Usum Panén di Priangan Baheula

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Baheula mah usum panén téh ukur sataun sakali. Anu matak karasa pisan raména. Ti awalna kénéh waktu paré keur rampak, di sawah mimiti ramé, babakuna kasorénakeun. Mana komo lamun geus konéng mah.

Nu ngoméan saung, nu samang kenca disina ranteng salegana sawah, malah sok aya anu masang bebegig keur nyingsieunan manuk.

Barudak ogé geus araya di sawah. Henteu ngadon ulin wungkul, tapi bari mantuan kolotna. Sok dititah ngagebahan manuk pancénna téh.

Da kitu geuning ari geus mangsana ka usum panén mah, manuk téh datangna sok ngabubuhan. Pangpangna mah piit jeung galatik.

Baca Juga:  Stok Darah Menipis, PMI Kota Bandung Pastikan Donor Saat Pandemi Aman

Lamun breng daratang, barudak sok nyentokan kenca sina oyag kabéh. Biasana dina tungtung kenca téh digantungan kokoprak, awi sabébék-sabébék. Lamun kencana dicentok, awi téh disarada tingkaloprak.

Sok aya anu masang umbul-umbul ogé di sawah téh. Tapi ari prahna mah sok masang kolécér. Tihangna ku awi gombong, nepi ka lima atawa genep méter jangkungna ogé, ditancebkeun teu jauh ti saung.

Mun pareng angin ngahiuk, kolécér téh muih mani lelet, sorana handaruan. Atuh di sawah téh jadi ramé ku téténjoan jeung ku dédéngéan.

Cunduk mangsana dibuat. Anu rék derep geus ngabrul. Lantaran tangkal paréna ogé jarangkung, dialana téh maké étém. Béda deui jeung ayeuna, sanggeus loba tangkal paré parendék, dialana sok maké arit.

Baca Juga:  Info Penting dari BPBD Cianjur untuk Warga di Bantaran Sungai

Paré meunang ngala téh terus dibeungkeutan sapocong-sapocong. Anu matak anu derep téh sok disebut gacong, wancahan tina sasangga sapocong. Maksudna, lamun anu derep meunang paréna sasangga, buruhna téh sapocong.

Paré anu meunang ngageugeus, saméméh diampihkeun ka leuit téh kudu sina garing heula. Sok aya anu digantung-gantungkeun dina lantayan ogé, sangkan kapoé jeung kaangin-angin.

Sanggeus garing dibawa ka lembur, ditanggung baé. Lamun loba mah sok aya anu ditanggung maké réngkong, minangka kamonésanana. Ramé disarada sajajalan.

Baca Juga:  Nelayan Karawang Temukan Lumba-Lumba Mati

Béda jeung ayeuna, paré meunang ngala téh sok sina marurag dina ranggeuyanana.

Carana téh aya anu diirik jeung aya anu digebotkeun. Malah ayeuna mah geus aya anu ku mesin sagala. Diteundeunna ogé dina karung, tara kungsi digeugeus heula.

Atuh ayeuna mah dibawana ogé geus tara ditanggung ieuh. Paré, nu geus jadi gabah, diasupkeun kana karung dipanggulan ka sisi jalan, tuluy dibawa kana motor atawa mobil. Malah tampolana mah geus didagoan ku bandar. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.