Étimologi Basa Sunda (3): Sayuran jeung Bungbuahan tina Basa Deungeun

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Lain ngaran kadaharan baé anu asalna tina basa deungeun téh. Sayuran jeung bungbuahan ogé loba anu asalna tina basa deungeun.

Sarua jeung ngaran kadaharan, aya anu diserep sagemblengna, aya anu dirobah unina diluyukeun jeung létah bangsa urang.

Loba tatangkalan di urang anu asalna ti nagri deungeun. Datangna ka urang téh aya kana ratusan taun ka tukang. Malah geus asa tangkal anu jadi di urang wé. Ngan bisa dijujut asalna, di antarana ditilik tina ngaranna.

Yu, urang tataan hiji-hijina, di antarana baé ieu mah.

Alpuket (basa Belanda: avocado), ngaran buah nu biasana didaharna digulaan, dipaké bukur sirop, atawa dijus.

Apel (basa Belanda: appel), ngaran sabangsa buah baruleud, sikina leutik nyempil.

Arbén (basa Belanda: Aardbeien), ngaran tutuwuhan anu ngarambat, buahna amis haseum.

Blumkol (basa Belanda: bloomkool), kembang engkol.

Buncis (basa Belanda: boontjes), ngaran sabangsa kacang, siga kacang beureum nu héjo kénéh, tangkalna ngarambat.

Baca Juga:  Seragam Pegawai BPN Rasa TNI, Dilengkapi Baret, Tanda Pangkat hingga Tongkat Komando

Coklat, soklat (basa Belanda: chocolade), 1. ngaran tangkal jeung buahna, sikina sok ditipung kawas kopi, jadi bahan inumeun jeung kadaharan; 2. sabangsa kuéh atawa amis-amis tina tipung coklat maké gula, susu, jsté.

EngkoI (basa Belanda: kool), ngaran sayuran, nu diarah pangpangna daunna nu bodas kénéh, endogna.

Entéh, téh (basa Belanda: thee),1. asalna ti Nagri Cina, ngaran tutuwuhan anu pucukna sok dikokolakeun dijieun téh; 2. bahan inumeun tina pucuk entéh nu geus dikokolakeun sarta digaringkeun cientéh atawa citéh, cai inumeun tina cai panas dicampuran téh.

Ginséng (basa Cina: jin sim), tutuwuhan obat anu asalna ti Asia Wétan, hasiatna dipercaya pikeun ngahudang sahwat.

Kérsen (basa Belanda: kersen), ngaran anu buahna leutil bareureum sarta amis, sok disebut ogé céri.

Kolésom (basa Cina: ko le som), akar anu dijadikeun obat kuat, ginseng.

Baca Juga:  Sambut Ramadhan, Polres Indramayu Amankan Barang-Barang Haram Ini

Kopi (basa Belanda: koffie, basa Inggris: coffee) ngaran tangkal jeung buahna nu sok diseduh jadi inumeun, hasiatna matak seger jeung ngaleungitkeun rasa tunduh.

Kucay (basa Cina: ku chhai), sabangsa sayuran.

Lobak (basa Cina: loh paak), ngaran sayuran sabangsa bit, tapi beutina bodas, sarta panjang, sok didahar atah atawa diasin.

Mélon (basa Belanda: meloen), ngaran buah saperti samangka, jadina di handap.

Ganas (basa Belanda: ananas), ngaran tutuwuhan anu buahna ngacung (ka luhur), siga sisitan sarta bujurna daunan siga buntut, di sawaréh tempat disebut danas.

Panéli (basa Perancis: vanille), angkrék anu buahna seungit, sok dipaké nyeungitan kuéh atawa bako.

Pécay (basa Cina: peh chchai), ngaran sayuran sabangsa jabung, tapi teu nyereng, sarta ti jerona bodas kawas engkol.

Saladah (basa Belanda: salade), tangkal sayuran anu jadi di cai atawa tanah nu basah, sok dipaké lalab.

Baca Juga:  Makna Di Balik Bhayangkara Subuh

Salédri (basa Belanda: selderie), ngaran tutuwuhan anu daunna sok dijadikeun panyari kaolahan, ambeuna seungit.

Sampeu (basa Belanda: cassave), ngaran tutuwuhan nu babari jadi diseték, beutina paranjang rata-rata sagedé leungeun, ngandung aci, sarta sok dijieun rupa-rupa kadaharan saperti katimus, comro, kiripik, oyék, peuyeum, jsté., pucukna sok diseupan.

Sirsak (basa Belanda: zuurzak), di urang sok disebut ogé nangka Walanda, ngaran tangkal jeung buahna anu cucukan pondok sarta hipu, eusina bodas sarta sikian harideung.

Sitrun (basa Belanda: citroen), sabangsa jeruk anu haseum.

Tomat (basa Belanda: tomaat), ngaran tangkal leutik anu umurna teu lila, buahna buleud warna héjo, konéng, atawa beureum; sok dipaké panyari kaolahan.

Togé (basa Cina: tau ge), kacambah sabangsa kakacangan saperti kacang héjo jeung kadelé.

Wortel (basa Belanda: wortel), ngaran sayuran anu warnana konéng semu beureum. (Red)