Pasar Céplak, Pasar Kulinér di Tatar Sunda

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Kecap “céplak” téh basa Sunda, ngandung harti sora baham (paaduna biwir jeung létah) anu keur barangdahar.

Saenyana dahar bari céplak téh dianggap kurang hadé, dianggap teu sopan. Anu matak sok aya omongan kolot ka budak, “Ari barangdahar téh ulah céplak, teu pantes!”

Tapi anu ngaranna urang Sunda, sakapeung mah hal-hal anu teu meunang téh sok dijadikeun lulucon. Kitu deui jeung kecap “céplak”, dijadikeun ngaran tempat dagang rupa-rupa dahareun, mun ayeuna mah “pasar kulinér”.

Tadina mah bisa jadi, lantaran loba jelema anu barangdahar di dinya, nepi ka kadéngé sora céplakna. Disebut wé “Pasar Céplak”. Moal henteu, tina ocon éta téh.

Pasar Céplak aya di mana-mana. Aya di Garut, Banjar, Tangerang, jeung Purwakarta. Bisa jadi di daérah séjén ogé aya. Malah di Jakarta Timur gé aya, ngan di dinya mah ngaranna jadi “Pasar Ciplak”. Moal salah, éta saharti jeung Pasar Céplak.

Baca Juga:  Indonesia Gencar Tingkatkan Jumlah Wisatawan Mancanegara

Pasar Céplak anu kawilang kahot sarta masih dipertahankeun nepi ka kiwari nya éta Pasar Céplak anu aya di Kabupatén Garut. Disebut kahot, lantaran geus aya ti Jaman Walanda kénéh.

Perenahna di wewengkon Jalan Siliwangi, Garut. Di tengah kota. Rupa-rupa kadaharan dijual di dinya. Ti mimiti kadaharan tradisional nepi ka kadaharan anu kasebut modéren.

Aya gurandil, kelepon, papais, jalabria (gemblong), rakicak, cuhcur, awug, jiwel, putu mayang, bajigur, bandrék, jeung sajabana. Diwuwuhan ku kadaharan kaayeunakeun saperti goréng hayam, saté, soto, mi baso, mi ayam, jeung goréng sangu.

Baca Juga:  DPRD Jabar Minta Pemerintah Keluarkan Data Valid Soal Pembatalan Ibadah Haji

Pasar Céplak di Garut bukana ti soré nepi ka peuting. Kawilang kajojo ogé, malah dijadikeun déstinasi wisata kulinér.

Di Tangerang deuih anu aya Pasar Céplak téh. Perenahna di Désa Kaliasin, Kacamatan Sukamulya.

Sarua di dieu ogé tadina mah pasar kulinér, ngan kiwari geus diwangun jadi pasar modéren ku Pamaréntah Kabupatén Tangerang, dibiayaan ku ABPD Kabupatén Tangerang.

Tah, mun di Purwakarta perenahna di Jalan Kolonél Kornél Singawinata. Baheula mah di hareupeun Statsion Purwakarta. Ieu gé sarua geus aya ti Jaman Walanda, ngan geus euweuh ayeuna mah.

Minangka gagantina, unggal malem Minggu di éta wewengkon sok aya kagiatan wisata kuliner ngaranna “Tjéplak Kulinér Purwakarta”. Saminggu sakali ayeuna mah, teu unggal peuting cara baheula.

Baca Juga:  Kota Tebing Tinggi Akan Gelar PTM, Ini Aturannya

Anu dijualna di dinya kawilang pepek, ti mimiti kadaharan tradisional Sunda nepi ka kadaharan kaayeunakeun. Kaitung kajojo ogé, jadi tempat céplak bari nongkrong.

Di Kota Banjar ogé aya Pasar Céplak téh. Perenahna di Désa Raharja, Kacamatan Purwaharja. Ayana di Lingkungan Randegan II.

Di dieu mah pasar kuliner nu kawilang anyar, ngadeg taun 1980-an. Mimitina mah lantaran loba warga anu ngajual rupa-rupa kadaharan salila bulan puasa.

Tina pasar kulinér Ramadan terus manjang, antukna loba nu daragang unggal poé, sarta sok disebut Pasar Céplak ku urang dinya. Malah kiwari geus dibebenah ku Pemkot Banjar. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.