Sorabi Héjo Oléh-oléh Karawang ti Rengasdéngklok

Penulis: Budi Rahayu Tamsyah

Sorabi atawa surabi, sarua baé. Kadaharan anu aya di mana-mana, lain di Tatar Sunda baé. Bahanna tina tipung (béas). Anu matak tong anéh upama warnana bodas. Kitu umumna sorabi mah.

Lamun téa mah aya leuwihna, di luhurna maké oncom. Mun teu kitu maké béjod (hampas kécap) saperti anu kapanggih di tukang surabi di sisi Alun-alun Talaga, Majalengka.

Aya anu béda. Ieu mah sorabina pulas héjo. Anu boga alpukahna Bapa Maat Kasim (61), urang Rengasdéngklok, Karawang. Nelah baé sorabi héjo sarta jadi salasahiji oléh-oléh has Karawang.

Baca Juga:  Gagalkan Peredaran Sabu Seberat 20 Kilogram, Dua Orang Diamankan Polisi Bandung

Anu matak jadi héjo téh lain ku ontan, lain ku wantéx deuih. Ieu mah bener-bener héjo alami. Dihéjoanana ku daun pandan. Hasilna, jadi sorabi héjo anu pelem jeung seungit deuih.

Warung sorabi héjo Pa Kasim perenahna di Kampung Kalijaya, Désa Rengasdéngklok Utara, Kacamatan Rengasdéngklok, Karawang. Teu jauh ti “Rumah Bersejarah” Rengasdéngklok.

Ku lantaran warungna pagigir-gigir jeung kuburan, nelah baé “Sorabi Kunti”. Baheula éta mah. Ari ayeuna mah warungna geus dipindahkeun ka peuntaseun kuburan, ka tempat anu leuwih lega.

Pa Kasim mimiti dagang sorabi héjo téh taun 1995, sabada ngalakonan rupa-rupa pacabakan. Tétéla, cenah, hasilna leuwih ti lumayan. Kiwari langgananana kawilang loba, ti rupa-rupa kalangan. Malah aya nu ti mancanagara ogé.

Baca Juga:  Pejabat di Kota Sukabumi Ditangkap Polisi, Ini Kasusnya

Ceuk Pa Kasim, inyana meunang resép sorabi héjo téh ti keur umur salapan taun kénéh. Resépna meunang ti urang Tionghoa, anu disebutna Encék.

Baheula di sabudeureun imahna loba Encék anu sok nyieunan sorabi héjo. Tina mindeng ningalikeun nyieunna, nepi ka bisa nyieun sorangan.

Nya terus wé nyobaan nyieun sorabi héjo sarta didagangkeun di hareupeun imahna. Tétéla loba nu mikaresep.

Baca Juga:  Diduga Korsleting Listrik, Dua Kios di Pasar Kosambi Kota Bandung Terbakar

Sorabi héjona terus dimekarkeun, kiwari aya dua rasa: rasa kadu jeung rasa gula beureum anu disebut kinca. Méméh dihuapkeun, sorabi dicoélkeun kana kinca, rék rasa kadu, rék rasa gula; éta mah kumaha karesep baé. Sarua pédona.

Sanajan di warungna aya tulisan “Tidak Buka Cabang di Tempat Lain”, tapi kiwari di Karawang geus loba anu dagang sorabi héjo. Malah di Bekasi jeung Jakarta ogé geus aya anu dagang surabi héjo téh. (Red)

Rubrik Palataran diasuh oleh budayawan Sunda, Kang Budi Rahayu Tamsyah.