Sajarah Tahu Cibuntu anu Masih Kénéh Éksis tur Laris

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Umumna urang Sunda mikaresep kana tahu. Malah loba kadaharan anu bahanna ngagunakeun tahu. Geura baé: aya kupat tahu, baso tahu, tahu gejrot, pais tahu, batagor, géhu, hucap, jeung sajabana.

Di unggal wewengkon pasti aya pabrik tahu. Sanajan henteu kabéh kakoncara saperti tahu Sumedang, tahu Lamping di Kuningan, atawa tahu Yun Yi jeung tahu Cibuntu di Kota Bandung.

Tah, ayeuna mah urang nyaritakeun tahu Cibuntu baé heula.

Disebut tahu Cibuntu téh ngalap kana ngaran tempat asal pabrikna, nya éta Kampung Cibuntu anu kiwari kabawah ka Kelurahan Warung Muncang, Kacamatan Bandung Kulon, Kota Bandung. Perenahna teu jauh ti Gerbang Tol Pasirkoja.

Di dinya teu kurang ti 60 pengrajin tahu anu kadata di Kelurahan Warung Muncang. Omzetna nepi ka puluhan juta dina sabulan-sabulanna téh. Lolobana aya di wewengkon anu disebut Blok Tahu.

Baca Juga:  Ini Pesan Presiden Jokowi Soal Merebaknya Virus Corona

Urang dinya mah geus puluhan taun nyarieunan tahuna téh. Geus turun-tumurun. Malah anu ayeuna aya téh bisa disebutkeun generasi katilu.

Mimiti aya pabrik tahu di Cibuntu téh taun 1937. Nu boga alpukahna imigran asal Tiongkok. Datang ka Bandung, matuh di Cibuntu sarta taun éta kénéh nyieun pabrik tahu leuleutikan di Kampung Cibuntu.

Taya nu nyaho saha ngaran anu saenyana, ngan urang Cibuntu mah nyebutna Babah Empé ka éta urang Tionghoa téh.

Sakumaha kécap jeung baso, tahu mémang kadaharan nu asalna ti Tiongkok, medal dina mangsa Dinasti Han. Hartina, éta kadaharan nu asalna tina kadelé téh geus aya ti 2.200 taun ka tukang.

Ngaran tahu asalna tina basa Hokkian nya éta “tauhu” nu ngandung harti kadélé diferméntasi.

Tah, pabrik tahu Babah Empé di Cibuntu lumangsung nepi ka taun 1947, lantaran Babah Empé milih balik deui ka lemburna di Tiongkok.

Baca Juga:  Ridwan Kamil Jajal Kendaraan Listrik Bekas Motor Bebek, Ini Keunggulannya

Ari pabrikna dipasrahkeun ka salahsaurang pagawéna anu satia. Tapi harita mah can loba urang Cibuntu anu aya karep nyieun tahu téh. Ngan aya sababaraha urang baé anu nyieun pabrik tahu leuleutikan, mangrupa “home industry”.

Satemenna urang Tionghoa anu mangsa harita muka pabrik tahu di Bandung téh lain Babah Empé baé. Aya deui Liauw Hon Tjan anu ngadegkeun pabrik tahu Yun Yi taun 1940. Nepi ka kiwari masih kénéh aya, anu perenahna di Jalan Sudirman deukeut Pasar Andir.

Liauw Hon Tjan téh ku urang Cibuntu mah sok disebut nénéhna baé, nya éta Ko Aséng.

Loba urang Cibuntu anu digawé di pabrik tahu Yun Yi, sarta meunang élmu nyieun tahu ti Ko Aséng. Éta anu jadi pangjurung laku urang Cibuntu jadi tukang tahu téh, sarta nyarieun pabrik tahu sorangan.

Baca Juga:  Duh! 432 Orang di Ciamis Terjangkit DBD, 4 Meninggal Dunia

Nepi ka kiwari produksi tahu jadi andelan ékonomi umumna urang Cibuntu. Hasil produksina sumebar ka mana-mana. Henteu ngan saukur di wewengkon Bandung Raya, tapi ogé geus nepi ka Jakarta jeung kota-kota lianna di Pulo Jawa.

Tahu Cibuntu kakoncara lantaran miboga kualitas anu hadé. Anu matak pabrik tahu di Cibuntu teu weléh narékahan ngajaga éta kualitas, sangkan tetep éksis bari angger laris. Komo sabada kiwari loba saéngan mah.

Baheula pabrik tahu di Cibuntu ukur nyieunan tahu bodas sacara manual ngagunakeun kaén. Matak tong kagét mun dina tékstur tahuna aya gurat-gurat tapak kaén.

Tapi kiwari urang Cibuntu ogé nyieunan tahu konéng anu (ku urang Cibuntu mah) disebut “takoah”, lantaran leuwih dipikalandep di pasar. (Red)

Rubrik Palataran diasuh ku budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.