Gedong Saté, Adumanis Arsitéktur Indo-Éropah

Penulis: Budi Rahayu TamsyahGedong Saté téh salasahiji wangunan kuno titinggal jaman kolonial Walanda di Kota Bandung. Salasahiji wangunan anu jadi kareueus, lainbaé keur urang Bandung, tapi ogé keur sakumna masarakat Jawa Barat deuih.

Buktina, Gedong Saté mindeng dijadikeun pananda anu miboga ciri mandiri pikeun Kota Bandung jeung Propinsi Jawa Barat. Pokona mah lamun dina hiji kagiatan atawa acara aya gambar Gedong Saté, geus moal salah deui, éta kagiatan atawa acara téh aya patalina jeung Kota Bandung atawa Propinsi Jawa Barat.

Éta wangunan anu cétna bodas téh, perenahna di hareupeun Lapang Gasibu. Dina jaman Walanda disebut Gouvernements Bedrijven anu sok disingget GB. Ku lantaran miboga ciri mandiri anu kawas tiiran saté dina munara puncerna, ku bangsa urang disarebut baé Gedong Saté. Nelah nepi ka kiwari.

Baca Juga:  Pemprov Jabar Siap Pertahankan Status UNESCO untuk Geopark Ciletuh

Gedong Saté kaasup wangunan titinggal sajarah anu kakoncara, lain baé di Kota Bandung jeung Jawa Barat, tapi ogé di sakuliah Indonésia jeung mancanagara deuih.

Gedong Saté mimiti diadegkeun taun 1920, sabada aya rencana mindahkeun puseur dayeuh Pamaréntah Hindia Walanda ti Batavia (Jakarta ayeuna) ka Bandung. Rarancangna beunang hiji tim anu diwangun ku arsiték Ir. J. Gerber, Ir. Eh de Roo, Ir. G. Hendriks, jeung pihak Gementee van Bandung anu dipupuhuan ku VL Slors.

Baca Juga:  Peredaran Miras Kian Marak, Aparat Penegak Hukum Diminta Bertindak

Pangwangunan Gedong Saté ngalibetkeun 2000 pagawé, di antarana 150 urang ahli bongpay (tukang pahat) urang Cina, anu didatangkeun ti Kanton. Ari pagawé séjénna saperti tukang ngaduk, juru ladén, jeung tukang batu, kabéh ogé bangsa urang ti Kampung Sékéloa, Kampung Coblong Dago, Kampung Gandok, jeung Kampung Cibaréngkok, anu saméméhna ngagarap Gedong Sirap (ITB) jeung Gedong Papak (Balé Kota Bandung). Gedong utamana bisa diréngsékeun salila opat taun.

Arsitéktur Gedong Saté kaasup gaya aksitéktur Indo-Éropah, nya éta adu manis antara gaya arsitéktur tradisional Indonésia jeung arsitéktur Éropah. Hartina sanajan arsitékna urang Walanda jeung lulusan Walanda, tapi tetep maliré kana kabeungharan arsitéktur anu aya di urang. Diadumaniskeun jadi gaya arsitektur anu unik sarta dianggap monuméntal.

Baca Juga:  Permudah Pelanggan, PT KAI Terapkan Face Recognition di Daop 3 Cirebon

Éta sababna, Gedong Saté dijadikeun modél sababaraha wangunan anu dijieun ku Walanda. Salasahiji contona adegan bagian hareup Statsion Tasikmalaya.

Dina kamekaran saterusna, Gedong Saté dilegaan deui. Ditambahan ka gigirna. Sanajan kitu, henteu ngarobah kana ciri mandirina nyaéta bagéan utama gedong, anu puncer munarana kawas tiiran saté. (Red)

Rubrik Palataran diasuh oleh budayawan, Kang Budi Rahayu Tamsyah