Sisingaan, Seni Hélaran ti Subang anu Ngalanglang Mancanagara

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Disebut Sisingaan mangga, Gotong Singa teu nanaon. Malah aya ogé anu nyebut Singa Dépok. Geus pada apal, éta téh ngaran kasenian hélaran ti Kabupatén Subang. Salasahiji kasenian Sunda anu geus ngalanglang buana nepi ka mancanagara.

Medal tina karancagéan seniman rayat Subang, mimiti nguniang taun 1970-an. Dima’naan jadi simbol perlawanan rayat Subang ka bangsa Walanda jeung Inggris.

Kacatet dina sajarah éta dua nagara anu boga lambang singa téh, ngawasa tanah kontrak Subang ngaliwatan P & T (Pamanoekan & Tjiasem) Land. Anu matak dina pagelaran Sisingaan, tandu sisingaan anu dipanggulna, minimal kudu dua. Teu kaci hiji.

Baca Juga:  Jelang Lebaran, Harga Cabe Masih Mahal

Dina unggal pintonan, biasana hiji singa téh digotong ku opatan sarta ditumpakan ku budak sunat, saurang atawa duaan jeung dulurna. Tuluy diabring-abring mapay jalan ngurilingan lembur.

Dina kamekaranana kiwari, Sisingaan teu ngan ukur dipaké ngabring-ngabring budak sunatan. Tapi dipaké ogé dina hélaran pésta lianna saperti Agustusan, pawéy seni budaya, sukuran, atawa mapag tamu agung.

Parapamaén Sisingaan ngalakukeun rupaning gerakan tari, anu sawaréh diadaptasi tina ibing penca. Di antarana baé gerak pasang atawa kuda-kuda, bangkarét, ancang-ancang, gugulingan, sépakan dua, jeung léngkah mundur.

Saterusna aya gerakan kaél, mincid, éwag, jeblag, puter taktak, géndong singa, nanggeuy singa, angkat jungjung, ngolécér, lambang, pasagi tilu, melak cau, nincak rancatan, jeung kakapalan.

Baca Juga:  Ridwan Kamil Siap Layani Investor pada KTT G-20 di Bali, Begini Komitmennya

Éta gerakan téh dipirig ku tatabeuhan anu waditrana kendang indung, kendang rincik, kulantér, bonang (ketuk), tarompét, goong, kempul, jeung kecrék. Ngamaénkeun lagu-lagu kawih Sunda, boh instruméntalia boh dibarengan ku juru kawih.

Ari lagu-lagu anu biasa dimaénkeunana, di antarana “Keringan”, “Kidung”, “Titipatipa”, “Gondang”, “Kasreng”, “Gurudugan”, “Mapay Roko”, jeung “Mobil Butut”. Terus lagu selinganana seperti “Siyur”, “Tepang Sono”, “Awét Rajét, “Serat Salira”, “Pemuda Idaman”, “Goyang Dombrét”, jeung “Warudoyong”.

Baca Juga:  Gara-gara Terlilit Utang dan Mau Lamaran, Karyawan Asal Serdang Bedagai Ini Nekat Curi Uang Perusahaan

Grup Sisingaan kiwari geus sumebar ka wewengkon lianna saperti ka Karawang, Purwakarta, Sumedang, Indramayu, Bandung, Bekasi, jeung Tangerang.

Ari di Kabupaten Subang aya leuwih ti 200 seniman Sisingaan, anu kacatet. Malah bisa jadi leuwih. Buktina, beuki loba baé pamilon dina Féstival Sisingaan, anu unggal taun diayakeun di Kabupatén Subang.

Sisingaan téh kasenian hélaran, terus mekar dumasar kana karancagéan senimanna. Ayeuna mah dina pagelaran Sisingaan, aya kalana teu ngan ukur ngagotong singa. Ditambahan ku atraksi lianna saperti Jajangkungan jeung bebedilan pepetasan. (Red)

Rubrik Palataran diasuh oleh budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.