Mangpaat Lalab anu Kapopohokeun

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Ayeuna mah tong boroning di kota, dalah di pilemburan ogé geus réa anu katarajang kasakit “urang kota”. Upamana baé kasakit jantung, darah tinggi (hiperténsi), gangguan kana liver, gangguan kana sarap, kangker jeung tumor, kencing manis, tug tepi ka stroke. Bisa jadi éta téh dilantarankeun ku kadaharan anu geus kacampuran ku rupaning zat anu matak pibahayaeun.

Kawas anu henteu pira, tapi loba matakna, saperti bungbu pikeun rupa-rupa kadaharan. Apan ayeuna mah urang téh sok ngarasa katinggaleun jaman atawa ngarasa “henteu modéren”, upama henteu ngagunakeun bungbu anu aya patalina jeung MSG (monosodium glutanan).

Padahal pikeun urang Barat mah (Amérika jeung Éropah), geus tara maké deui anu kararitu. Ari urang, anu geus mangabad-abad ngabogaan bungbu kadaharan sorangan, bet tuluy kabéngbat ku bungbu modéren, anu réa kénéh bahayana manan mangpaatna.

Baca Juga:  Omicron Terdeteksi di Cimahi, Ngatiyana: Puncaknya Diprediksi Februari Maret

Bungbu jeung kadaharan urang, hususna urang Sunda, padangajénan jeung padamuji ku urang Barat. Kadaharan séjénna ogé kitu, saperti lalab. Lalab kiwari geus mimiti padamedar, lantaran gedé mangpaatna minangka sumber vitamin C jeung vitamin E, anu aya patalina jeung antioksidan.

Antioksidan téh gunana pikeun nyegah rupa-rupa kasakit anu dilantarankeun ku pencemaran atawa polusi. Ku mahabuna polusi, oksigén anu kacida dipikabutuhna ku urang, bisa robah jadi zat anu dingaranan radikal bébas. Akibatna, bisa ngadatangkeun rupa-rupa kasakit kayaning darah tinggi (hiperténsi), jantung koronér, gangguan sarap, ginjal, liver, tumor, jeung stroke.

Baca Juga:  Resmi Ditunjuk jadi Venue Piala Dunia, Ade Yasin Siapkan Karpet Merah

Aya éta ogé antioksidan buatan pabrik, tapi hargana henteu murah, malah kaitung mahal pikeun masarakat umum mah. Ku kituna, kudu néangan alternatif sumber antioksidan. Euweuh deui anu murah mah, iwal ti anu asalna tina tutuwuhan. Bisa mangrupa sayuran, bungbuahan, jeung lalab.

Ari lalab jeung tutuwuhan anu ngandung vitamin C jeung vitamin E téh, di antarana baé sintrong, génjér, écéng, putat, marémé, antanan, jotang, jongé, pohpohan, kastuba, mamangkokan, imba, baluntas, takokak, roay, salam, kélor, gandaria, jeung katépéng. Mun ditataan kabéh mah masih kénéh loba. Anu jelas, éta lalab jeung tutuwuhan téh kabéh ogé aya di urang sarta sok dijadikeun lalab ku urang Sunda.

Baca Juga:  Pemprov Jabar Targetkan 30 Desa Wisata Baru di Tahun 2020

Lamun seug urang Sunda mikareueus kana warisan karuhunna, nya éta maké bungbu kadaharan Sunda, urang Sunda moal aya anu katarajang kasakit “jaman ayeuna” téa. Ari sababna, dina bungbu kadaharan urang Sunda, paling saeutik ngandung 25 macem bungbu anu asalna tina tutuwuhan. Éta tutuwuhan téh, umumna ngandung hasiat ubar anu kacida matihna pikeun rupa-rupa kasakit “jaman ayeuna”. Mangkaning kasakit “jaman ayeuna” téa, sok matak bahaya baé. (Red)

Rubrik Palataran diasuh oleh budayawan, Kang Budi Rahayu Tamsyah