Penulis: Budi Rahayu Tamsyah
Mun ulin ka Cianjur, tong poho nyobaan géco. Enya géco, wancahan tina togé jeung tauco. Kadaharan anu geus jadi ciri has Cianjur, salian ti tauco. Naon bédana jeung géhu? Loba. Géhu mah togé diselapkeun kana tahu, tuluy digoréng. Ari géco mah, togé jeung kadaharan séjénna dibanjur ku tauco. Nempo saliwat mah géco téh teu béda ti kupat tahu atawa hucap ti Kuningan.
Anu ngabaturan togé dina géco, aya kupat jeung tahu konéng meunang masian, teu béda ti kupat tahu. Ngan dibanjurna ku saos tauco meunang ngokolakeun. Salian ti kupat, bisa ogé diganti ku goréng kentang meunang nyiksik atawa dibarengkeun.
Cindekna mah géco téh diwangun ku kupat meunang ngeureutan, togé meunang ngulub, emih sagu, goréng kentang meunang nyiksik, goréng tahu meunang ngeureutan; tuluy dibanjur ku tauco meunang numis jeung kécap asin, daun bawang, cabé, jeung cuka. Bungbu séjénna, bawang beureum, bawang bodas, laja, jeung gula beureum. Hasilna, duh, piraku teu matak uruy.
Rasa géco jelas jauh bédana jeung kupat tahu. Bisi panasaran mah, pék geura cobaan. Nu dagang géco geus sumebar di sakuliah Cianjur. (Red)
Rubrik Palataran diasuh oleh budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah