Papakéan Urang Sunda Ditilik tina Asal-usul Kecapna

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Pakéan urang Sunda kiwari, geus prah baé jeung umumna papakéan anu dipaké di tempat séjén, kaasup di mancanagara. Malah ti baheula, dina lebah papakéan mah, urang Sunda geus kapangaruhan ku budaya deungeun. Di antarana katangen tina asal-usul kecapna.

Urang Sunda geus maké baju. Kecap “baju” asalna tina basa Kawi “waju”, anu hartina pakéan, aya ogé anu nyebutkeun asalna tina basa Walanda “baadje” anu harti asalna “bungkus, amplop”. Kiwari ngandung harti “bungkus awak”.

Baju ogé rupa-rupa. Aya kaméja, jas, piama, jeung sajabana. Kecap “kameja” asalna tina basa Portugis “kemeja”. Ari jas jeung piama, asalna tina basa Walanda.

Jas ku urang Sunda baheula sok disebut “baju potongan” atawa “bedahan”, aya ogé anu disebut “jas tutup”. Supaya gaya sok maké dasi, éta ogé sarua asalna tina basa Walanda “dass”. Piama ogé asalna tina basa Walanda, anu hartina “baju paranti saré”.

Upama keur santéy urang Sunda ogé sok aya anu maké kaos. Aya kaos kurung, kaos sangsang, jeung kaos salontréng. Kaos kurung kiwari leuwih populér disebut T-shirt, ari kaos sangsang leuwih populér disebut singlét. Kecap “kaos” asalna tina basa Walanda “kous”.

Anu rék ka masjid atawa dina acara-acara kaagamaan, loba anu maké baju koko, aya ogé anu nyebut baju takwa. Kecap “koko” asalna tina basa Cina, anu hartina “lanceuk lalaki”.

“Baju koko” ngandung harti “baju si akang” atawa “baju lalaki”. Baju modél kitu taun 1970-an mah kungsi populér disebut “baju shantung”, ngalap kana bahanna anu disebut “kaén shantung”. Ari potonganana, duka kumaha, kudu modél baju koko ayeuna.

Baca Juga:  Bisnis Jual Beli Online Melalui Medsos Menjalar Hingga Pedesaan di Purwakarta

Istilah baju “takwa” ogé ceuk sakaol lain tina basa Arab, tapi tina basa Cina “takoa”. Malah dina Kamus Besar Basa Indonesia (KBBI) mah jelas-jelas disebutkeun baju takwa téh nya éta “baju model Cina, leher tertutup tinggi, belakangnya tidak simetris, berkancing sampai ke leher dan bersaku dua yang terletak pada bagian depan bawah”.

Aya anu nyebut kurang nyari upama maké baju koko teu maké kopéah alias bubudugulan.

Kecap “kopéah” asalna tina basa Arab “kuffiyatun” anu hartina “tutup sirah”. Kana kopéah sok aya anu nyebut péci, éta asalna tina basa Walanda “petje” anu hartina “topi leutik”. Disebut topi leutik sotéh pédah euweuh sorondoyan saperti topi tentara (pet) atawa euweuh rurubakna saperti topi koboy.

Mun rék digawé atawa leumpang, sok maké iket, dudukuy, laken, atawa cetok. Ari laken asalna tina basa Walanda, iket asalna tina basa Kawi. Dudukuy jeung cetok can kapaluruh asal kecapna. Tapi cetok urang Sunda béda jeung cetok urang Jawa atawa urang Kalér.

Cetok urang Sunda mah henteu nyungcung jiga aseupan, tapi di luhurna belenong saperti penclon, sarta sisi-sisina leuwih rubak tibatan cetok urang Jawa. Contona mah anu kiwari masih kénéh sok dipaké ku urang Kanékés (Baduy). Cetok urang Jawa ku urang Sunda mah disebutna dudukuy toroktok, pikeun ngabédakeun jeung dudukuy cetok Sunda.

Anu hayang disebut nyunda, sok maké kamprét. Aya anu maké kamprét modél géléng dagé, aya ogé anu maké kerah. Kawasna, kamprét anu maké kerah mah kapangaruhan ku baju koko. Ngan carang anu maké senting mah, nya éta kamprét modél rompi. Can kapaluruh ti mana asal kecapna. Bisa jadi kamprét téh baju “asli” urang Sunda.

Baca Juga:  Polisi Ungkap Sindikat Pembuatan Uang Palsu di Garut, Nilainya Lebih dari Rp3 Miliar

Cenah kamprét téh aduna jeung pangsi. Kecap “pangsi” asalna tina basa Cina anu harti asalna ngaran kaén nu sok dipaké calana komprang, saperti nu mindeng kasaksian dina pilem-pilem kung fu. Tungtungna jadi ngaran modél calana.

Bisa jadi baheula mah urang Sunda ka handapna maké sontog atawa sarung saperti anu mindeng kasaksian dipaké ku urang Kanékés kiwari. Sanajan maké sarung, lain hartina teu maké nanaon deui, sabab biasana sok maké calana pokék, kolor, atawa cawet lénéng. Mun teu kitu, maké sontog di sajeroeun sarung saperti anu sok dipaké ku urang pasantrén.

Sarung mangrupa pakéan has di Asia. Urang Myanmar jeung Bangladésh upamana, apan nepi ka kiwari loba kénéh anu gégélémbréngan maké sarung sapopoéna, kaasup dina waktu jalan-jalan ka dayeuh.

Kecap “calana” asalna tina basa Kawi, di sawatara wewengkon sok aya anu nyebut “sarung cagak”. Calana téh rupa-rupa. Aya pantalon (tina basa Walanda), aya sontog, calana pokék bogél, jeung sajabana. Istilahna nambahan luyu jeung kamekaran jaman. Aya anu disebut calana cutbray, bray-bray, bégi, kulot, calana pop, calana tréningpak (training park), salémpak (swimming park), hotpén, jeung sajabana.

Ayeuna mah geus carang urang Sunda anu nyékér. Mun teu maké sendal, nya maké sapatu.

Sendal asalna tina basa Inggris (sandals), ari sapatu asalna tina basa Portugis (sapato). Geus jarang anu maké kelom, anu asalna tina basa Walanda (klomp) atawa selop (slof). Sapatu ogé apan rupa-rupa. Aya pantopel (basa Walanda), sapatu kéts, sapatu warior, aya sapatu bigbos anu kungsi populér jaman mahabuna pilem-pilem Bruce Lee.

Baca Juga:  Kasus HW, Yana Mulyana: Wajar Kalau Ada Tuntutan Mati

Anu disebutan di luhur téh umumna papakéan lalaki. Kumaha ari papakéan awéwéna?

Awéwé urang Sunda baheula sok maké kabaya salontréng, mun teu kitu sok maké baju kurung anu sakapeung disebut ogé baju padang. Salontréng méh sarua jeung baju kurung lebah beuheungna. Ngan lebah cangkéngna henteu bebeng kawas baju kurung, tapi disekéng.

Bédana jeung kabaya biasa, kabaya salontréng mah henteu maké létah lebah dadana jeung henteu lahak deuih. Jadi moal nepi ka katémbong harigu. Komo deui maké kutang anu buni nepi ka nutupan handapeun harigu.

Béda jeung bra atawa BH umumna kiwari. BH téh singgetan tina “buste hounder”, basa Walanda anu hartina “pananggeuy susu”, sok diheureuykeun ku urang Sunda jadi “beungkeut harigu”. Ari ka handapna maké samping kebat atawa sarung.

Ari kecap kabaya asalna tina basa Perancis “cabaye”, aya ogé anu nyebutkeun tina basa Parsi “qabai”, basa Walandana “kabaai”. Anu jelas dina kamus-kamus basa Walanda, kabaya téh disebut-sebut mangrupa pakéan awéwé urang Indonésia (pangpangna Sunda jeung Jawa), Malaysia, jeung Singapur. Kabaya ogé loba modélna, salian ti salontréng téh, aya kabaya bandung, aya kabaya encim, jeung sajabana.

Pakéan awéwé Sunda kiwari loba pisan modélna, teu béda jeung umumna awéwé bangsa séjén. Geura baé: aya erok (rok), blus (blouse), erok mini, longdrés (long dréss), sepan (span), yukénsi (you can see), daster, jeung sajabana. Kabéh asalna tina basa deungeun (Walanda jeung Inggris). Ngan kawasna moal aya awéwé Sunda anu leuleumpangan ka pasar maké bikini, ari lain nu eusleum mah. (Red)

Rubrik Palataran diasuh oleh budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.