Étimologi Basa Sunda (1): Ngaran Kadaharan tina Basa Cina

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Loba ngaran kadaharan kabeuki urang Sunda kiwari anu asalna tina basa deungeun. Ucapanana aya nu angger, aya anu robah diluyukeun jeung létah urang Sunda.

Anu kaitung loba téh anu asalna tina basa Cina. Bisa jadi, lantaran baheula mah urang Cina datang ka urang téh lolobana rék ngaradon usaha.

Ari usahana umumna dina widang kadaharan (kulinér) jeung bahan bangunan. Matak tong anéh upama manggihan kadaharan jeung bahan bangunan anu asalna ti Cina atawa asalna tina basa Cina.

Ayeuna mah urang nataan sawatara ngaran kadaharan atawa bahanna, anu asalna tina basa Cina.

Aci (basa Cina: a chí), tipung ngajadina ku diperes. Kiwari aci jadi bahan rupa-rupa kadaharan saperti kurupuk, cilok, jeung ciréng.

Bacang (basa Cina: bah tsàng), ngaran kadaharan tina béas atawa ketan, dibungkus ku daun hanjuang atawa daun awi, bangunna siga congcot leutik, dieusian daging, jsb. tuluy dikulub.

Bakmi (basa Cina: bah min), kadaharan tina tarigu, wangunna paranjang saperti tali.

Baca Juga:  Pulang Dari Luar Negeri, Seorang Warga Garut Dicurigai Terpapar Virus B117

Bakpia (basa Cina: bah pian), kuéh kering, wangunna buleud rada gepéng, dijieunna tina tarigu, dieusian kacang héjo.

Bapaw (basa Cina: bah pau), sarupa kuéh anu dijieunna tina tarigu, dieusian kacang héjo, kalapa diparud, jeung daging.

Baso (basa Cina: bah so), kadaharan anu dijieunna tina daging, lauk, dicacag dihijikeun jeung aci sarta endog bobodasna, biasana baruleud.

Bawan (basa Cina: bah oan), kadaharan anu dijieunna tina jagong ngora, jsb. dilemeskeun, dicampuran tahu atawa hurang, diadonan ku endog jeung tarigu, terus digoréng.

Bihun (basa Cina: bi hun), emih lemes, rupana bodas, dijieunna tina tipung (béas), sok disebut ogé mihun.

Capcay (basa Cina: tsáp chhài), ngaran kaolahan bangsa Cina.

Cingcaw (basa Cina: chhin chhau), kadaharan siga ager héjo nu dijieun tina daun camcauh, didaharna maké sirop.

Ébi (basa Cina: he bí), udang kering, hurang meunang nyeupan tuluy digaringkeun.

Emi, emih (basa Cina: mih), ngaran kadaharan siga laksa tina tarigu; emih goréngeun sok diringkel-ringkelkeun cara kurupuk aci.

Baca Juga:  Kartun Anti Hoax Banjiri Kontes AMSI Jatim

Kécap (basa Cina: ke chiap), panyari kaolahan jsté. nu dijieun tina cai kacang kadelé diuyahan, digulaan, jsté.

Koaci (basa Cina: koa chi) siki samangka anu digaringkeun jeung diasin.

Kuéh (basa Cina: ku we), ngaran rupa-rupa kadaharan, biasana amis-amis, babakuna anu diadonan maké endog.

Kuétiau (basa Cina: koe tiau), emih anu gepéng tur rubak.

Loték (basa Cina), kadaharan campuran rupa-rupa sayuran saperti kangkung, togé, waluh, kacang panjang, jsb. meunang ngasakan; digalokeun dina coét jeung suuk meunang ngagoréng, bungbuna céngék, uyah, gula, cikur, tarasi.

Lumpia (basa Cina: lun piann), kadaharan sarupa dadar anu dieusian daging, iwung, jsb. digulungkeun tuluy digoréng.

Mihun (basa Cina: min hun), bihun.

Moci (basa Cina: mo ci), ngaran sabangsa kuéh kabeuki bangsa Cina jeung Jepang.

Pangsit (basa Cina: pang sit), ngaran kadaharan Cina sarupa kurupuk.

Sakoteng (basa Cina: su ko theng) ngaran sarupa kadaharan tina aci sampeu sina pasagi sarta dipulas siga siki dalima, ditinyuh ku cigula jeung cipati panas ditambahan ku roti meunang ngeureutan sagedé-gedé dadu.

Baca Juga:  Ini Harapan Pembina Viking dan Bomber

Saté (basa Cina, aya ogé anu nyebutkeun asalna tina basa Tamil: satai), daging dipotongan laleutik, dicolokan, terus dipanggang; bungbuna sambel suuk jeung kécap.

Siomay (bahasa Cina: shumai), kadaharan anu bahanna tina pangsit atawa tahu diselapan adonan lauk tanggiri atawa hurang jeung aci, diseupan tuluy didahar maké bungbu kacang; sok aya nu nyebut ogé baso tahu atawa baso ikan.

Soto (basa Cina: sio to), angeun anu kuahna dimasakna misah, bukurna daging, kentang, goréng bawang, jsb.

Tahu (basa Cina: tau hu), kadaharan tina kadelé, digiling, diseupan, tuluy dicitak.

Tangkuéh (basa Cina: tang koe), manisan anu dijieun tina waluh gedé, jsb.

Tauco (basa Cina: tau chio), kadaharan tina kadelé, sanggeus diseupan tuluy diawétkeun maké uyah. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.