Srikandi Titisan Déwi Amba, Aslina Awéwé nu Jadi Lalaki

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Dina carita wayang di urang, geus moal aya nu bireuk deui ka tokoh Srikandi mah. Disebut-sebut awéwé anu sakti sarta jago manah, malah jadi pamanggul kaamanan di Madukara, nagara bagian Amarta cangkingan Arjuna.

Srikandi disebut-sebut jadi pamajikan Arjuna, hirup kumbu di Madukara babarengan jeung pamajikan Arjuna séjénna nya éta Dewi Subadra jeung Déwi Ulupi. Ngan teu kacatur boga anak.

Kuatna pangaruh carita wayang di urang, upama aya awéwé anu gedé wawanén sarta bajoang pikeun ngabéla nagara jeung bangsa sok dipapandékeun ka Srikandi.

Tong jauh-jauh, ka Ibu Susi Pudjiastuti, upamana, basa keur jeneng Menteri KKP, loba anu nyebut “Srikandi Indonésia” pédah natrat kawanina enggoning ngajaga laut di urang. Kitu deui ka Susi Susanti basa meunang medali emas badminton putri di Olimpiade 1992.

Tapi upama ngeunteung kana carita aslina mah ti India, aya sababaraha hal anu béda jeung carita wayang di urang téh.

Dina carita aslina anu kauni dina Mahabharata karangan Wyasa, Srikandi téh awéwé, anak Raja Drupada Ahir-ahir jadi lalaki, sangkan bisa milu perang dina Baratayuda, pikeun males pati ka Resi Bisma.

Baca Juga:  Singgung Sosok Pemimpin, Prabowo Subianto: Pintar Ngomong, Pintar Ngeluh, Belum Tentu Bisa Kerja!

Teu kacatur jadi deui awéwé, salila hirupna mah. Srikandi diajar manah ka Arjuna, tapi da henteu kungsi kawin jeung Arjuna, apan harita mah geus jadi lalaki Srikandi téh. Dina Baratayuda Srikandi jadi kusir karéta perang Arjuna dina mangsa ngéléhkeun Bisma.

Anu matak Srikandi hayang males pati ka Bisma, lantaran Srikandi téh titisan Déwi Amba. Ari Déwi Amba, putri Raja Kasi, dulurna Ambika jeung Ambalika.

Basa Raja Kasi ngayakeun saémbara pikeun jodo anak-anakna anu tilu téa, beunang ku Bisma.

Harita Bisma, anu ngaran aslina Déwabrata, milu saémbara keur adina Wicitrawira, anu geus ngadeg raja di Astina. Sabab Bisma mah brahmacari, anu geus jangji moal kawin saumur hirup, sangkan turunanana teu jadi cucuk rungga marebutkeun tahta di Astina.

Ti Nagri Kasi tilu putri téh dibawa ka Astina. Ngan di tengah jelan Déwi Amba wakca, yén manéhna mah geus hahadéan jeung Raja Salya. Déwi Amba dibébaskeun ku Bisma, tinggal duaan anu dibawa ka Astina téh, sarta terus dikawinkeun ka adina, Wicitrawirya.

Déwi Amba datang ka Prabu Salya, tapi ditolak, lantaran Prabu Salya geus éléh dina saémbara ku Bisma, teu pantes satria narima awéwé nu geus jadi boyongan batur.

Baca Juga:  Kejari Purwakarta Berhasil Tagih Rp3,5 Miliar Piutang BPJS Kesehatan

Déwi Amba balik deui ka Bisma, ditolak ku Wicitrawirya sabab teu werat narima awéwé anu geus masrahkeun katineungna ka lalaki séjén.

Antukna Déwi Amba kadungsang-dungsang bari mawa haté nu tunggara. Tuluy baé tatapa di Himalaya, sangkan bisa males pati ka Bisma. Sabab ceuk pangrasana mah Bisma anu ngalantarankeun nasibna kasangsara téh.

Ku gentur-genturna tapa, karepna tinekanan. Engké Déwi Amba bakal nitis ka nu bakal bisa males pati ka Bisma dina Baratayuda. Harita kénéh Déwi Amba nyieun api unggun anu gedé, tuluy ngagebruskeun manéh nepi ka nemahan pati.

Ahirna sukma Déwi Amba nitis ka anak bungsu Prabu Drupada, anu katelah Srikandi téa. Robahna jadi lalaki, lantaran Srikandi maké kongkorong taraté Déwi Amba.

Prabu Drupada kasieunan diambek ku Bisma, antukna Srikandi disingkurkeun ka leuweung. Di leuweung Srikandi ngalakonan tapa brata, nepi ka ahirna robah jadi lalaki.

Aya deui vérsi séjén, cenah lantaran waktu di leuweung, silitukeuran “rarangan” jeung raja raksasa anu sakti, ngaran Stuna (Kandihawa).

Ti harita Srikandi jadi lalaki, teu kacatur jadi awéwé deui, ari lain dina mangsana rék maot mah, da kitu perjangjianana jeung Stuna.

Baca Juga:  Mahfud MD Sampaikan Duka Atas Hilangnya Eril di Sungai Aeree Swiss, Ini Harapannya

Srikandi hirup di Amarta milu jeung lanceukna Drupadi katut Déstajumena, malah diajar manah ka Arjuna. Nepi ka mangsana Mahabarata, Srikandi jadi kusir Arjuna waktu perang tanding jeung Bisma. Tah, harita patina Bisma téh.

Aya pertanyaan, naha dina pawayangan di urang Srikandi téh awéwé tulén? Malah maké jeung boga salaki sagala, kawin ka Arjuna?

Ieu ogé sarua ngahudang rupa-rupa tafsir, anu nimbulkeun lobana vérsi. Awéwé anu jadi lalaki, atawa awéwé anu nyéta-nyéta kalakuan lalaki, henteu luyu jeung kabiasaan di urang.

Aya deui anu nyebutkeun, lantaran awéwé ngarobah “bobogaan” jadi lalaki atawa sabalikna, henteu saluyu jeung ajaran agama Islam. Apan dina hiji mangsa mah, pagelaran wayang téh dijadikan sarana da’wah agama Islam.

Lain Srikandi baé anu dirobah, diluyukeun jeung kapentingan da’wah téh, kaasup soal Drupadi jeung Pandita Dorna (Kombayana), anu ku urang Sunda mah sok disebut Si Ajow.

Keun soal éta mah urang pedar engké deui. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah