. Biasana di dinya sok aya sawatara tempat anu dikaramatkeun.

Mun aya anu wani-wani ngaganggu atawa ngarempak pantranganana, sok aya matakna. Mun teu kitu, meunang sanksi sosial ti masarakatna.

Konsép leuweung tutupan, leuweung larangan, atawa leuweung karamat masih kénéh diparaké di kampung adat Sunda. Upamana baé di Kampung Naga (Tasikmalaya) jeung Kampung Kuta (Ciamis).

Anu matak di dinya mah tara kakurangan ku cai. Sakumaha halodona ogé, tara kabéjakeun hésé cai. Cai cur-cor di mana-mana. Tara kabéjakeun aya caah deuih.

Éta salasahiji mangpaatna leuweung tutupan téh. Mangpaat séjénna, jadi habitat rupa-rupa mahluk hirup sabangsaning sasatoan langka.

Baca Juga:  Mang Oded Kurban 16 Sapi Dan 105 Kambing

Leuweung titipan, sarua ieu ogé leuweung anu teu meunang diganggu samanéa. Kaina bisa dipaké, bisa dituar lamun diperlukeun. Ngan kudu dipelakan deui ku bibit kai anu sarua.

Di sawatara kampung adat, leuweung titipan téh jadi leuweung paranti nitipkeun tangkal kai, tuareun jaganing géto.

Upamana baé Mang Salhiam boga anak, pamajikanana ngalahirkeun orok dingaranan Salwani.

Tah, Mang Salhiam buru-buru melak kai di leuweung titipan téa. Rék satangkal rék dua tangkal éta mah. Gumantung kana katangtuan adat di kampungna.

Éta tangkal kai diakukeun anu anakna, Si Salwani téa. Di mana Si Salwani geus sawawa, kawin, hayang imah-imah sorangan, teu kudu néangan kai bahan piimaheun. Kari nuar kai di leuweung titipan anu diakukeun (ku bapana) anu manéhna téa.

Ku cara kitu, moal aya anu wani-wani ngaganggu kana leuweung tutupan, bari leuweung titipan tetep kajaga, sabab unggal waktu aya anu melak kai.

Baca Juga:  Sah! Airlangga Hartarto Kembali Jadi Ketua Umum Golkar

Leuweung garapan nya éta leuweung anu bisa digarap pikeun pangupa jiwa. Bisa dipelakan paré huma atawa palawija. Sistim ngabagi tanahna, pepelakanana, mangsa melakna, jeung sajabana diatur ku hukum adat masing-masing kampung baé.

Aya tanah garapan adat, aya tanah garapan pribadi. Aya aturanana éta ogé. Anu ngarempak éta aturan, aya anu meunang hukuman saperti diusir ti kampungna, aya ogé anu meunang hukuman sosial lianna, dumasar kana katangtuan adat.

Kiwari mah kawasna geus carang anu maké konsép éta téh. Teu sirikna kabéh leuweung dianggap leuweung garapan. Geus carang leuweung tutupan, kitu deui leuweung titipan.

Dina ayana ogé leuweung tutupan atawa leuweung larangan, teu sabanding jeung leuweung anu geus jadi leuweung garapan sarta nu geus jadi pilemburan jeung wangunan.

Matak pantes mun loba bencana alam téh. Pangpangna caah jeung urug. Jeung hésé cai deuih. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.